NEW
Font size
WorksheetsUTS 10
Total questions: 15
Worksheet time: 30mins
Ari dina jenisna (genréna) mah, sajak sarua jeung ......
pupuh, pupujian, dongéng
pupuh, sisindiran,
novél
pupuh, dongéng, novél
pupujian, dongéng, sisindiran
pupuh, pupujian, sisindiran
Hayu urang diajar basa Sunda!
Eta kalimah mangrupa kalimah parentah.......
Panitah
Pangjurung
Pangharepan
Panyarek
Pangajak
Mugia waé abdi tiasa kuliah di Universitas Indonésia!
Eta kalimah mangrupa kalimah parentah.......
panitah
pangjurung
pangharepan
pangajak
panyarék
Néni, pangmésérkeun minyak goreng saliter!
Eta kalimah mangrupa kalimah paréntah.......
panitah
pangjurung
pangharepan
panyarék
pangajak
Hadéna mah urang téh nurut kana papatah kolot!
Eta kalimah mangrupa kalimah paréntah.......
panitah
pangjurung
pangharepan
panyarék
panitah
Ulah huhujanan bisi udur!
Eta kalimah mangrupa kalimah paréntah.......
panitah
pangjurung
pangharepan
panyarék
pangajak
Ku éndah laut
Lauk ngibing sela-sela lukut
Ku éndah pagunungan
Manuk ngelak dina dahan
Kecap "laut jeung lukut" ogé "pagunungan jeung dahan" mangrupa conto padeukeutna sora basa nu disebut ......
pilihan kecap (diksi)
tipografi
gaya basa
purwakanti
citraan (imaji)
Bulan imut
Ngangkleung di langit
Bulan ulin di buruan
Kecap "Bulan ulin di buruan" téh mangrupa gaya basa ......
lalandian (métafora)
rarahulan (hiperbola)
rautan (eufimisme)
mijalma (personifikasi)
kadalon (pléonasme)
Ayem putu Geusan Ulun
Kaula Surianagara
Nu geus ngalalana ka congkar rasa
Leuwih hadé mandi getih nguyup getih
Manan migawé nu teu sapuk jeung lelembutan
Eta sajak téh némbongkeun sikep Pangéran Kornél anu ......
Wani narohkeun pati pikeun ngabéla bebeneran
Taya kawani pikeun ngabéla bebeneran
Bébéakan ngabéla pamaréntah
Wani narohkeun pati pikeun ngabéla penjajah
Gedé kawanina pikeun ngabéla penjajah
Sajak téh diwangun ku adegan lahir jeung adegan batin. Nu teu kaasup kana adegan lahir nyaéta ......
tipografi
pilihan kecap (diksi)
citraan (imaji)
purwakanti
amanat
Sajak nyaéta karya sastra dina wangun puisi ........
puisi buhun nu ngawujud lalakon
puisi modérn
puisi tradisional
puisi buhun nu teu ngawujud lalakon
puisi buhun
LEMBUR KURING
Endah pisan lembur kuring
Disawang ti kaanggangan
Biru paul pagunungan
Kasimbutan ku halimun
Jejer/téma tina éta sajak nyaéta ngeunaan .........
sosial
kaéndahan alam
silih asih
kaagamaan
budaya
PEUTING MALIOBORO
Ka dieu kuring rék reureuh
Sanggeus mangtaun-taun ngaligeuh
Tina sagala kacangcaya
Tina sagala padungdengan cinta
Rék ngarereb masing anteb
Jejer/téma tina éta sajak nyaéta ngeunaan .........
Kaagamaan
budaya
kaéndahan alam
silih asih
sosial
Imaji (citraan) nyaéta gambaran anu karasa, kadéngé, atawa katempo dina hiji sajak. Dina sajak "Tanah Sunda '78" kecap anu ngandung unsur imaji nyaéta ......
kamari
tilem ku mangsa
ilang musna
suling jeung jentréng kacapi
kiwari
Sajak nu alus téh gumantung kana kecap-kecap anu dipaké ku panyajakna. Biasana sok kapanggih kecap-kecap nu jarang dipaké dina sapopoéna. Contona kecap asih/cinta diganti ku duriat, sedih diganti ku tunggara. Hal saperti kitu téh disebut ..........
tipografi
pilihan kecap (diksi)
gaya basa
purwakanti
citraan (imaji)
