Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

STS BAHASA SUNDA SMT 2

Total questions: 40

Worksheet time: 33mins

Name
Class
Date
1.

Comro teh wancahan tinu …

a)

Amis di jero

b)

Oncom di jero

c)

Aci digoreng

d)

Aci dicolok

2.

Bahan utama pikeun nyieun comro nyaeta …

a)

Kalapa

b)

Bawang bodas

c)

Sampeu

d)

Surawung

3.

Bungbu jang nyieun comro nyaeta …

a)

Sampeu

b)

Oncom

c)

Katuncar

d)

Rendang

4.

Sampeu diperes tuluy cipatina dipiceun sangkan comrona …

a)

Ngeunah

b)

Garing

c)

Teu gaaleun

d)

Jadi Loba

5.

Bungbu nu kudu direndos nyaeta …

a)

Katuncar jeung bawang daun

b)

Uyah jeung surawung

c)

Bawang bodas jeung katuncar

d)

Sampeu jeung gula

6.

Mun ngagoreng comro dinu minyak nu teu ngeueum bakal …

a)

Asakna teu rata

b)

Tereh tutung

c)

Minyak jadi nyataan

d)

Comrona teu ngeunah

7.

Galokeun parudan sampeu jeung kalapa.

Kecap galo dinu kalimah di luhurhartina …

a)

Dicaian

b)

Dihijikeun

c)

Diparud

d)

Diasakkeun

8.

Kecap cipati ngandung harti …

a)

cai dawegan

b)

kalapa

c)

cai bodas

d)

santen

9.

Cokot sakeupeul adonan sampeu jeung kalapa.

Kecap sakeupeul dinu kalimah di luhur nuduhkeun ukuran …

a)

Suku

b)

leungeun

c)

ramo

d)

cingir

10.

Ngarendos katuncar jeung uyah make …

a)

Lisung jeung halu

b)

Coet jeung mutu

c)

Blender

d)

Saron jeung goong

11.

Sok paur hujan ageung teras caah.

Kecap caah hartina …

a)

Taneuh anu murag ti luhur

lamping gunung

b)

Oyagna bumi lantaran aya

gunung bitu atawa aya

parobahan ti jero bumi

c)

Datangna hujan tapi aya sorot

panon poe

d)

Cai nu teu kaserep ku taneuh

jadina ngeueum imah jeung

sajabana

12.

Pasosonten langit di luar ceudeum.

Kecap ceudeum nandakeun langit warnana …

a)

Semu hideung

b)

Bodas nyacas

c)

Bulao

d)

Hejo

13.

Warga nu lemburna kacaahaan biasana sok…

a)

Caricing

b)

Ngala lauk

c)

Ngarojay

d)

Ngungsi

14.

Lamun gunung bitu biasana sok aya …

a)

Samagaha

b)

Angin

c)

Hujan

d)

Lini

15.

Hujan badag anu dibarengan ku angin ngagelebug, disebutna …

a)

Hujan es

b)

Hujan angin

c)

Hujan ngagebret

d)

Hujan ngaririncik

16.

Kacang panjang salah sahiji...

a)

Sayuran

b)

Bubuahan

c)

lalabeun

d)

beubeutian

17.

Bahan ker nyieun bala-bala...

a)

Tahu jeung toge

b)

aci jeung tempe

c)

sampe jeung oncom

d)

engkol,wortel jeung tarigu

18.

Sinonim dina kecap "Isukan" nyaeta ...

a)

Enjing -enjing

b)

Enjing

c)

Pageto

d)

Mangkukna

19.

Faiq keur ngadahar moci. Moci kadaharan ti...

a)

Cianjur

b)

Sukabumi

c)

Garut

d)

Subang

20.

Fazila jajan tahu gejrot,tahu gejrot kadaharan ti...

a)

Cirebon

b)

Cianjur

c)

Garut

d)

Sukabumi

21.

Titin.........ari maneh teh ceurik ?

a)

Kunaon

b)

Iraha

c)

Kumaha

d)

Naon

22.

Rajin olahraga teh penting, keur miara

a)

kabersihan

b)

Kasehatan

c)

Kabodoan

d)

Kakotoran

23.

Kumaha kadaharan anu sehat teh

a)

4 sehat 5 sempurna

b)

Kotor

c)

Anu ngeunah

d)

Anu Ku laleur

24.

Ngajarkeun kawih Sunda ka barudak ayeuna kacida héséna lantaran

a)

barudak ngora loba ulin

b)

barudak ngora kurang sumanget kana diajar

c)

barudak ngora ayeuna daya juangna kurang

d)

barudak ngora jarang gadéngékeun / némbangkeun kawih Sunda

25.

Tukang mariksa nu gering di sebutna

a)

Dukun

b)

Dokter

c)

Petani

d)

Nelayan

26.

Gambar bungbuahan di sisi ngandung zat ... .

a)

protein

b)

karbohidrat

c)

vitamin

d)

mineral

27.

Mun loba teuing ngadahar kadaharan di handap bisa ngabalukarkeun nyeuri huntu.

Gambar kadaharanna nyaeta ... .

a)
b)
c)
d)
28.

Hiji cara sangkan hawa seger asup ka jero imah nyaeta ... .

a)

di jero imah kudu make seuseungitan

b)

jandela imah kudu remen dibukakeun unggal isuk-isuk

c)

nyetel kipas angin

d)

melak tatangkalan di hareupeun imah

29.

nyimpen duit sesa atawa ngahaja nyimpeun duit dina wadah, ngaranna ... .

a)

nyengcelengan

b)

simpenan

c)

neundeun poho

d)

nabung di bang

30.

galak - sok - Jang - ka batur - ulah

Susunan kalimah nu merenah keur kecap-kecap di luhur nyaeta ... .

a)

Ka batur sok galak, ulah Jang !

b)

Ulah sok galak ka batur, Jang !

c)

Jang, ulah galak ka batur sok !

d)

galak ka batur sok ulah, Jang !

31.

Kadaharan khas ti daerah Cianjur, nyaeta ....

a)

tauco

b)

kalua

c)

bibika ambon

d)

dodol

32.

12. Di kelas lima kudu dibiasakeun getol diajar.

Kecap sipat nu aya dina éta kalimah nyaéta …

a)

kelas

b)

getol

c)

kudu

d)

diajar

33.

kutan Albie teh gering paingan ....

a)

teu sakola

b)

sakola

c)

huhujanan

d)

ulin wae

34.

kutan maung teh galak paingan...

a)

dipiara

b)

dipikaresep

c)

pada mikasieun

d)

diarusapan

35.

atuh da tara mandi, nu matak...

a)

budug

b)

sengit

c)

lintuh

d)

sehat

36.

atuh da galak,nu matak ...

a)

teu dibaturan

b)

teu boga dahareun

c)

teu boga duit

d)

dipikaresep

37.

Parabot paranti ngagoreng nyaeta..

a)

Lisung

b)

Panci

c)

Gelas

d)

Katel

38.

Parabot paranti ngawadahan sangu...

a)

Ember

b)

Gelas

c)

Panci

d)

Boboko

39.

Bajigur salah sahiji...

a)

Dahareun

b)

Inumeun

c)

Sayuran

d)

Bubuahan

40.

Di handap ieu mangrupakeun beubeutian,kecuali...

a)

Taleus

b)

Sampeu

c)

Hui

d)

Cau