Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UAS B. SUNDA KELAS 9 SMP TRIMULYA

Total questions: 35

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Naon anu dimaksud dongéng téh?

a)

Carita ngeunaan kajadian sajarah

b)

Carita fiksi anu eusina pamohalan

c)

Laporan ngeunaan hiji kagiatan

d)

Pedaran ngeunaan hiji kaahlian

2.

struktur biantara kalayan runtuy nyaeta...

a)

salam bubuka, bubuka, eusi, panutup, jeung salam panutup

b)

bubuka, eusi, salam bubuk, panutup

c)

eusi, salam bubuka, panutup

d)

panutup, salam panutup, salam bubuka, bubuka

3.

Perhatikeun ieu sisindiran, eusian babagian nu kosong ku kecap nu bener …

Kiripik siki kanari

Ngala saga arék nyeupah

Sing apik naliti ……

Ngajaga ucap jeung ……

a)

diri, lampah

b)

diri, lumpuh

c)

duri, lumpuh

d)

duri, limapah

4.

Sisindiran anu diwangun ku opat padalisan/ baris, anu puhu/ awal kecap na sarua disebut...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Wangsalan

5.

Saupama ditilik tina wangunna, ieu sisindiran di handap kaasup kana wanda/jenis …

Sawah ngemplang ditanduran

Ka human gala jarami

Ulah pegat duduluran

Dasarna silaturahmi

a)

Rarakitan

b)

rakit

c)

Paparikan

d)

wawangsalan

6.

dumasar kana wangun/bentukna sisndiran kabagi jadi tiu rupa, nyaeta...

a)

Rarakitan, paparikan, wawangsalan

b)

rarakitan, parik, wangasal

c)

jajangwokan, jajangsika, jangsuk

d)

pop, jazz, classic

7.

karya sastra sunda dina wangun puisi, di jerona ngawengku cangkang jeung eusi....

a)

sisindiran

b)

pantin

c)

pantun

d)

panutan

8.

maksud tina paribasa "lain mamatahan ngojay ka meri" nyaeta...

a)

lain maksud mamatahan kanu leuwih ngarti

b)

mamatahan kanu jadi kolot

c)

mamatahan matah

d)

mamatahan matuh

9.

tujuan biantara pikeun ngajak balarea kana hiji perkara disebut....

a)

persuasif

b)

subjektif

c)

informatif

d)

komunikatif

10.

tehnik nepikeun biantara nyaeta...

a)

importmu, ekstemporan, naskah jeung ngapalkeun

b)

importmu, ekstemporan, guluyur, nyarita

c)

importmu, ekstemporan, ngawih, ngahaleuang

d)

ngawih, nembang, nyarita,

11.

Kagiatan nyarita di hareupeun balarea disebut....

a)

biantara

b)

dongen

c)

nyajak

d)

ngawih

e)

nembang

12.

Istilah bubuka dina warta disebut...

a)

Leab

b)

Lead

c)

Headline

d)

Body

13.

Struktur warta dibagi tilu bagian, iwal...

a)

Leab

b)

Lead

c)

Headline

d)

Body

14.

Tilu cara ngumpulkeun fakta keur warta, iwal...

a)

Observasi

b)

Wawancara

c)

Riset media

d)

Dialog

15.

Dihandap ieu anu lain unsur pangwangun warta nyaéta...

a)

Saha

b)

Iraha

c)

Kamana

d)

Dimana

16.

Jalma anu sok nyieun warta nyaéta...

a)

Jurnalis

b)

Wartawati

c)

Pragawati

d)

Juru tulis

17.

Warta nyaéta...

a)

Hiji kajadian/hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan

b)

Sababaraha kajadian, boh sawangwangan boh pamadegan, dumasar kanu wacana

c)

Sababaraha kajadian, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kanu kanyataan

d)

Hiji kajadian/hiji hal, boh sawangwangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan

18.

Pesen nu rek di tepikeun pangarang ku nu maca, nyaéta...

a)

Rasa

b)

Amanat

c)

Wirahma

d)

Purwakanti

19.

Purwakanti dibagi jadi dua nyaéta...

a)

Purwakanti racatan jeung purwakanti runtuyan

b)

Purwakanti runtuyan jeung purwakanti rantayan

c)

Purwakanti runtuyan jeung purwakanti rancatan

d)

Purwakanti rambayan jeung purwakanti runtuyan

20.

Naon ngaran istilahna "sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca" disebut...

a)

Wirahma

b)

Amanat

c)

Jejer

d)

Rasa

21.

Istilah lain dina kekecapan kawih disebut...

a)

Pada

b)

Padalisan

c)

Purwakanti

d)

Diksi

22.

Rumpaka dina kawih, kakawihan, tembang mibanda ajén sastra umum nu ditulis ku wangun...

a)

Puisi kataragan / puisi teu bebas

b)

Sisindiran / puisi bebas

c)

Pupuh / puisi teu bebas

d)

Pupuh / puisi bebas

23.

Dihandap ieu salah sahiji conto kawih, iwal...

a)

Lembur kuring

b)

Bajing luncat

c)

Hompimpah

d)

Bubuy bulan

24.

Ciri has anu aya dina kawih nyaéta...

a)

Birama jeung ketukan

b)

Dirama jeung ketukan

c)

Cirama jeung ketikan

d)

Birama jeung ketikan

25.

Baca teks wawancara di handap pikeun ngajwab soal no 1 – 4

Yadi           : Wilujeng siang, Pa ?

Pa Hasan    : Wilujeng siang. Saha nya eta teh ?

Yadi           : Bapa, nepangkeun abdi sadaya, ti SD Buricak burinong

Pa Hasan    : Oh, aya naon barudak ?

Yadi            : Muhun, Pa, abdi kenging tugas wawancara ti sakola

Pa Hasan    : Mangga atuh, Cep, Neng, ka lalebet !

Lani            : Muhun Pa. Nepangkeun heula, abdi Lani. Ieu Yadi, ieu Ardi, nu ieu mah Riki.

Yadi           : Punten, dupi jenengan Bapa teh saha ?

Pa Hasan    : Ari wasta mah Hasanudin, nenehna Hasan wae. Panggil we Pa Hasan

Lani            : Ti iraha Bapa janten pangusaha sapatu ?

Pa Hasan    : Lami pisan, Neng. Ti keur sakola di SMP keneh, bap amah tos dagang sapatu.

         Da ieu mah usaha warisan ti sepuh bapa. Sadaya kulawarga di dieu mah usahana

         teh kana sapatu. Malah mah ampir sadaya took di kota Bandung, meser sapatuna

         teh ti bapa.

Lani            : Oh, panginten ieu teh nu disebat home industry tea, nya Pa ?

Pa Hasan    : Leres, Neng. Margi ti kawit milari kulit dugi ka janten sapatu sok dipidamel ku

                     sawargi-wargi.

Eusi carita dina sempalan wawancara di luhur nyaritakeun . . . .

a)

kantong

b)

sapatu

c)

baju

d)

sendal

26.

Bi Aan isuk keneh geus ngamparkeun jeung ngatur dagangan nana.

Istilah nu luyu pikeun kalimah di luhur nyaeta . . . .

 

(a)  

27.

      Mang Jajang mah ngajual daganganana teh sok gede wae batina, beda jeung Mang Somad tibatan untung kadon . . . .

Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta . . . .

(a)  

28.

     Ujang Yana ari nyeungeut obat nyamuk teh tong deukeut teuing, sabab ku haseupna, urang mah sok ngarasa eungap.

Kecap nu digurat handap kaasup kana istilah . . . .

a)

kasenian

b)

kasehatan

c)

kaulinan

d)

kakawihan

29.

Hadirin sadaya,

       Kasehatan masarakat teh pohara pentingna. Lamun masarakat sehat, masarakat tengtrem, nagara aman. Kapan aya babasan “ Dina awak nu sehat aya jiwa nu kuat “. Pamarentah oge gede perhatianana kana kasehatan masarakat. Buktina ku nyayagikeun waragad keur kasehatan masarakat, aya pengobatan haratis, aya asuransi Kesehatan ( Askes ), jeung aya jaminan Kesehatan masyarakat ( Jamkesmas ). Jaba ti eta, pamarentah oge ngareaan tanaga medis anu bisa nyumbangkeun elmu katut praktek kasehatan keur masarakat. Atuh teu saeutik dinas-dinas anu ngadegkeun sakola kasehatan jeung fakultas kedokteran.

Eusi pokok pidato di luhur nyaeta ngeunaan . . . .

a)

Kasehatan masarakat 

b)

Pangobatan haratis

c)

Asuransi kasehatan

d)

Ngadegna sakola kasehatan

30.

       Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagean . . . dina biantara.

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi biantara

d)

panutup

31.

Buktina ku nyayagikeun waragad keur kasehatan masarakat, aya pangobatan haratis jeung jamkesmas.

Kecap nu digurat handap saharti jeung . . . .

 

(a)  

32.

Ungkara “ sakitu nu kapihatur, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalila, neda tawakupna ”.

Kaasup kana bagean . . . dinu biantara.

(a)  

33.

Nani mah keur geulis teh pinter estuning pikaresepeun.

Antonim tina kecap nu digurat handap nyaeta . . . .

(a)  

34.

Jadi jalma mah ulah adigung adiguna.

Kecap nu digurat handap saharti jeung . . . .

a)

bodo

b)

kedul

c)

sombong

d)

pedit

35.

  Cireng, comro jeung gemblong eta teh mangrupa conto kadaharan . . . Urang Sunda.

Kecap nu merenah pikeun ngelengkepan kalimah di luhur nyaeta . . . .

 

(a)