Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ujian Sekolah Bahasa dan Sastra Sunda

Total questions: 30

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Titénan téks ieu !

Éling-éling dulur kabéh

ibadah ulah campoléh

beurang peuting ulah weléh

bisina kaburu paéh

téks éta kaasup kana jenis ….

a)

sajak

b)

pupuh

c)

kawih

d)

pupujian

2.

Ibadah ulah campoléh. Kecap campoléh ngabogaan harti anu sarua jeung ….

a)

hararésé

b)

lalawora

c)

kaliwat

d)

kapaksa

3.

Ngalarapkeun tanda koma anu bener aya dina kalimah …

a)

Sumber énergi mahal, ulah dihahambur.

b)

Solar premium, jeung minyak tanah téh kaasup bahan bakar minyak.

c)

Jadi ulah ngahurungkeun lampu, beurang-beurang boros listrik!

d)

Blénder, mixer jeung kulkas, téh mangrupakeun barang éléktronik.

4.

Jalma anu ngabogaan kaahlian nyieun barang tina beusi, kayaning péso jeung pacul nyaéta ….

a)

kusir

b)

panday

c)

nayaga

d)

panjunan

5.

Aya tokoh Sunda nu wani pisan ngalawan penjajah, nepi ka dilandi Si Jalak Harupat. Malah ngaran Si Jalak Harupat ayaeuna dijieun ngaran stadion di Kabupatén Bandung. Éta tokoh téh nyaéta ….

a)

KH. Anwar Musaddad

b)

KH. Zaenal Mustofa

c)

KH. Choer Affandi

d)

Otto Iskandar Dinata

6.

Baca sajak ieu!

Gunung nu ngalamuk paul

Kiwari turundul gundul

Kakayon tumuwuh subur

Kari tunggul nu parentul

Dituaran digadabah

Ku jelema nu sarakah

Kasimpulan eusi sajak, nyaéta ….

a)

alam ruksak kusabab jalma nu sarakah

b)

gunung gundul matak alam jadi ruksak

c)

gunung gundul kusabab tatangkalanana dituaran

d)

loba tunggul di gunung akibat polah jalma nu sarakah

7.

Barudak jaman ayeuna leuwih loba nu milih kaulinan kawas gambar éta, kusabab ….

a)

kaulinan tradisional teu pikaresepeun

b)

kaulinan tradisional kudu dipaénkeun ku lobaan

c)

kaulinan tradisional jarang diwanohkeun deui

d)

kaulinan tradisional tos teu saluyu jeung jaman

8.

Gambar éta mangrupakeun kaulinan ….

a)

éngklé

b)

bébénténgan

c)

gobag sodor

d)

bubuyungan

9.

(1) Penyu beuki lila beuki ngurangan. (2) Upamana anak penyu kajaring ku pamayang atawa diala, terus diawétkeun, dijual keur kenang-kenangan. (3) Éta téh lantaran mindeng kaganggu jeung habitatna ruksak. (4) Malah, kiwari téh geus méh tumpur.

 

Dicutat tina harapanrakyat.com, wikipedia

 

Susunan kalimah sangkan jadi hiji paragrap nu ngaguluyur urutanana nyaéta ….

a)

1 - 4 - 3 - 2

b)

1 - 2 - 4 - 3

c)

1 - 2 - 3 - 4

d)

1 - 3 - 2 - 3

10.

Nanya ka Supitan Sunda                              Sabasa apan saindung

Ku lagu durang-duraring                              Urang téh tunggal sa-Sunda

Dijawab ku sora ombak                                Tong pegat silaturahmi

Laguna nunang-nunaning                             Hatur salam kuma damang sadayana

Sawirahma hariring

 

Guru wilangan jeung guru lagu dina padalisan ka lima nyaéta....

a)

6-a

b)

7-i

c)

8-a

d)

12-a

11.

Watek pupuh sinom nyaéta...

a)

sedih.

b)

gumbira.

c)

heureuy.

d)

bingung.

12.

Cara ngajaga diri tina virus covid-19 nu ngabutuhkeun alat bantu, aya di nomer ….

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 3

c)

1 jeung 4

d)

1 jeung 5

13.

Mang Dadang keur ka Puskesmas, geus saminggu hihileudeun teu cageur-cageur.

Kecap nu dicitak kandel hartina nyaéta ….

a)

panyakit karacunan hileud

b)

panyakit kusabab inpeksi kuku

c)

panyakit bareuh beheung

d)

panyakit bintitan panon

14.

Paribasa "katempuhan buntut maung" hartina nyaéta ….

a)

loba pangalaman

b)

migawé laku nu moal aya tapakna

c)

batur anu salah urang anu nanggung akibatna

d)

anu hadé kasilih ku nu goréng

15.

Nu kaasup ciri kalimah wawaran nyaéta ….

a)

dimimitian ku aksara kapital ditungtungan ku tanda tanya, eusina ngeunaan hiji hal

b)

dimimitian ku aksara kapital ditungtungan ku titik, eusina nétélakeun hiji hal

c)

dimimitian ku aksara kapital ditungtungan ku kutip, eusina nétélakeun hiji hal

d)

dimimitian ku aksara kapital ditungtungan ku tanda panyeluk, eusina ngeunaan hiji hal

16.

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam éndah, héjo ngemblok sugih mukti

Subur tutuwuhan beunghar pepelakan

Daun héjo ngémploh karaharjaan lemah cai

 

Dikutip tina kawih Indonesia

Sanggian : Koko Koswara

Harti kecap nu dicitak kandel nyaéta ….

a)

séhat tur waluya

b)

loba jiwana tur carukup

c)

mukti lahir jeung batin

d)

sagala babari, nyampak

17.

Bagéan gunung nu ditunjuk ku nomer 1 jeung 2 nyaéta ….

a)

mumunggang jeung lamping

b)

geger jeung mumunggang

c)

mumunggang jeung léngkob

d)

pasir jeung mumunggang

18.

Baheula mah leuweung téh geueuman

réa pantangan bisi kumaonam

réa nu dipegung bisi kasarung

réa jeung réa deui nu matak inggis ku bisi

 

Dicutat tina sajak Leweung Kuring

Karya Atik Nurhayati

Harti kecap nu dicetak kandel nyaéta ….

a)

teu manggih jalan pikeun kaluar

b)

nimbulkeun rasa kasieun

c)

kajadian nu teu disangka-sangka

d)

bahaya tina sasatoan leuweung

19.

Kadaharan anu teu meunang didahar sabab bisi matak gering nyaéta ….

a)

anu teu dibungkus

b)

anu dijual di sisi jalan

c)

anu geus haseum

d)

anu hargana murah

20.

Galih ngajanteng kénéh hareupeun kandang si Pélu di pipir imahna. Tadi manéhna anteng ngalamun, inget kana kajadian harita basa mimiti némpo éta peucang di lembur emangna. Ayeuna geus lima bulan diingu ku manéhna. Geus nyaah. Galih getén pisan miara si Pélu téh.

                                                           

Dicutat tina buku Basa Sunda Urang Kelas IV SD

 

Latar tina potongan carpon nyaéta ….

a)

hareup imah

b)

tengah imah

c)

buruan imah

d)

pipir imah

21.

(1) Isuk-isuk pisan di poé Ahad, Ahmad dihudangkeun ku Bapana. (2) Ahmad kudu hudang isuk-isuk sabab aya jadwal ulin ka Taman Kota Banjar. (3) Saenggeus mandi, Ahmad tuluy nyamper Dayat jeung Asep ka imahna, sangkan bisa ulin bareng ka Taman Kota. (4) Dina poé éta, Taman Kota Banjar teu pati ramé teuing, sakumaha can usum pandemi covid-19.

Tina bacaan éta, nu mangrupa kalimah pasip jeung aktip nyaéta kalimah nomer ….

a)

1 jeung 4

b)

3 jeung 1

c)

3 jeung 2

d)

1 jeung 3

22.

Pasangan aksara jeung angka nu merenah sangkan babas

4 lines
23.

Pasangan aksara jeung angka nu merenah sangkan babasan luyu jeung hartina nyaéta ….

a)

A1, B2, C3, D4

b)

A4, B3, C1, D2

c)

A2, B4, C3, D1

d)

A3, B4, C2, D1

24.

Kalimah nu ngagunakeun basa hormat nu merenah nyaéta ….

a)

Abdi badé angkat ka Bandung.

b)

Pun lanceuk bade mios ka Pangandaran

c)

Abdi ka kelas bade ngabantun buku.

d)

Ibu Guru ngagaleuh buku.

25.

Pangaruh positip globalisasi nyaéta ….

a)

pergaulan bébas

b)

loba informasi nu ngaruksak moral

c)

gampang meunang inpormasi

d)

loba niru laku lampah nu goréng

26.

Kecap serepan nu asalna tina basa Arab nyaéta nomer ….

a)

2, 3, 7

b)

2, 7, 9

c)

3, 9, 10

d)

3, 7, 9

27.

Nu kaasup kalimah barang nyaéta …

a)

Bu Isna guru Basa Sunda.

b)

Ucingna Dadang aya tilu.

c)

Fatih meni pinter

d)

Andika maca buku.

28.

Ajeng             : “Icalan naon mamang teh?”

Mang Deden : “Icalan mi ayam wungkul néng.”

Ajeng             : “Tos sabaraha lami icalan mi ayam?”

Mang Deden : “Tos lami, kirang langkung tilu taun, néng.”

Ajeng             :  ...

Mang Deden :” Margi teu aya katiasa deui néng, iwal ti ngadamel mi ayam.”

Ajeng             : “Muhun, hatur nuhun mang.”

Mang Deden : “Sami sami néng.”

Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan wawancara nyaéta ….

a)

"Kunaon mamang milih icalan di dieu?"

b)

"Naha mamang teu icalan di kota waé supados langkung seeur nu mésér?"

c)

"Kunaon mamang milih icalan mi ayam?"

d)

"Naha kunaon putra mamang teu ngabantosan icalan?"

29.

Febri Haryadi ngagiring bola ka sisi kénca pertahanan Persija

Kalimah éta kaasupna kana jenis kalimah ….

a)

barang

b)

sifat

c)

bilangan

d)

pagawéan

30.

Ibu kapala sakola kalih Bapa Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, sareng rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikanyaah.

Kalimah éta mangrupakeun biantara dina bagéan ….

a)

pangbagéa

b)

bubuka

c)

salam bubuka biantara

d)

eusi biantara