wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN SOAL SAT BAHASA SUNDA KELAS 4_2024-2025

Total questions: 35

Worksheet time: 26mins

Name
Class
Date
1.

"Lampah goreng nu hese dileungitkeun"

Paribasa anu sesuai jeung kalimah di luhur nya eta ....

a)

Adat kakurung ku iga

b)

Adean ku kuda beureum

c)

Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

d)

Cul degdog tinggal igel

2.

Tadi .... abdi mondok di imah Nini.

a)

Isuk-isuk

b)

Siang

c)

Pasosore

d)

Wengi

3.

Sayuran wortel mangfaatna pikeun ngajaga kasehatan ....

a)

Jantung

b)

Mata

c)

Lambung

d)

Rambut

4.

Dihandap ieu alat anu cocok dipake olahraga jogging nya eta ....

a)

Bakiak

b)

Sendal

c)

Sapatu

d)

Tarompah

5.

Anu kaasup cara ngajaga kasehatan dina kahirupan sapopoe nya eta ....

a)

Loba begadang jeung mikir

b)

Loba dahar mie jeung kadaharan instan

c)

Loba nginum kopi unggal poe

d)

Loba olahraga jeung milih kadaharan nu sehat

6.

Anu sok mere resep obat keur anu gering nya eta ....

a)

Dokter

b)

Pamayang

c)

Patani

d)

TNI

7.

Kecap anu hartina sarua jeung "keueung" nya eta ....

a)

Inget

b)

Inggis

c)

Paur

d)

Waas

8.

Baju adat digigir asalna ti daerah ....

a)

Bali

b)

Betawi

c)

Papua

d)

Sunda

9.

Kecap anu fungsina keur ngantetkeun atawa ngahubungkeun kecap atawa kalimah nya eta ....

a)

Kecap pananya

b)

Kecap panyeluk

c)

Kecap pangantet

d)

Kecap rarangken

10.

Dina ngalestarikeun budaya dilarang/ dicarek pisan ngagogoreng budaya nu sejen.

Kecap dilarang/ dicarek sarua hartina jeung ....

a)

Digelar

b)

Dijaga

c)

Dipahing

d)

Disinglar

11.

Isuk-isuk Mang Irfan indit ka sakola.

Kecap pangantet dina kalimah di luhu nya eta ....

a)

Di

b)

Dina

c)

Ka

d)

Kana

12.

Tiap suku bangsa kudu silih riksa tur silih ajenan, sangkan hirup ....

a)

Tetep akur

b)

Tetep masalah

c)

Tetep sorangan

d)

Tetep musuhan

13.

Jalma anu kudu boga pakasaban nya eta ....

a)

Budak

b)

Dewasa

c)

Kolot

d)

Sagala umur

14.

Cara nulis angka dina kalimah "Lima puluh genep rebu tujuh ratuh dua puluh lima rupiah" nya eta ....

a)

Rp. 65.725,00

b)

Rp. 65.750,00

c)

Rp. 56.725,00

d)

Rp. 56.750,00

15.

"Tukang cukat-cokot"

Babasan anu saluyu jeung kalimah diluhur nya eta ....

a)

Amis budi

b)

Gede hulu

c)

Panjang leungeun

d)

Panjang lengkah

16.

Sangkan bisa ngahontal cita-cita anu dipikaharep. Urang kudu ....

a)

Miceun elmu

b)

Nyiar elmu

c)

Neang harta

d)

Miceun harta

17.

Sateucan angkat damel, pun rama kedah .... heula supados teu salatri.

a)

Dahar

b)

Eumam

c)

Neda

d)

Tuang

18.

Dihandap ieu anu kaasup pangabutuh utama nya eta ....

a)

Dahareun

b)

Emas

c)

HP

d)

Motor

19.

Kaendahan alam Indonesia geus kasohor ka Mancanegara.

Kecap kasohor saharti jeung ....

a)

Kaanteur

b)

Kapedar

c)

Karasa

d)

Kawentar

20.

Urang salerea nu rumasa warga nagara Indonesia wajib .... kaendahan alam Indonesia

a)

Ngabebetah

b)

Ngagunakeun

c)

Ngamumule

d)

Ngarasakeun

21.

Lamun poe ayeuna Jumat, mangkukna ti poe Jumat nya eta poe ....

a)

Senen

b)

Salasa

c)

Rebo

d)

Kemis

22.

Sora lamun keketrok panto nya eta ....

a)

Dor, dor, dor

b)

Teng, teng, teng

c)

Trang, trang, trang

d)

Trok, trok, trok

23.

Urang kudu ngajauhan babaturan anu sok cubak-cabok atawa tunggal-teunggeul.

Babasan anu hartina sarua jeung kalimah anu di garis bawahan nya eta ....

a)

Adigung adiguna

b)

Hampang birit

c)

Hampang leungeun

d)

Panjang leungeun

24.

Abdi mah tos lapar, bade .... ti payun we.

Kecap anu bener keur ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

Emam

b)

Neda

c)

Nyatu

d)

Tuang

25.

Nuliskeun duit saratus dua puluh lima rebu rupia nya eta ....

a)

Rp 105.000,00

b)

Rp 115.000,00

c)

Rp 125.000,00

d)

Rp 135.000,00

26.

Sangu anu geus diseupankeun di wadahan .... boboko.

Kecap pangantet

a)

Di

b)

Ka

c)

Kana

d)

Tina

27.

Di handap anu teu kaasup pakasaban di sakola nya eta ....

a)

Dokter

b)

Guru

c)

Padagang

d)

Penjaga sakola

28.

Sikep anu kudu ditunjukkeun antar suku bangsa nya eta ....

a)

Saling ngahina

b)

Saling nyalahkeun

c)

Saling ngahargaan

d)

Saling hare-hare

29.

Sikep anu kudu dipigoba sangkan boga pakasaban nya eta ....

a)

Males jeung disiplin

b)

Disiplin jeun jujur

c)

Semangat jeung males

d)

Semangat jeung bohong

30.

Kamari bapak .... ti kantor siang keneh.

Kecap anu bener keur ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

Balik

b)

Mulih

c)

Uih

d)

Wangsul

31.

Di handap ieu anu teu kaasup olahraga anu alus keur keluarga nya eta ....

a)

Jalan santai

b)

Senam

c)

Sapedahan

d)

Panjat tebing

32.

Guru tugasna ngajar murid di sakola.

Lamun juru rawat tugasna ....

a)

Markirkeun mobil

b)

Ngarawat nu gering

c)

Ngarawat kolot

d)

Ngala lauk

33.

Saacan lebet ka ruang komputer, Alya ngarapikeun sapatuna dina rak sapatu.

Kecap pangantet di luhur nya eta ....

a)

Di

b)

Dina

c)

Ka

d)

Kana

34.

Babasan "Bodo alewoh" hartina jalma bodo tapi daek tatanya

Sedengkeun "Adat kakurung ku iga" hartina ....

a)

Adat anu hese diubah

b)

Gaya ku barang batur

c)

Nyombongkeun katuranan atawa nilai

d)

Resep ngabuka rahasia atawa aib batur

35.

Anu teu kaasup seler bangsa di Indonesia nya eta ....

a)

Aborigin

b)

Batak

c)

Minang

d)

Sunda