NEW
Font size
WorksheetsKuis Bahasa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 20mins
Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukurana pondok disebut … .
carpon
puisi
dongeng
pupuh
Agus mah katelah boga sipat gede hulu. Kecap anu dicondongkeun dina kalimah di luhur ngandung harti … .
beunghar
sombong
agul
kedul
Kalimah pananya "iraha ujian sakola teh?" dipake pikeun nanyakeun … .
Tempat
Jalma
Waktu
Jumlah
Ibu guru nuju ngawulang murangkalih di kelas. Kalimah di luhur lamun dirubah jadi kalimah pasip nyaeta … .
Murangkalih nuju diwulang ku ibu guru di kelas
Murangkalih nuju ngawulang di kelas bu guru
Di kelas ibu guru nuju ngawulang murangkalih
Ibu guru nuju di kelas ngawulang murangkalih
Kecap anu dirarangkenan tukang -ing nyaeta … .
mending
kersaning
peuting
sumping
Mang Karta mah hampang birit, hartina … .
babari dititah
sok cukat-cokot
hese dititah
sok sieunan
Di handap ieu anu kaasup kalimah aktip nyaeta …
Bapa nuju melak cau di kebon
Kebon nuju dipager ku bapa
Cau di kebon nuju dipelak ku bapa
Di kebon cau keur dipelak bapa
Usaha Kantong
Yudi : Wilujeng siang, Pa?
Pa Robi : Wilujeng siang. Saha nya eta teh?
Yudi : Bapa, nepangkeun abdi sadaya, ti SD Sukamenak.
Pa Robi : Oh, aya naon barudak?
Yudi : Muhun, Pa, abdi kenging tugas wawancara ti sakola
Pa Robi : Mangga atuh, Cep, Neng, ka lalebet!
Lina : Muhun Pa. Nepangkeun heula abdi Lina. Ieu Yudi, ieu April, nu ieu
mah Riki
Yudi : Punten, dupi jenengan Bapa teh saha?
Pa Robi : Ari wasta mah Robiansya, nenehna Robi wae. Panggil we Pa Robi
April : Ti iraha Bapa janten pengusaha kantong?
Pa Robi : Lami pisan, Neng. Ti keur sakola di SMP keneh, bapa mah tos dagang kantong. Da ieu mah usaha warisan ti sepuh Bapa. Sadaya kulawarga di dieu mah usahana teh kana kantong. Malah mah ampir sadaya toko di Kota Bandung, meser kantongna teh ti bapa.
April : Oh, panginten ieu teh nu disebut home industry tea, nya Pa?
Anu jadi narasumber dina paguneman di luhur nyaeta …
April
Yudi
Pa Robi
Lina
Kacindekan (kesimpulan) tina carita "Usaha Kantong" paguneman di luhur nyaeta …
Pa Robi teh kakarak jadi pangusaha kantong
Yudi jeung babaturanana rek dagang kantong
Yudi jeung babaturanana keur ngawawancara guru
Yudi jeung babaturanana kenging tugas wawancara ti sakola.
Kecap pananya anu cocog pikeun ngalengkepan kalimah ieu nyaeta
… anu keur ngawawancara padagang di pasar?
Iraha
Saha
Dimana
Kumaha
Kalimah anu sesuai jeung gambar di luhur nyaeta!
Gedong sate teh ayana di Bandung, dijadikeun gedong pamarentahan Provinsi Jawa Barat.
Ibukota Provinsi Jawa Barat teh ayana di kota Bandung anu katelah kota kembang
Kota Bandung minangka salah sahiji kota anu dipromosikeun sangkan bisa jadi kota kreatif nu diaku ku UNESCO
Di Bandung kiwari rea restoran alam rumah makan sunda.
Si Jalak Harupat
Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung, 31 Maret 1897. Ari pupusna di Tangerang, sasih Desember 1945. Raden Oto hirup di lingkungan kulawarga priyayi anu boga jiwa ngarayat. Waktu biantara, keritik-keritik Oto ka pamarentah Hindia Walanda teh pohara peureusna. Nya ku kawanina tea Oto meunang jujuluk Si Jalak Harupat, nyaeta ngaran anu biasa dibikeun ka hayam jago adu anu wanian tur tara eleh.
Dina taun 1941, Oto jadi anggota GAPI minangka wawakil Paguyuban Pasundan tur anggota Majelis Rakyat Indonesia. Waktu penjajahan Jepang, Paguyuban Pasundan dibubarkan. Pikeun nganyalametkeun kakayaan Paguyuban Pasundan, Oto ngawangun Badan Usaha Pasundan, anu dipingpin ku Sanusi Harjadinaja, Oto sorangan jadi pamingpin umum koran CAHAYA. Hiji-hijina koran anu meunang medal di Jawa Barat.
Oto gawe bareng jeung Jepang. Anjeunna jadi Jawa Hokokai (Himpunan Kebaktian Rakyat Jawa). Waktu Jepang ngayakeun pasukan Pembela Tanah Air (PETA), Oto ngintunkeun putrana nu jenengan Sentot Iskandardinata oikeun milu Latihan PETA.
Waktu rek diwangun nagara Indonesia, Oto jadi anggota Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI). Kitu deui, waktu diwangun Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI), Oto oge aktip jadi anggota. Dina siding PPKI tanggal 18 Agustus 1945, sapoe sanggeus proklamasi kamerdekaan Indoneisa, disahkeun undang-undang dasar tur dipilih pangurus nagara. Nya dina eta kasempetan, Oto ngusulkeun Sukarno jeung Moh.Hatta pikeun jadi presiden jeung wakil presiden Indonesia. Kalawan aklamasi usul Oto teh disaluyuan ku sakabeh anggota PPKI.
Dina kabinet Presidensial nu dipingpin ku Presiden Sukarno, Oto dibenum jadi Menteri Nagara, Oto oge aktip dina ngawangun Badan Keamanan Rakyat (BKR), anu robah jadi Tantara Keamanan Rakyat (TKR), anu robah deui jadi Tentara Nasional Indonesia (TNI)
Kacindekan tina teks biografi di luhur nyaeta …
Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung
Lantaran kawanina Raden Oto Iskandardinata meunang jujuluk Si Jalak Harupat
Raden Oto Iskandar hiji-hijina pahlawan ti tatar sunda
Raden Oto Iskandardinata aktif dina organisasi Budi Utomo
Salian ti Raden Oto Iskandardinata pahlawan tatar sunda dina widang atikan (pendidikan) nyaeta … .
R.E. Martadinata
Raden Dewi Sartika
Ir. Juanda
Raden Ayu Lasminingrat
Pagawean nu ngahasilkeun jasa nyaeta … .
Tukang dagang buah
Guru
Tukang cilok
Tukang las
Nyanggakeun ieu pitutur
Lain indung loba catur
Kanyaah mah teu kaukur
Amarah ulah diabur
Sarakah kudu dilebur
Sirik pidik sina tumpur
Jail dengki sina mabur
Nurutkeun kawih di luhur kanyaah indung teh … .
luhur saur
teu kaukur
loba catur
ukur saur
Nyanggakeun ieu pitutur
Lain indung loba catur
Kanyaah mah teu kaukur
Amarah ulah diabur
Sarakah kudu dilebur
Sirik pidik sina tumpur
Jail dengki sina mabur
Urang teh kudu jadi jalma sabar katembong dina ungkara … .
sarakah kudu dilebur
sirik pidik sina tumpur
amarah ulah diabur
jail dengki sina mabur
dipiwarang – dipayuneun – wawan – kelas - ngantosan
Susunan kecap di luhur sangkan jadi kalimah anu bener nyaeta …
Dipiwarang di payuneun ngantosan kelas Wawan
Ngantosan Wawan dipiwarang di payuneun kelas
Wawan dipiwarang ngantosan di payuneun kelas
Di payuneun kelas ngantosan dipiwarang Wawan
Mudah-mudahan hujanna gancang raat. Antonim tina kecap gancang nyaeta … .
laun
loba
lila
leutik
1. Amin mah lamun keur diajar di kelas kacida disiplinna, matak katelah budak …
Kecap anu cocok pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta … .
pangjangkungna
pangbadeurna
pangkasepna
pangbageurna
Kalimah di handap anu bener nuliskeun tanda bacana nyaeta …
Iraha rek latihan maca sajak teh?
Din, pangmawakeun buku?
Adina geus lancar maca.
Aduh, nyeri beuteung !
Titenan kalimah di handap ieu
1. Diki budak pangpinterna geus pasti jadi bentang kelas
2. Tita keur melak kembang eros di buruan
3. Hasan banjir cimata basa bapana maot
4. Lamun hujan gede walungan sok banjir bandang
Kalimah di luhur anu ngandung harti konotatif nyaeta …
1 jeung 2
2 jeung 3
1 jeung 3
2 jeung 4
Wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna tokoh atawa inohong anu sukses disebut …
otobiografi
geografi
biografi
monografi
Nu kaasup kana kalimah panyeluk (anjuran) dina kalimah di handap nyaeta … .
Saha anu kapilih jadi ketua kelas teh?
Manuk keur diparaban ku Maman
Kade tong ulin ka jalan!
Kamari abdi wangsul ti Bandung
Lanceukna indung atawa bapa urang disebutna … .
bibi
aki
uwa
nini
Titenan kalimah-kalimah di handap
1) Barudak marawa buku ka perpustakaan
2) Adi sukuna bareuh kusabab titajong
3) Pakarangan imah Nani mah lega
4) Buah jambu meni aramis
Kalimah anu make rarangken tengah -ar aya dina nomer … .
1 jeung 2
1 jeung 4
1 jeung 3
2 jeung 3
Nu kaasup kalimah pananya dina kalimah di handap nyaeta …
Wah, gambar Wandi alus pisan!
Barudak kelas 6 keur diajar ngawih di kelas
Jang, pangnutupkeun panto!
Iraha bapa angkat ka Jakarta?
……. skor timnas Indonesia lawan Bahrain tadi peuting teh ?
Kecap pananya anu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta?
Saha
Sabaraha
Iraha
Kumaha
Budi nuju meresan buku di Perpustakan
Kalimah di luhur lamun dirubah kana kalimah pasif nyaeta …
Buku diberesan ku Budi
Budi meresan buku di Perpustakaan
Ku Budi perpustakaan diberesan buku
Buku di Perpustakaan nuju diberesan ku Budi
Kecap asal ngapalkeun nyaeta …
apal
ngapal
apalkeun
apaleun
Dagang oncom rancatan emas
Harti paribasa di luhur nyaeta … .
Dagang barang ka tempat nyieunna atawa tempat asalna
Modal dagangna gede ari nu dijual jeung batina saeutik
Nyaritakeun rusiah sorangan nu matak aib
Malaweung nepi ka teu apal ka nu keur disanghareupan
Kecap komputer nyaeta kecap serepan tina basa … .
Arab
Cina
Inggris
Walanda
Pangaruh positif tur manfaatna tina barang nu aya dina gambar nyaeta …
babari neangan informasi
sifat sewang-sewangan beuki ngajadi
gotong royong beuki ngurangan
anteng maen game
1) Muguhkeun informasi naon nu rek dikumpulkeun
2) Nyusun daftar pertanyaan
3) Nulis laporan hasil wawancara
4) Nangtukeun saha nu rek diwawancara
Nu kaasup langkah persiapan wawancara ditunjukkeun ku nomer …
1,2,3
1,3,4
1,2,4
2,3,4
Kasehatan masarakat the pohara pentingna. Lamun masarakat sehat, masarakat tengtrem, nagara aman. Kapan aya babasan, “Dina awak nu sehataya jiwa nu kuat”. Pamarentah oge gede perhatianana kana kasehatan masarakat. Buktina ku nyayagikeun waragad keur kasehatan masarakat, aya pengobatan haratis, aya asuransi Kesehatan (Askes), jeung aya jaminan Kesehatan masarakat (Jamkesmas). Jaba ti eta, pamarentah oge ngareaan tanaga medis anu bisa nyumbangkeun elmu katut praktek kasehatan keur masarakat. Atuh teu saeutik dinas-dinas anu ngadegkeun sakola kasehatan jeung fakultas kedokteran.
Tema teks biantara di luhur nyaeta …
lingkungan
wirausaha
kasehatan
globalisasi
Kasehatan masarakat the pohara pentingna. Lamun masarakat sehat, masarakat tengtrem, nagara aman. Kapan aya babasan, “Dina awak nu sehataya jiwa nu kuat”. Pamarentah oge gede perhatianana kana kasehatan masarakat. Buktina ku nyayagikeun waragad keur kasehatan masarakat, aya pengobatan haratis, aya asuransi Kesehatan (Askes), jeung aya jaminan Kesehatan masarakat (Jamkesmas). Jaba ti eta, pamarentah oge ngareaan tanaga medis anu bisa nyumbangkeun elmu katut praktek kasehatan keur masarakat. Atuh teu saeutik dinas-dinas anu ngadegkeun sakola kasehatan jeung fakultas kedokteran.
Kacindekan (kesimpulan) sempalan teks biantara di luhur nayeta …
Kasehatan masarakat pohara pentingna
Masalah kasehatan balukar tina lingkungan anu kurang bersih
Pola hirup urang kudu sehat supaya awak sehat
Pikeun kasehatan urang bisa ngamanfaatkeun panonpoe keur moyan
Istilah-istilah nu aya dina widang kasehatan nyaeta …
rugi
toko
ngajual
obat
Nu kaasup kalimah ragam basa hormat keur sorangan nyaeta …
Kuring indit ka sakola
Kuring mios ka sakola
Abdi mios ka sakola
Abdi angkat ka sakola
Nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rea anu ngabogaan karangka bubuka, eusi jeung panutup disebut … .
ceramah
biantara
kuliah
nyarita
Aksara sunda di handap lamun disalin kana huruf laten nyaeta … .
wilujeng enjing
wilujeng sonten
wilujeng siang
wilujeng sumping
Hatur nuhun lamun disalin kana aksara sunda nyaeta …
