NEW
Font size
WorksheetsTO bahasa sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
Globalisasi teh hal anu abstrak. Abstrak hartina teu bisa katingali wujudna, teu bisa kapireng Sorana, tapi pangaruh jeung akibatna bisa karasa. Globalisasi bisa dihartikeun proses ngaronjatna hubungan internasional antarnagara disakuliah dunya. Ku ayana globalisasi sumebarna barang jeung gagasan beuki gampang. Globalisasi ngalantarankeun hiji nagara bakal gumantung ka nagara sejenna. Nagara jeung nagara bakal silih pikabutuh ku ayana globalisasi. Dina globalisasi, budaya antarnagara, silih pangaruhan. Sakumna aspek kahirupan kapangaruhan ku ayana globalisasi.
(Di cutat tina buku Rancage Diajar Basa Sunda Kelas VI)
Dina bacaan diluhur aya istilah globalisasi, artikel jeung abstrak nu asalna tina basa deungeun anu geus ditarima jadi kecap basa Sunda. Istilah anu asalna tina basa deungeun disebut …
Kecep serepan
Kecap dagang
Kecap pagawean
Kecap deungeun
Nu kaasup istilah serepan tina Bahasa Inggris nyaeta …
Masjid
Artikel
Kontingen
Mantega
Nu kaasup istilah serepan tina Bahasa Inggris nyaeta …
Nagara
Baju
Kontingen
Bisnis
Globalisasi téh hal anu abstrak, nu kumaha téa ari nu abstrak téh?
Anu katingali
Hartina teu bisa katingali wujudna
Anu kapireng sorana
akibatna teu bisa karasa
Globalisasi timbul alatan naon?
bangsa deungeun mangaruhan ka bangsa urang
majuna kamekaran élmu pangaweruh jeung téknologi, utamana téknologi informasi jeung komunikasi
presiden urang pak Prabowo
urang Sunda anu gawé di mancanagara
globalisasi mimiti dipopulerkeun ku Theodore Levitt.
Sinonim kecap mimiti nyaéta …
Kiwari
Panungtung
Munggaran
pandeuri
Titénan kecap-kecap anu aya di luhur! Anu kalebet pangaruh positif globalisasi, nyaéta nomor ….
(1),(2), jeung (3)
(1), (3), jeung (4)
(2), (3), jeung (5)
(3), (5), jeung (6)
Titénan kecap-kecap di luhuren! Anu kelebet pangaruh negatif globalisasi, nyaéta nomor ….
(1),(2), jeung (3)
(2), (3), jeung (4)
(2), (5), jeung (6)
(3), (5), jeung (6)
Baréto pasawahan di Karawang téh lega upluk-aplak. Paré anu dihasilkeun ti dinya bisa nyumponan pangabutuh di Jawa Barat. Karawang meunang jujuluk gudang paré. Ari kiwari di dinya jlug-jleg pabrik anu ngalantarankeun lahan pasawahan kacontang. Antukna produksi béas di Karawang nyirorot. Pikeun nyumponan pangabutuh masarakat, kapaksa ngimpor ti luar negeri. Karawang anu tadina gudang béas anu jadi andelan Indonesia ayeuna mah kudu ngadatangkeun béas ti luar.
Titénan paragraph di luhur!
Nu janten kalimah dumasar tina éta paragraph, nyaéta ….
Paré anu dihasilkeun ti dinya bisa nyumponan pangabutuh di Jawa Barat.
Karawang meunang jujuluk gudang paré.
Karawang anu tadina gudang béas anu jadi andelan Indonesia.
Baréto pasawahan di Karawang téh lega upluk-aplak
Titénan kecap-kecap anu aya di gigir!
Sarana anu sok digunakeun ku masarakat global, nyaéta nomer ….
(1) jeung (3)
(2) jeung (3)
(3) jeung (4)
(2) jeung (4)
Tahap-tahap nyieun karangan déskripsi nyaéta di handap ieu, iwal ….
Nangtungkeun téma jeung judul karangan
Ngumpulkeun informasi atawa bahan
Nangtungkeun tujuan
Ngecék bener heunteuna informasi
Kecap internet kaasup istilah …
Dagang
Tatanen
Teknologi
kasehatan
Anu dimaksud kalimah barang nyaéta …
Kalimah anu henteu merenah
Kalimah anu unsur caritaanana mangrupa kecap barang
Kecap-kecap anu asalna tina basa deungeun
Kecap serepan
Kagiatan tanya-jawab sangkan meunang katerangan atawa informasi anu lengkep ngeunaan hiji hal disebut ....
Ngawengkong
Paguneman
Wawancara
talkshow
Kalimah anu pungsina pikeun nanyakeun hiji hal tur miharep jawaban nyaéta ….
Kalimah tanya
Kalimah jawab
Kalimah carita
Kalimah barang
Di handap ieu mangrupakeun istilah dina wirausaha, iwal ….
Lemari
Bati
Ekspor
Impor
Naon antonimna kecap (lawan kata) alus ?
Mahal
Butut
Anyar
Sae
Ngumpulkeun informasi mangrupakeun ….. wawancara
Jawaban
Tujuan
Arti
rupa
Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyaeta ....
Saha nu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot?
Kaayaan di sakolana teh kumaha ayeuna?
Ari Septian teh sakola henteu?
Dimana Moza teh bumina?
"Ridzam teh sakolana geus kelas VI".
Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban, nyaeta ....
Saha nu geus sakola kelas VI teh?
Dimana Ridzam teh sakolana?
Sok kana naon Ridzam teh indit sakolana?
Kelas sabaraha Ridzam teh sakolana?
…. anu teu sakola poé ieu?
Iraha
Kamana
Dimana
Saha
Lengkepan kalimah di handap ngunakeun kecap istilah dagang!
Sabaraha ………… anu diperlukeun téh?
Modal
Rugi
Pasar
Padurega
Lengkepan kalimah di handap ngunakeun kecap istilah dagang!
Balanja di pasar Kiaracondong mah kudu pinter ….
Modal
Rugi
Pasar
Padurega
Numana harti paribasa Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.
Kudu daek nyengcelengan
Usaha anu terus-terusan dilakukeun kalawan sabar, tanwande aya hasilna
Ditarima kalawan kabungahan
Jujur, tara pura-pura
Numana harti paribasa Bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak,kukumpul ti lelembut, geus gedé ngan kari maké.
Kudu daék nyéngcéléngan
Usaha anu terus-terusan dilakukeun kalawan sabar, tanwande aya hasilna
Ditarima kalawan kabungahan
Jujur, tara pura-pura
Biantara disebut ogé ...
Béwara
Pengumuman
Pidato
katerangan
Biantara hartina …
Nyarita di hareupeun balaréa
Nyarita ka diri sorangan
Curhat ka batur
Caritaan sapopoé
Alusna mah teks biantara téh ku urang kudu …
Ditalar
Dibaca
Diapalkeun
Diinget-inget
Dina biantara biasana dimimitian ku Assalamualaikum, kaasup kana ...
Salam panutup
Artikulasi
Eusi biantara
Salam bubuka
Tatakrama dina biantara diantarana artikulasi. Artikulasi téh nyaeta ...
Cara ngucapkeun kecap kudu haharewosan
Cara ngucapkeun kecap kudu jentré
Cara ngucapkeun kecap kudu laun
Cara ngucapkeun kecap kudu lambat
Dina panutup biasana ditungtungan ku kalimah . . . . bisi urang aya kasalahan.
Hapunten
Haturnuhun
Sampurasun
Sami-sami
Conto kalimah bubuka dina biantara, nyaeta ...
Hapunten bilih aya kakirangan
Hadirin anu dipikahormat ku sim kuring
Wassalamu'alaikum
Assalamu'alaikum, sampurasun
Kalimah nu mangrupa bubuka dina biantara, nyaeta ...
Wilujeng enjing, Assallamu'allaikum wr. wb. puji sareng syukur ka Alloh SWT nu parantos masihan kanikmatan di dunya.
Dina raraga mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2017 kamari, diayakeun kagiatan kemping di Bumi Perkemahan Cibubur.
Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek sadaya pikeun kasehatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana, Wassalamu'alaikum wr. wb.
Dina danget ayeuna, urang medar ngeunaan kasehatan lingkungan.
Jalma nu nepikeun biantara disebut …
Provokator
Motivator
Orator
Editor
Nu teu ka asup struktur biantara di handap ieu nyeta …
Bubuka
tujuan
eusi
panutup
Biantara anu alus bisa mere hiji …
Gambaran aktif
Gambaran negatif
Gambaran positif
Gambaran pasif
Kalimah di handap ieu anu salah nulis hurup kapital, nyaeta ....
Zahra sakelas jeung Zahira
Dimana bumina Bu Rahma teh?
Bapa nembe mulih ti jakarta
Bu Yanti nuju ngawulang basa Sunda
Ujian teh nu nangtukeun lulus atawa henteuna diajar disakola. Naon nu nangtukeun (menentukan) lulus henteuna sakola?
Lulus
Sakola
Diajar
Ujian
Ku jaman kiwari jalmi gampil ngayakeun komunikasi, ngagunakeun ….
hape
surat
wesel
paket
Bade ka mana atuh ...
Tanda baca anu merenah nyaéta ...
!
?
/
:
