Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

STS Bahasa Sunda 9

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Salahsahiji pakeman basa dina wangun kalimah anu ngandung harti babandingan mangrupa pepeling atawa palasipah hirup nyaeta ….

a)

babasan

b)

paribasa

c)

kila-kila

d)

kapamalian

2.

Salahsahiji pakeman basa dina wangun kecap kantetan atawa frasa anu ngandung harti injeuman mangrupa kaayaan atawa pasipatan jalma disebut ….

a)

babasan

b)

paribasa

c)

kila-kila

d)

kapamalian

3.

Babasan jeung paribasa salian ti ngamamanis basa oge mibanda pungsi … seusi carita.

a)

ngahijikeun

b)

ngajentrekeun

c)

ngantebkeun

d)

ngadumaniskeun

4.

Di antara ungkara di handap ieu, anu henteu ka asup kana babasan nyaeta ….

a)

atah anjang

b)

hulu peutieun

c)

hejo carulang

d)

hade gogog, hade tagog

5.

Ciri-ciri paribasa di antarana …

a)

sipatna ngabandingkeun, ngumpamakeun, jeung mapandekeun

b)

unsur-unsurna dalit, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta mibanda harti injeuman

c)

unsur-unsurna anggang, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta mibanda harti injeuman

d)

unsur-unsurna anggang, ngaliwatan proses ngararangkenan, sarta mibanda harti injeuman

6.

Jalma anu tartib migawe hiji pagawean mapay ti handap, keuna ku paribasa ….

a)

adat kakurung ku iga

b)

nete taraje nincak hambalan

c)

dihin pinasti anyar pinanggih

d)

landung kandungan laer aisan

7.

Jalma anu ngarasa pangalusna atawa pangbenerna, keuna ku paribasa ….

a)

gede hulu

b)

teu uyahan

c)

asa ditonjok congcot

d)

asa aing uyah kidul

8.

Di handap ieu kaasup rupa-rupa paribasa, iwal ti ….

a)

paribasa sipat jalma

b)

paribasa wawaran luang

c)

paribasa panyaram lampah salah

d)

paribasa pangjurung laku lampah hade

9.

Pakeman basa kaasup salahsahiji kabeungharan basa jeung budaya Sunda, sabab ….

a)

warisan ti bangsa sejen

b)

hasil pamikiran urang deungeun

c)

mangrupa pamikiran seuweu-siwi

d)

hasil karancagean karuhun urang Sunda

10.

Carita karuhun anu ngagambarkeun kaayaan atawa pasipatan hiji tempat anu dibalibirkeun dina jaman anu bakal kasorang, disebut ….

a)

uga

b)

kila-kila

c)

babasan

d)

cacandran

11.

Ulah diuk dina lawing panto bisi nongtot jodo!

Ungkara di luhur ka asup conto ….

a)

uga

b)

cacandran

c)

babasan

d)

kapamalian

12.

Di handap ieu mangrupa conto larapna babasan anu merenah dina hiji kalimah, iwal ti ….

a)

Guru ge lieureun nyanghareupan Dadi mah sabab bodo kawas kebo

b)

Iteung mahi h bodo katotoloyoh, matak pikakeuheuleun nu ngalatih

c)

Ari jadi budak teh ulah sok bodo alewoh, tanya ka guru mun aya nu teu ngarti mah

d)

Preman anu panggalakna teh ayeuna mah jadi tukang sayur di pasar sabab geus babalik pikir

13.

Pakeman basa hartina ….

a)

basa anu dirakit tur bibanda harti husus

b)

mamanis basa hasil karancagean kolot baheula

c)

ungkara anu geus matok jeung unsur-unsurna dalit

d)

susunan kecap anu geus matok sarta miboga harti husus

14.

Di handap ieu nu teu kaasup kana pakeman basa nyaeta ….

a)

kila-kila

b)

babasan

c)

cacandran

d)

sisindiran

15.

Pangna pakeman basa disebut geus matok teh nyaeta ….

a)

sabab teu meunang dibere rarangken

b)

sabab teu meunang disalah hartikeun

c)

sabab geus jadi katangtuan ti karuhun urang Sunda

d)

sabab teu meungan dileuwihan atawa dikurangan kecapna

16.

Kecap pakem dina ungkara "pakeman basa" bisa dihartikeun nyaeta ….

a)

maneuh

b)

angger

c)

tetep

d)

poko

17.

Ciri-ciri babasan wangun kantetan di antarana ….

a)

unsur-unsurna dalit, ngaliwatan proses ngararangkenan, sarta mibanda harti injeuman

b)

unsur-unsurna dalit, diwangun ku dua kecap atawa leuswih, sarta mibanda harti injeuman

c)

unsur-unsurna anggang, diwangun ku dua kecap atawa leuwih, sarta mibanda harti injeuman

d)

unsur-unsurna anggang, ngaliwatan proses ngararangkenan, sarta mibanda harti injeuman

18.

Ungkara ulah diuk dina bantal bisi bisulan, kaasup conto pakeman basa ….

a)

uga

b)

kila-kila

c)

paribasa

d)

kapamalian

19.

Anu henteu kaasup harti tina ungkara Bandung heurin ku tungtung nyaeta ….

a)

Bandung dina kamekaranana bakal padet

b)

Bandung dina kamekaranana bakal ngaleutikan

c)

Bandung dina kamekaranana bakal loba wangunan

d)

Bandung dina kamekaranana bakal loba nu nyicingan

20.

Mola mere sanajan loba duitna ge, da Nani mah katelah jalma ….

a)

gede hulu

b)

beurat birit

c)

buntut kasiran

d)

ngabuntut bangkong

21.

Pakeman basa anu matalikeun totonden alam kana naon-naon anu bakal jadi kajadian disebut ….

a)

uga

b)

kila-kila

c)

cacandran

d)

caturangga

22.

Sagala rupa kajadian geus ditangtukeun ku Allah Subhanahu wa Ta'ala mangrupakeun harti tina paribasa ….

a)

adat kakurung ku iga

b)

nete taraje nincak hambalan

c)

dihin pinasti anyar pinanggih

d)

landing kandungan laer aisan

23.

Ulah sok nitipkeun duit ka budak eta, pan maneh nyaho si eta teh sok puak-paok!

Paribasa anu cocog pikeun kalimah di luhur, nyaeta ….

a)

owah gingsir

b)

tinggar kalongeun

c)

mihape hayam ka heulang

d)

meungpeun carang ku ayakan

24.

Di handap ieu nu kaasup conto babasan, iwal ….

a)

pucuk awian

b)

kokolot begog

c)

tinggar kalongeun

d)

tiis ceuli herang mata

25.

Paribasa anu eusina ngabrehkeun pangalaman di masarakat anu geus lumrah sarta jadi bahan picontouen babandingan hirup disebut ….

a)

panyaram

b)

pangrujung

c)

wawaran luang

d)

jawaban bener kabeh