NEW
Font size
WorksheetsASAT Bahasa Sunda Kelas 5
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Ku jalan maca, dunya jadi lega jeung caang.
Kecap caang dina ieu kalimah ngandung harti konotatip, nyaéta ...
ngandung cahaya
loba kanyaho lantaran maca
jelas tetempoan
salah kabéh
Péso diasah sangkan jadi seukeut.
Kecap diasah dina ieu kalimah ngandung harti dénotatip, nyaéta ...
péso digosrok kana asahan
dilatih
sina mikir
salah kabéh
Manéhna jadi béntang kelas lantaran rajin maca.
Kecap béntang dina ieu kalimah ngandung harti ...
dénotatip
konotatip
Kuéh téh béak didahar ku Bima.
Kecap béak ngandung harti ...
dénotatip
konotatip
Tatakrama basa kudu digunakeun dina kahirupan sapopoé.
Basa lemesna kecap supaya nyaéta ...
ambéh
sangkan
supados
améh
Lengkepan kalimah ieu!
Dudi mah ... kelas taun ieu, ngéléhkeun Asép
béak
caang
mumuluk
béntang
Lengkepan kalimah ieu!
Pikiranana jadi ... sanggeus maca buku.
béak
caang
mumuluk
béntang
Lengkepan kalimah ieu!
Wira ... digonjak ku Didi.
béak
caang
mumuluk
béntang
Lengkepan kalimah ieu!
Pikeun nyegah jajan sambarangan, urang kudu ...
béak
caang
mumuluk
béntang
Lengkepan kalimah ieu!
Jalma anu sok mumuluk biasana ... dina kahirupanana.
disiplin
béak
caang
mumuluk
Pa Guru teu angkat ka sakola lantaran teu damang.
Kecap lantaran kedahna digentos jadi ...
soalna
jalaran
margi
sabab
Pun bapa sok rutin olahraga, saurna mah ambéh séhat.
Kecap ambéh kedahna digentos jadi ...
supaya
sangkan
supados
améh
Aksara Sunda ngawengku ...
aksara ngalagena
aksara swara
rarangkén
bener kabéh
Aksara ngalagena aya ...
23
24
25
26
Aksara swara aya ...
genep
tujuh
dalapan
salapan
Pikeun ngabédakeun antara angka jeung aksara ngalagena atawa aksara swara, dicirian ku ...
pananda angka
rarangkén
pamaéh
pangwisad
Nambahan sora /r/ di tungtung aksara ngalagena maké ...
panyecek
panglayar
pamingkal
pangwisad
Nambahan sora /ng/ di tungtung aksara ngalagena maké ...
panyecek
panglayar
pamingkal
pangwisad
Pangwisad gunana nambahan sora ... di tungtung aksara ngalagena.
/ng/
/r/
/y/
/h/
Paneuleung ngarobah sora /a/ dina aksara ngalagena jadi ...
/é/
/e/
/eu/
/i/
