WorksheetsBahasa Sunda Semester 2
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Kagiatan tanya jawab antara anu nanya jeung narasumber disebut ….
ngawangkong
paguneman
wawancara
talkshow
Nalika wawancara biasana ngagunakeun ragam basa ....
loma
kasar
hormat
hadé
Di handap ieu anu mangrupa tujuan wirausaha nyaéta ....
ningkatkeun jumlah wirausaha anu berkualitas
nyabet usaha batur sangkan jadi éléh
ngalobakeun pangangguran
ngajauh ti babaturan
Lamun dagangan henteu payu disebutna ....
rugi
dirétur
ngeumbreuk
bistélan
Nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma réa disebut .…
ceramah
biantara
kuliah
nyarita
Di handap ieu mangrupakeun téhnik dina nepikeun biantara, iwal téhnik ....
maca téks
nyatet inti
nalar
aktual
Di handap ieu hal-hal anu ngabalukarkeun kana lingkungan kurang beresih, iwal ti ....
haseup kendaraan
haseup roko
limbah pabrik
cai walungan
Isuk-isuk kira wanci tabuh salapan bisa … sabab alus keur kaséhatan.
moyan
popoé
nyeuseuhan
leuleumpangan
Ieu di handap rupa-rupa wawancara, iwal ....
wawancara wartawan
wawancara panalungtikan
wawancara tugas sakola
wawancara lamaran gawé
Asep Irama teu awas socana. Kalimah di luhur kaasup conto gaya basa ....
rahulan
rautan
ngasor
kadalon
“ .... nu pangheulana nulis buku kumpulan carpon Sunda?”
Kecap pananya anu cocok pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta ....
Saha
Naon
Ku saha
Mana
Pangiriman barang dagangan ka luar negeri disebut ....
impor
untung
ékspor
rugi
Di handap ieu mangrupakeun ciri-ciri wirausaha, iwal ....
mibanda daya kréatif
mibanda jiwa pamingpin
henteu mibanda rasa sumanget
mibanda sikep hémat
Gaya basa kadalon disebut oge ....
hiperbola
euphemisme
litotés
pléonasme
“Assalamualaikum wr.wb. Sampurasun! ”
Sempalan wacana di luhur mangrupa bagian tina ....
salam pamuka biantara
bubuka biantara
eusi biantara
pamungkas biantara
Kumaha kuduna dina nangtukeun topik biantara téh ....
topik anu aktual
topik anu basi
topik anu biasa wae
topik anu heubeul
Kumaha biasana dina nepikeun biantara téh ....
sing panjang
sing pondok
ulah panjang teuing oge pondok teuing
sakabéhna bener
Di handap ieu anu mangrupakeun pungsi biantara nyaéta ....
ngagampangkeun dina komunikasi
ngahésékeun dina komunikasi
ngajauhkeun panyajur jeung pamiarsa
ngahambat kana paguneman
Biantara anu sok disebut biantara naskah nyaéta ....
biantara improptu
biantara mémoritér
biantara manuskrip
biantara ékstémporé
Kalimah babasan téh kapasing kana ... bagian.
genep
lima
tilu
dua
Dina nanyakeun sawatara hal nalika wawancara téh kudu tumut kana ....
5W+1H
5H+1W
5W
1H
Di handap ieu anu lain tahapan saméméh ngaprakkeun wawancara nyaéta ....
nangtukeun narasumber
ngaringkes jawaban jadi laporan
nangtukeun topik wawancara
nyusun pertanyaan
Perhatoskeun rupa-rupa biantara di handap ieu!
(1) Biantara pambukaan
(2) Biantara sambutan
(3) Biantara imprompto
(4) Biantara manuskrip
(5) Biantara mémoritér
Dumasar kana biantara di luhur, anu kaasup kana papasingan biantara ditilik kana parsiapanna nyaéta nomer ....
(1) jeung (2)
(1), (2) jeung (3)
(2), (3) jeung (4)
(3), (4) jeung (5)
Di handap ieu mangrupakeun babasan bandingan awak, iwal ....
beurat birit
amis daging
buntut kasiran
ipis ngadalis
"Ari manéh mah hirup téh meuni gurat batu pisan"
Kalimah di luhur mibanda pakeman basa nyaéta ....
paribasa
uga
babasan
cacadran
