wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAT B. SUNDA KELAS 8

Total questions: 50

Worksheet time: 1hrs 17mins

Name
Class
Date
1.

Rumpaka kawih ditulis dina wangun ….

a)

Puisi

b)

Pupuh

c)

Prosa

d)

Paragraf

2.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing

Nyeredet hateNingali ngeplak caina


Naon judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur?

a)

Peuyeum Bandung

b)

Situ Ciburuy

c)

Bubuy Bulan

d)

Es Lilin

3.

Kawih téh mangrupa lalaguan sunda. Jalma nu sok ngawih disebut....

a)

sindén

b)

juru kawih

c)

juru tembang

d)

penyanyi

4.

Di handap ieu mangrupa unsur-unsur kawih, kecuali ....

a)

Tema

b)

Nada

c)

Amanat

d)

Alur

5.

Rumpaka kawih diwangun sabaraha unsur...

a)

2 unsur

b)

4 unsur

c)

3 unsur

d)

5 unsur

6.

Sapu nyere pegat simpay nyaeta kawih nu diciptakeun ku...

a)

Mus K.Wirya

b)

Musrih

c)

Sambas Mangundikarta

d)

Koko koswara

7.

Rumpaka Tanah Sunda téh mangrupa ébréhan rasa cinta ka ….

a)

Lemah cai

b)

Kabogoh

c)

Indung bapa

d)

Kaéndahan alam

8.

Peuyeum Bandung téh mangrupa kadaharan …

a)

Oléh-oléh ti Bandung

b)

Nu ngan aya di Bandung 

c)

Kabeuki urang Bandung

d)

Anu ngan dijual di Bandung

9.

jenis warta dumasar kana cara nepikeun aya tilu rupa nyaeta ....

a)

lisan, tinulis, isyarat

b)

warta, bewara, talatah

c)

langsung, tidak langsung, isyarat

d)

warta, talatah, iklan

10.

Media warta diantarana

a)

Media citak, media elektronik, media online

b)

media informasi

c)

media hayalan

d)

media baca

11.

prak-prakan nulis warta nyaeta ... .

a)

5 w+1H

b)

1H+3W

c)

4W+3H

d)

6W

12.

salah sahiji anu aya dina hiji warta nyaeta ... .

a)

eusina mangrupa opini

b)

eusina mangrupa carita hayalan tapi logis

c)

eusina mangrupa carita hayalan anu pamohalan

d)

eusina dumasar kana data anu benar

13.

warta nyaeta hartina sarua jeung

a)

dongeng

b)

prosa

c)

puisi

d)

beja

14.

Jalma nu sok neangan warta disebutna….

a)

redaktur

b)

jurnalis

c)

kolektor

d)

pamilon

15.

Nu disebut Wawancara pikeun neangan warta dumasar kanyataan jeung fakta teh, nyaeta ….

a)

Nitenan hiji kajadian atawa kaayaan, Naon nu katempo, karasa, kadenge, atawa kalaman dina hiji kajadian atawa kaayaan nu di anggap luar biasa.

b)

Ngumpulkeun informasi ku cara macaan sumber nu geus aya.

c)

Ngawawancara hiji jalma, boh ahli boh jalma biasa anu dianggap apal kana perkara anu rek di wartakeun ku urang.

d)

Jalma nu diwawancara ku urang keur kapentingan warta

16.

Sisindiran di wangun ku.......padalisan

a)

hiji

b)

dua

c)

tilu

d)

opat

17.

Sisindiran dibagi jadi tilu, nya eta.....

a)

paparikan, rarakitan, pupujian

b)

rarakitan, paparikan, wawangsalan

c)

rarakitan, wawangsalan, pupujian

d)

paparikan, wawangsalan pupujian

18.

Sisindiran anu padeukeut sora tungtungna disebut....

a)

wawangsalan

b)

pupujian

c)

rarakitan

d)

paparikan

19.

Belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi...

wangsalna........

a)

belut

b)

hileud

c)

oray

d)

simeut

20.

Baju bodas ngurus pasen. Aya hp nu ngageter,

wangsalna

a)

GURU

b)

SUSTER

c)

DOKTER

d)

ARSITEK

21.

AYA MANUK DINA PAGER

NA SUKUNA AYA BOLA

LAMUN URANG HAYANG PINTER

KUDU GETOL KA SAKOLA


Dumasar eusina kaasup kana. . . .

a)

SISLIH ASIH

b)

PIWURUH

c)

SESEBRED

d)

TEKA - TEKI

22.

Ka pasar meser ragaji

Ragajina tinggal dua

Boga budak pinter...

Nu reueus pasti kolotna

a)

ngabati

b)

ngaji

c)

nyanyi

d)

ngagali

23.

kad é ulah meuli udud            

mending   ogé  meuli gula

 hayangna disebut jegud

meuli seblak nganjuk heula

Eusi sisindiran di luhur nya eta

a)

piwuruk

b)

silih asih

c)

ambek

d)

heureuy

24.

Sisindiran téh asal kecapna tina...

a)

Diran

b)

Sindir

c)

Sisindir

d)

Nyindir

25.

Tong tulus nanjak ka huma

bisi maneh tumamu

..................................................

budi manis alus semu

a)

poe senen poe minggu

b)

kudu hade ka sasama

c)

melak saledri teu jadi

d)

badan anu katempuhan

26.

Pupuh sekar ageung aya 4 nyaeta ....

a)

Sinom, Pucung, Pangkur, Balakbak

b)

Dangdanggula, Durma, Ladrang, Mijil

c)

Kinanti, Wirangrong, Lambang, Gurisa

d)

Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti

27.

Patokan guru wilangan 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i disebat pupuh ?

a)

Durma

b)

Kinanti

c)

Balakbak

d)

Sinom

28.

Guguritan biasana dibacana ...

a)

didéklamasikeun

b)

digalindengkeun

c)

dipantunkeun

d)

dihariringkeun

29.

Guru wilangan nya éta ...

a)

engang/ suku kata

b)

hurup vokal ditungtung kalimah

c)

baris

d)

bait

30.

Upama nilik kana wangunna, guguritan teh kaasup kana...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Esey

d)

Drama

31.

Jumlah pupuh sadayana aya...

a)

15

b)

16

c)

17

d)

18

32.

Aturan dina pupuh aya dua, nyaeta...

a)

Guru lagu jeung Guru wilangan

b)

Guru kagu jeung Guru wilangan

c)

Guru bilangan jeung Guru lagu

d)

Guru vokal jeung suku kecap

33.

Naon anu dimaksud carpon teh?

a)

Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna pondok

b)

Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna pondok

c)

Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna panjang

d)

Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna panjang

34.

Bedana carpon jeung dongeng nyaeta...

a)

dongeng mah loba bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu kaharti ku akal

b)

carpon mah teu kanyahoan saha nu ngarangna, sedengkeun dongeng mah kanyahoan nu ngarangna

c)

carpon mah kaasup sastra heubeul, sedengkeun dongeng mah kaasup sastra modern

d)

dongeng mah carita na panjang, sedengkeun carpon mah caritana pondok

35.

Pesen Pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca, disebut….

a)

Palaku

b)

Galur

c)

Amanat

d)

Téma

36.

Titénan ciri-ciri ieu di handap!

1) Caritana rélatif pondok

2) Kajadianna tunggal

3) Caritana kompléks jeung tokohna loba

4) Napak kana kanyataan (réalitas) sapopoé

5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)


Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…

a)

1,2,3

b)

2,3,4

c)

1,2,4

d)

3,4,5

37.

Titik minat pangluhurna dina hiji carita anu ngandung aksi pangréana atawa pangpentingna dina carita pondok disebut...

a)

Tokoh

b)

Krisis

c)

Klimaks

d)

Konflik

38.

Unsur-unsur intrinsik anu ngawangun carpon diantarana nyaéta, iwal.....

a)

Palaku

b)

Téma

c)

Situasi Sosial

d)

Amanat

39.

Téma nyaéta...

a)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang

b)

Tokoh anu dilalakonkeun dina carita

c)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

d)

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

40.

Galur atawa plot nyaéta...

a)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang

b)

Tokoh anu dilalakonkeun dina carita

c)

Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

d)

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

41.

Pancén panata acara téh di antarana…

a)

Méré pangbagéa kana lumangsungna acara

b)

Muka jeung nutup acara

c)

Nangtukeun nu ngeusi acara

d)

Ngawakilan panata calagara

42.

Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nya éta…

a)

Ngucapkeun panuhun ka panata calagara

b)

Ngucapkeun pangwilujeng ka nu hadir

c)

Ngucapkeun salam bubuka

d)

Ngucapkeun salam panutup

43.

Runtuyan acara ditutup ku ....

a)

foto

b)

du'a jeung panutup

c)

sasalaman

d)

balakécrakan

44.

Anu teu kaasup kana tugas panata acara nyaeta...........

a)

ngajelaskeun urutan acara

b)

muka acara

c)

nutup acara

d)

ngabiayaan acara

45.

Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nya éta…

a)

Anu ngahadirkeun éta acara

b)

Réngréngan panata calagara

c)

Runtuyan kagiatan panata calagara

d)

Runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan

46.

Pancèn panata acara diantarana...

a)

Ngatur jalanna acara

b)

Ngadeudeulan hiji acara

c)

Makalangan dina hiji acara

d)

Nyusun materi acara

47.

"Salajengna simkuring ngahaturanan ka Bapa Kapala Sakola kanggo ngadugikeun biantarana."

Cutatan teks diluhur kaasup kana bagian...

a)

Nganuhunkeun

b)

Nepikeun komentar

c)

Ngahaturanan

d)

Nutup acara

48.

Dina prakna, panata acara sorana kudu ....

a)

Laun jeung béntés

b)

Tarik jeung béntés

c)

Bedas jeung béntés

d)

Ngagorowok jeung béntés

49.

Laporan peristiwa bisa oge disebut laporan ….

a)

Laporan Warta

b)

Laporan Kegiatan

c)

Laporan Keuangan

d)

Laporan Jurnalistik

50.

Ditilik tina eusina laporan teh kabagi jadi …..bagian

a)

5

b)

4

c)

3

d)

2