wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Materi Sajak Sunda

Total questions: 10

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Salahsahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), tapi teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada disebutna......

a)

pupuh

b)

sajak

c)

guguritan

d)

sisindiran

e)

wawangsalan

2.

Upama ditilik tina eusina, sajak téh bisa dibédakeun antara sajak épik jeung sajak lirik. Mana conto sajak anu kaasup sajak épik.......

a)

Tanah Sunda (Ajip Rosidi)

b)

Yatim (Étti R.S.)

c)

Pucuk Paré (Nazarudin Azhar)

d)

Jante Arkidam

(Ajip Rosidi)

e)

Do'a (Apip Mustopa)

3.

Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung kalimah disebutna......

a)

kecap nyata

b)

wirahma

c)

wirasa

d)

gaya basa

e)

purwakanti

4.

Sajak anu eusina leuwih kana ngébréhkeun rasa jeung pikiran panyajakna, teu miboga carita atawa lalakon nu dicaritakeunna, jeung sipatna leuwih subjéktif kaasup kana jenis sajak.......

a)

sajak épik

b)

sajak lirik

c)

sajak panjang

d)

sajak lalakon

e)

sajak kauger

5.

Hujan di buruan

Lain cimata

Tapi kakelar anu tinggarendang

Na daun-daun pandan

Sempalan sajak diluhur upama ditilik tina adegan lahir purwakanti, kaasup kana purwakanti....

a)

a-a-a-a

b)

a-i-a-i

c)

an-a-ang-an

d)

a-u-i-a

e)

ang-ang-ang-ang

6.

Ieu di handap anu teu kaasup kana adegan batin sajak, nyaéta......

a)

jejer

b)

rasa

c)

purwakanti

d)

wirahma

e)

amanat

7.

Diantara conto sajak di handap ieu, mana anu kaasup kana sajak lirik...........

a)

Pucuk Paré (Nazarudin Azhar)

b)

Janté Arkidam

(Ajip Rosidi)

c)

Kéan Santang (Yus Rusyana)

d)

Kahirupan Ma Anah

(Eddo S.Y)

e)

Madraji

(Ajip Rosidi)

8.

Sajak "Janté Arkidam" nyaritakeun ngeunaan.......

a)

Lalakon hiji buronan polisi

b)

Kanyaah ka kolot

c)

Kasedih ditinggalkeun ku kolot

d)

Alam jeung kaendahanna

e)

Kahayang ngajaga lemah cai

9.

Sajak téh kaasup kana wangun ugeran. Lantaran wangunna ugeran, sajak téh diwangun ku........

a)

padalisan (baris) jeung pada (bait)

b)

lancaran

c)

guru lagu jeung guru wilangan

d)

cangkang jeung eusi

e)

diksi jeung purwakanti

10.

Di dieu kuring ngahening

'na tangkeupan peuting tingtrim

Bari nyangsaya 'na dada kota

Diayun-ambing lagu tresna langgam Jawa

Galindeng halon tedak karaton

Nyingraykeun lalangse muka lalakon

Upama ditilik tina wangunna, sempalan sajak di luhur diwangun ku....

a)

1 pada

6 padalisan

b)

2 pada

5 padalisan

c)

1 pada

7 padalisan

d)

2 pada

3 padalisan

e)

6 pada

1 padalisan