Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sumatif Bahasa Sunda Bab 5 & 6

Total questions: 40

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Ulah (tajong) kana panto.

Kecap rajekan dwipurwa anu leres nya eta ....

a)

tajongjong

b)

tatajong

c)

tantajong

d)

tanjongjon

2.

Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri taun 1904 di Bandung.

Tina eta kalimah urang nyaho yen Dewi Sartika teh pahlawan dina bidang ....

a)

atikan

b)

ekonomi

c)

pulitik

d)

budaya

3.

Daendels kawentar disebut Mas Galak sabab ....

a)

kabengisanana

b)

kabageuranana

c)

kasomeahannana

d)

kasabaranana

4.

Daendels marentahkeun nyien jalanti Anyer ka Panarukan.

a)

Bener

b)

Salah

5.

Miara lemah cai mangrupakeun kawajiban ....

a)

sarerea

b)

sepuh

c)

budak leutik

d)

siswa

6.

Nu kaasup kecap rajekan dwireka nya eta ....

a)

tulas tulis

b)

gular goler

c)

sura seuri

d)

tatanya

7.

Ibuna Danu ngalaksanakeun pancen jadi ... di Rumah Sakit Umum.

a)

juru rawat

b)

guru

c)

palayan restoran

d)

padagang

8.

Iraha Ir. H. Juanda dibabarkeun?

a)

11 Januari 1911

b)

14 Januari 1911

c)

14 Februari 1911

d)

25 Februari 1911

9.

Naon jasa Ir. Juanda nu pangsohorna?

a)

Ngubah teks Proklamasi

b)

Ngarobah UUD 1945

c)

Mokalan robahna aturan ngeunaan tapel wates nagara di laut

d)

Nu nyiptakeun lagu Indonesia Raya

10.

Mana anu kalebet sipat para pahlawan?

a)

Gede Kawani

b)

Daek ngorbankeun dirina

c)

Melaan bebeneran jeung kaadilan

d)

Sadaya jawaban bener

11.

Robah kecap ieu nganggo rajekan Dwireka

ganti ->

a)

gunta-ganti

b)

gunta-ganto

c)

ganti-ganto

d)

ganti-ganti

12.

Robah kecap ieu nganggo rajekan Dwireka

Lieuk ->

a)

lieuk-lieuk

b)

lauk-lieuk

c)

luak-lieuk

d)

luak-lauk

13.

Robah kecap ieu nganggo rajekan Dwireka

riung ->

a)

raung-ruang

b)

riung-riung

c)

ririungan

d)

ruang-riung

14.

Dina kalimah pananya kedah aya naon wae?

a)

kecap tanya jeung tanda tanya

b)

tanda tanya jeung tanda seru

c)

kecap rajekan jeung tanda seru

d)

tanda koma jeung tanda titik

15.

Eusian lolongkrang di handap make kecap pananya anu sesuai...

... nu kamari penteun saratus?

a)

Naon

b)

Kumaha

c)

Mana

d)

Saha

16.

Eusian lolongkrang dihandap make kecap pananya anu sesuai

Nu ... bumi Tomi teh?

a)

Iraha

b)

Mana

c)

Kumaha

d)

Iraha

17.

Raden Dewi Sartika dibabarkeun dina taun...

a)

3 Desember 1884

b)

4 Desember 1884

c)

11 September 1947

d)

12 September 1947

18.

Dina taun 1966 pamarentah Indonesia maparin pangleler ka Dewi Sartika salaku...

a)

pahlawan perjuangan

b)

pahlawan kamerdekaan

c)

pahlawan wanoja titatar sunda

d)

pahlawan nasional

19.

Ramana Rd.Dewi Sartika oge akina diasingkeun ka hiji wewengkon nu kaitung jauh ti lemah bali geusan ngajadina atawa tempat dilahirkeunana lantaran dituduh ngalakukeun hal nu goreng dina mangsa kapamingpinan harita. Tempat pengasinganana nyaeta...

a)

Tidore

b)

Ternate

c)

Ambon

d)

Irian

20.

Waktu Dewi Sartika geus rumaja, malah anjeunna geus ngajar di tempat. Hal-hal nu diajarkeun ku Dewi Sartika nyaeta.... iwal

a)

Nyulam

b)

Ngalukis

c)

Ngaput

d)

Maca

21.

Raden Dewi Sartika ngadegkeun Sakola istri dina taun...

a)

15 Januari 1904

b)

16 Januari 1904

c)

15 Januari 1905

d)

16 Januari 1905

22.

Rd. Dewi Sartika tilar dunya dina kaping...

a)

10 September 1947

b)

11 September 1947

c)

12 September 1947

d)

13 September 1947

23.

Dina kareteg hatena Dewi Sartika ngempur rasa sumanget pikeun ngawangun hiji sakola wanoja anu dilantarakankeun...

a)

mangkarunyakeun ku masarakat nu teu mampuh sakola

b)

mangkarunyakeun ka kaum leutik nu teu bisa asup ka sakola menak

c)

mangkarunyakeun ka babaturanna masih aya nu teu bisa maca

d)

hayang nepakeun elmu hasil guguru

24.

Dina taun 1910 ngaran Sakola Istri dirobah jadi...

a)

Sakola Wanoja

b)

Sakola kautamaan Istri

c)

Sakola Raden Dewi

d)

Sakola Kaum Pribumi

25.

Rd. Dewi Sartika dikurebkeun di makam...

a)

Desa Rahayu

b)

Tasikmalaya

c)

Cigagadon

d)

Margaasih

26.

Kumaha kaayaan tanah Sunda tẽh?

a)

Suka ripuh

b)

gemah ripah

c)

tanah pusaka

d)

percẽka

27.

Kudu muji sukur ka saha urang boga tanah Sunda?

a)

Ki sunda

b)

mang Koko

c)

babaturan

d)

Gusti Allah

28.

Miara lemah cai tẽh kaasup sabagian tina….

a)

Ibadah

b)

ikhtiar

c)

kawajiban

d)

harta banda

29.

Titẽn kana ibadah pibekeleun hirup di dunya jeung di….

a)

Alam kubur

b)

ahẽrat

c)

alam asri

d)

alam raya

30.

Urang kudu…. Ka tanah Sunda

a)

Gemah ripah

b)

towẽksa

c)

percẽka

d)

tulatẽn

31.

Sangkan tetep beresih, urang kudu miara lingkungan.

Miara hartina…

a)

Ngaruksak

b)

ngalaan

c)

ngarawat

d)

ngajajah

32.

Kawih anu judulna “ Bandung” diwangun ku….gundukan (pada).

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

33.

Kawih “Tanah Sunda” diwangun ku…gundukan ( pada).

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

34.

Hirup jeung tatangga kudu sauyunan ulah sok pasẽa. Sauyunan hartina…

a)

Dur der pasẽa

b)

rukun

c)

silih hẽwaan

d)

silih omongkeun

35.

Kebon tẽh kudu dirumat sangkan hasilna mucekil. Dirumat hartina…

a)

Diruksak

b)

ditempokeun

c)

dipalirẽ

d)

dipiara

36.

Nu sok ngawulang di sakola disebutna...

a)

Dokter

b)

Guru

c)

Polisi

d)

Pilot

37.

Nu sok ngubaran jalmi udur disebutna…

a)

Dokter

b)

polisi

c)

guru

d)

pilot

38.

Carilah kecap pagawean pada kalimat di bawah ini!

Dami keur nyieun kakapalan tina karton.

a)

Dami

b)

nyieun

c)

kakapalan

d)

karton

39.

carilah kecap pagawean pada kalimat di bawah ini!

Kang Asep rek nguseup di Cisadane.

a)

kang Asep

b)

rek

c)

nguseup

d)

Cisadane

40.

Daerah Rajapolah terkenal kerajinan ... .

a)

anyaman

b)

jaket kulit

c)

topi

d)

bedil