Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAJ BAHASA SUNDA KELAS 6

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Urang sarerea ngarasa heran kana .... komputer anu luar biasa.

a)

kamampuh

b)

kaweruh

c)

kacanggihan

d)

kapinteran

2.

Kagunaan komputer lian ti bisa dipake ngetik, oge bisa dipake pikeun ngumpulkeun data atawa ..... .

a)

neangan data

b)

nyinpen data

c)

mariksa data

d)

ngahapus data

3.

Malahan upama aya jelema pinter leuwih ti nu sejen, sok pada nyebut ....

a)

uteuk komputer

b)

komputer jenius

c)

luar biasa

d)

jalma hebat

4.

Bagian tina kamajuan nu luar biasa tina tehnologi komunikasi, nyaeta anu disebut .... .

a)

internet

b)

telekomunikasi

c)

komputer

d)

komunikasi

5.

Dibandingkeun jeung tehnologi sejenna, kamajuan tehnologi widang telekomunikasi .... pisan majuna.

a)

gancangna

b)

gancang

c)

garancang

d)

digancangkeun

6.

Ku cara ngamangpaatkeun eta sistim .... , sing saha wae, sarta di mana wae, bisa menta inpormasi ngeunaan naon wae.

a)

komputer

b)

komunikasi

c)

internet

d)

satelit

7.

Internet (Internasional Network) nu mangrupa sistem jaringan komunikasi di tingkat ... .

a)

nasional

b)

dunia maya

c)

internasional

d)

jalma jenius

8.

"Urang dina hirup kumbuh sapopoe kudu mibanda tatakrama." Tatakrama teh mibanda harti ... .

a)

sopan santun

b)

hirup kumbuh

c)

campur gaul

d)

sosobatan

9.

Cik sim kuring bade tumaros, naha penting hente urang .... kasehatan?

a)

ngajaga

b)

jaga

c)

jagana

d)

dijagana

10.

Puji syukur kasanggakeun ka Gusti Nu Mahaasih, anu parantos ... saniskara kani'matan ka urang sadaya dugi ka dangeut ieu.

a)

masihan

b)

dipasihan

c)

masihkeun

d)

dipasihkeun

11.

Urang sadaya tiasa patepung lawung .... jonghok di ieu tempat dina raraga mieling Poe Kasehatan Sadunya.

a)

amprok

b)

diamprokkeun

c)

paamprok

d)

paamprokna

12.

Teu hilap nu ku sim kuring .... , Bapa Pupuhu Komite Sakola, Bapa Kapala Sakola, Bapa miwah Ibu Guru sadaya, katut rerencangan anu ku sim kuring dipihormat.

a)

dipihormat

b)

hormatna

c)

dipikahormat

d)

hormateun

13.

Sampeu di wewengkon Manglid teh mangrupa hasil usaha ... .

a)

patani

b)

pertanian

c)

tani

d)

para pertani

14.

Pa Amir ahirna ngusahakeun sangkan sampeu-sampeu teh bisa ..... jadi hiji kadaharan, misalna wae kiripik sampeu.

a)

usaha

b)

diusahakeun

c)

ngausahakeun

d)

arusaha

15.

Mung sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan naon-naon anu didugikeun ku sim kuring aya mangpaatna. Hatur nuhun anu kasuhun, hapunten kana samukawis kalepatan, urang pungkas dugi ka dieu.

Wangun di luhur kasaup kana babagian ... biantara.

a)

salam pamuka

b)

panutup

c)

eusi

d)

salam panutup

16.

Gampil geuning nya miara kasehatan teh, kantun urangna ngabiasakeun diri dina ...

a)

ngaberesihan awak sorangan

b)

ngajaga kasehatan

c)

miara lingkungan sabudeureun

d)

miara kaberesihan imah

17.

Atuh upami pareng ninggal cai kolomberan atanapi solokan ngeyembeng, enggal ....

a)

tutupan

b)

beresihkeun

c)

sapukeun

d)

garingkeun

18.

Raksukan ulah kalotor, atuh upami kalotor, enggal .... , ulah ditambrukeun atanapi digantungkeun.

a)

poekeun

b)

keueuman

c)

seuseuhan

d)

jaitan

19.

Masarakat nu ... pameran kuliner has Jawa Barat kacida lobana, samalah ngarasa kataji jeung kameumeut, ku sabab unik jeung euweuh di daerah sejen.

a)

ngajugjug

b)

ngadatangan

c)

nyumpingan

d)

nyaksian

20.

Ieu pameran teh ... ku Disbudpar di area parkir Teater Terbuka Balai Pengelolaan Taman Budaya, Jalan Bukit Dago Selatan No. 53 A Bandung.

a)

ngayakeun

b)

ayana

c)

kaayaanna

d)

diayakeun

21.

Lengkapi kalimah jadi merenah.

.......... jenengan Bapa?

a)

ku saha

b)

iraha

c)

di mana

d)

saha

22.

Lengkapi kalimah jadi merenah.

.......... ieu tarigu sakilona?

a)

Ka sabaraha

b)

Sabaraha

c)

Ku naon

d)

Sabarahaeun

23.

Ma Irah tengekna .... margi kakirangan yodium

a)

cenang

b)

gondokan

c)

hapur

d)

borok

24.

Lengkepan kalimah ieu make kecap babasan.

Mang Udin mah jalmana ___________ melak nanaon ge sok jadian.

a)

atah warah

b)

tiis leungeun

c)

pucuk awian

d)

ngambang awi

25.

Lengkepan kalimah ieu make kecap babasan.

Ari kolt ngobrol teh ulah sok ngilu nembrong, kapan nu kitu teh disebutna ______

a)

kokolot begog

b)

handap asor

c)

ateul biwir

d)

aku-aku angga

26.

Lengkepan kalimah ieu make kecap babasan.

Yey, teu boga kaera, __________, marukan batur teu apaleun yen mobilna teh lain anu-anuna.

a)

aku-aku angga

b)

tiis leungeun

c)

handap asor

d)

ngembang awi

27.

Lengkepan kalimah ieu make kecap babasan.

Manehna mah ngajak soteh sakadar ______ bae, da piraku kudu dibonceng rempet duaan mah.

a)

atag warah

b)

ajak jawa

c)

kokolt begog

d)

pucuk awian

28.

Kagiatan nu ka asup sikep nu alus nyaeta .... .

a)

Mandi mah sapoe sakali.

b)

Ari rusuh mah mandi teh teu di sabun ge teu nanaon.

c)

Nyikat huntu cukup sapoe sakali.

d)

Sehat teh mahal hargana, ku kituna urang kudu ngajaga kasehatan.

29.

Nu kasasup kaiatan nu te alus nyaeta ... .

a)

Kadaharan Sunda rea ngandung giji

b)

Resep pisan kadaharan has Sunda

c)

Kadaharan Sunda teh teu payu kana duit.

d)

Perlu ngamumule kadaharan has Sunda

30.

Nu lainkasaup kecap serepan nyaeta .... .

a)

kaweruh

b)

komunikasi

c)

internet

d)

satelit