wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Warta

Total questions: 10

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.

Baca cutatan téks ieu di handap!

Himpunan Mahasiswa Pendidikan Geografi ngayakeun acara Geografi Punya Seni. Éta acara nu dieuyeuban ku konsér musik, bazar, national geography ambassador, téh nyangga téma Konser Limbah. Acara nu diayakeun dina tanggal 24 Desember 2016 di Gedung Amphitéater UPI téh diluuhan ku mangpirang unsur civitas akademik katut para ondangan.

Numutkeun struktur warta, téks di luhur kaasup struktur warta dina bagéan ….

a)

Judul warta

b)

Téras warta

c)

Waruga warta

d)

Eusi warta

e)

Pamungkas warta

2.

Demi nu ngalantarankeun ayana robah alam téh dipangaruhan ku kagiatan manusa nu geus henteu jadi Khalifah fil Ardhi, nyaéta ngokolakeun, ngatur, jeung ngajaga alam. Manusa kiwari bet ngaruksak alam.

Cutatan warta di luhur ngandung unsur warta ….

a)

Naon

b)

Kumaha

c)

Naha

d)

Iraha

e)

Dimana

3.

Pamiarsa, Tanggara Pasundan dinten ieu, urang cekapkeun dugi ka dieu. Aya saut ti sepuh urang, “Di nu kiwari ngancik nu bihari. Seja ayeuna sampeureun jaga”. Mugia janten lenyepaneun kanggo urang sadaya. Ngawakilan nu ngokolakeun Tanggara Pasundan, sim kuring pun Dena Mustika Gumilang, seja amit mungkur amit mundur. Wassalamualaikum Wr. Wb. Hurip Sunda!

Omongan di luhur mangrupa omongan  nu mawakeun warta dina bagian ….

a)

Téras warta

b)

Bubuka warta

c)

Waruga warta

d)

Eusi warta

e)

Pamungkas Warta

4.

Arusahana tukang déldom  ti isuk, kira-kira jam 06.00, nepi ka kira-kira jam 17.00. unggal poé gé teu weléh ramé ku barudak anu ngahaja arulin  bari hayang tarumpak déldom. Komo nincak bulan puasa mah, tumpak déldom téh kacida dipikaresepna ku barudak nu keur ngabuburit. Ongkoh deui ongkosna teu pati mahal, Rp 3.000,- keur sakali ngurilingan alun-alun Garut kota.

Unsur utamana anu aya dina sempalan warta di luhur nyaéta ….

a)

Iraha

b)

Saha

c)

Dimana

d)

Kumaha

e)

Naha

5.

Ajén warta mangrupa niléy-niléy anu kudu kacumponan sangkan hiji kajadian atawa hiji hal bisa jadi warta. Salasahijina nyaéta ajén anéh (the unusual), hartina warta nepikeun hal anu béda ti ilaharna. Ieu di handap mangrupa warta anu nyumponan ajén waktu éta ….

a)

Himpunan Mahasiswa Pendidikan Geografi ngayakeun acara Geografi Punya Seni. Acara nu diayakeun dina tanggal 24 Desember 2016 di Gedung Amphitéater UPI téh diluuhan ku mangpirang unsur civitas akademik katut para ondangan.

b)

Arusahana tukang déldom  ti isuk, kira-kira jam 06.00, nepi ka kira-kira jam 17.00. unggal poé gé teu weléh ramé ku barudak anu ngahaja arulin  bari hayang tarumpak déldom.

c)


Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé Senén tadi negeskeun sangkan aparat pamaréntah kota ogé ajeg jeung leuwih daria dina ngalaksanakeun program ngagunakeun basa Sunda unggal poé Rebo, boh dina suasana resmi boh teu resmi.

d)


Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyani, ngirim budak balangor ka Barak Militer. Hal ieu dianggap efektif pikeun ngabina Barudak sakola anu dianggap hésé diatur sarta ngalakukeun tindakan kriminalitas.

e)

Éta kajadian téh teu wudu matak ngagareuwahkeun warga di dinya. Pangna kitu téh duméh éta angkot ujug-ujug nabraak témbok jambatan nu kawilang anggang ti sisi jalan.

6.

Waruga mangrupa eusi atawa inti warta. Dina waruga didadarkeun kajadian, karakteristik kajadian, waktu jeung tempat kajadian, ogé saha anu kalibet dina kajadian anu dilaporkeun. Ku kituna pikeun ngagambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya ….

a)

Naon, ku naon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)


Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha

c)

Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana

d)

Naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana

e)

Mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana

7.

Unsur warta diwengku ku kecap pananya anu dipaké pikeun ngagambarkeun warta kalawan gembleng. Kecap pananya pikeun nanyakeun runtuyan kajadian atawa gambaran kaayaan anu lumangsung di tempat kajadian, nyaéta ….

a)


Naon

b)

Mana

c)

Kumaha

d)

Naon sababna

e)

Naha

8.

Acara  milangkala majalah Manglé kaitung ramé. Tamu ondangan nu daratang loba pisan, malah aya nu nepi ka teu kabagéan korsi. Ieu jadi bukti yén Manglé tetep jadi pameungkeut urang Sunda jeung jadi tempat anjang sono sarta lawungan urang Sunda. Ieu acara ogé disumpingan ku Gupernur Jawa Barat jeung staf pamaréntahan, para inohong Sunda, budayawan, sarta para réktor jeung civitas akademika ti paguron luhur saperti ITB, Unpad, UPI, jeung Unpas.

Warta di luhur eusina ngawartakeun ngeunaan ….

a)

saha waé nu daratang ka acara milangkala majalah Manglé

b)

Tujuan diayakeun acara milangkala

c)

Pentingna ngayakeun acara milangkala

d)


Naha bet diayakeun milangkala

e)

Kumaha éta acara lumangsungna

9.

“Misi anu langkung mulya mah teu aya sanés kanggo miara sareng najeurkeun perdamaian di papada nagara-nagara nu kalebet janten anggota Osaka in The World,” ceuk Drs. Ahmad Dahidi, MA.

Kalimah pananya anu merenah pikeun meunangkeun jawaban wawancara warta di luhur nyaéta ….

a)

Kumaha misi dina kagiatan Osaka in The World téh?

b)

Naha misi dina kagiatan Osaka in The World téh?

c)

Ku naon misi Osaka in The World bisa kalaksana?

d)

Naon misi dina kagiatan Osaka in The World téh?

e)


Kumaha anggota misi Osaka in The World téh?

10.

Salasahiji hal anu didadarkeun dina waruga nyaéta saha waé anu kalibet dina kajadian. Ieu di handap mangrupa warta anu ngajelaskeun hal éta ….

a)

Milangkala majalah Manglé anu ka-58 geus lekasan. Ieu acara digelar di Aula Barat Gedong Saté, Jl. Diponegoro Bandung, Saptu, 21 Nopember 2015.

b)


Nepi ka ayeuna, ieu majalah terus medal kalawan midangkeun tulisan-tulisan nu ngandung ajén inajén kasundaan.

c)


Sanajan aya dina jaman globalisasi, majalah mingguan basa Sunda Manglé teu pareumeun langganan.

d)


Eusi majalah Manglé téh nepika ayeuna tetep pada mikareueus. Sabab, pedaranna lain saukur méré wawasan ngeunaan kasundaan, tapi ogé medar perkara pangajaean basa Sunda keur barudak sakola.

e)

Ieu acara ogé disumpingan ku Gupernur Jawa Barat jeung staf pamaréntahan, para inohong Sunda, budayawan, sarta para réktor jeung civitas akademika ti paguron lihur saperti ITB, Unpad, UPI, jeung Unpas.