wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Biantara

Total questions: 15

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nyarita dihareupeun balarea pikeun nepikeun maksud atawa tujuan anu penting, bisa kucara ditalar atawa make teks, disebut….

a)

sawala

b)

lokakarya

c)

biantara

d)

ngadongeng

e)

paguneman

2.

Dina waktu upacara 17 agustus, Camat Bayongbong dipaparin pancen pikeun jadi pemingpin upacara. Salah sahiji pancen pemingpin upacara nyaeta ngadugikeun biantara ti presiden. Sabada diaos, eusi biantara anu kedah didugikeun teh kalintang seueurna, jumlahna antawis tilu dugi ka opat lambar, ditiap-tiap lambarna mangrupi hal penting anu kedah didugikeun.

Metode biantara anu paling cocog digunakeun dina eta situasi nyaeta….

a)

tekstual

b)

memoriter

c)

ekstemporan

d)

impromtu

e)

ngapalkeun

3.

Nalika urang biantara urang kudu bisa ngatur ancad-gancangna atawa tarik-halonna sora nyarita. Ku kituna, biantara ulah rusuh teuing, ulah ngayayay teuing. Kudu bisa ngatur lebah mana kudu anca atawa gancang, lebah mana kudu tarik atawa halon.

Ungkara di luhur netelakeun yen waktu urang nepikeun biantara kudu parigel dina ….

a)

ngatur lentong

b)

ngatur sora

c)

ngatur wirahma

d)

ngatur nada

e)

ngatur paroman

4.

Biantara nyaéta nyarita dihareupeun jalma réa. Tempat nepikeun biantara bisa di kelas, di buruan sakola, masigit, kantor, kalurahan, jeung sajabana.

Conto cutatan biantara ieu di handap, anu ditepikeun di sakola nyaéta ....

a)

“Hadirin, salaku umat Islam anu taqwa mah cirina téh ngalaksanakeun sagala paréntah jeung ngajauhan sagala rupa pagawéan anu dilarang ku Alloh Swt.”

b)

“Ka warga anu teu acan kagungan KTP, dipiharep saenggalna ngadamel serat panganteur ka RT anu tos ditawis ku RW sateuacan disanggakeun ka kalurahan.”

c)

“Mangga, ti kawit ayeuna urang ningkatkeun kaimanan urang ka Alloh Swt. Mugia urang kalebet kana golongan umat anu iman sareng taqwa.”

d)

“Kumargi kitu, sangkan cita-cita urang tiasa tinekanan, hayu ti ayeuna urang langkung daria dina diajar.”

e)

“Sangkan hirup urang sehat, diantarana kudu merhatikeun kaséhatan lingkungan sabudeureun.”

5.

Biantara anu ditepikeun eusina bisa ditambahan ku mamanis basa kayaning sisindiran, babasan, atawa paribasa, sangkan waktu ditepikeun anu ngaregepkeun ngarasa kairut jeung resep ngadengekuenana.

Ungkara di luhur nuduhkeun yen nalika nyusun biantara kudu....

a)

mundel eusina

b)

aktual témana

c)

alus basana

d)

tatag nyaritana

e)

ngandung wirahma

6.

Tengetan!

(1) ngucapkeun salam

(2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

(3) ngucapkeun sukur ka allah

(4) medar tema nu rek ditepikeun

(5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping

sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

(1), (2), jeung (4)

b)

(1), (3), jeung (5)

c)

(2), (4), jeung (5)

d)

(2), (3), jeung (4)

e)

(3), (4), jeung (5)

7.

Dina émutan sim kuring, henteu aya lepatna upami ngalangkungan seni, sadayana sauyunan ngaping, ngageuing para nonoman Sunda supados reueus kana budayana. Anu janten udaganna, supados para nonoman Sunda tiasa ngajénan basa sareng seni titinggal karuhunna. Malah anu ku sim kuring dipiharep  para nonoman Sunda tiasa numuwuhkeun kreatifitas-na. Ari sanés ayeuna iraha deui atuh. Sareng ari sanés ku urang mah atuh ku saha deui tradisi budaya Sunda téh diajénan. Ku kituna, hayu ka para nonoman Sunda urang paheuyeuk heuyeuk leungeun pikeun ngamumule budaya Sunda.

Sempalan eusi biantara di luhur miboga tujuan….

a)

informatif

b)

simpatif

c)

instruktif

d)

rekreatif

e)

persuasif

8.

Sisindiran anu pang cocog ditepikeun dina biantara paturay tineung nyaeta ….

a)

aya manuk dina pager, dina sukuna aya bola

lamun urang hayang pinter, kudu getol ka sakola.

b)

lamun urang meuli uyah, ulah poho meuli cikur

lamun urang hayang bungah, ulah poho rea sukur.

c)

meuli hurang ti ciparay, rék dibeuleum di cicadas

upami urang paturay,bakal nineung matak waas

d)

sing getol nginum jajamu, nu guna nguatkeun urat

sing getol neangan elmu, nu guna dunia akherat

e)

lamun hayang dahar noga, kudu daek nya meulina

lamun hayang asup surga, kudu getol nya solatna.

9.

Sakitu anu kapihatur, bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.

Kalimah di luhur dina bagian biantara téh kaasup kana...

a)

muqodimah

b)

nganuhunkeun ka nu haladir

c)

bubuka biantara

d)

sanduk-sanduk menta hampura

e)

eusi biantara

10.

Baca sempalan biantara ieu di handap!

Sukur tiasa dilakukeun ngalangkungan tilu cara. Ka hiji sukur ku hate; sukur ku hate nyaeta sukur kujalan rido sareng ikhlas kana sagala rupi katangtosan Allah. Ka dua sukur ku lisan; sukur ku lisan nyaeta sukur ku cara dzikir, emut ka Allah bari ngalafadzkeun jenengan-Na. ka tilu sukur ku anggota awak, nyaeta sukur ku cara ngajalankeun sagala rupi parentah-Na sareng nebihan sagala rupi hal-hal anu dilarang ku Allah.

Sempalan biantara di luhur miboga tujuan….

a)

informatif

b)

simpatif

c)

instruktif

d)

rekreatif

e)

persuasif

11.

Tengetan sempalan biantara ieu di handap!

Jalaran manusa kiwari beuki sarakah beuki resep ………… kasaimbangan alam. Saban waktos ………… dituaran di mana-mana, bari langka dipelakan deui sakumaha mistina. Balukarna ………….  darugul, pasir bulistir. urug saban waktos. Banjir saban waktos.

Kecap anu paling cocog pikeun ngeusian titik-titik dina eta biantar nyaeta …, …, jeung ….

a)

ngajaga-huma-jalan

b)

ngaruksak-tatangkalan-gunung

c)

miara-tatangkalan-walungan

d)

ngaruksak-huma-kebon

e)

miara-tatangkalan-gunung

12.

Runtuyan nyusun biantara diantarana nyaeta nangtukeun jejer, neangan bahan, jeung nyusun bagian-bagian biantara.

Neangan bahan pikeun dijadikeun materi biantara bisa dilakukeun ku cara ieu di handap, iwal….

a)

ngalakukeun wawancara ka jalma anu parigel dina widangna.

b)

ngalakukeun observasi anu patali jeung materi biantara  anu rek ditepikeun.

c)

neangan materi anu aya patalina jeung jejer biantara tina buku, koran, majalah.

d)

neangan informasi ngeunaan materi anu aya patalina jeung jejer bianatara tina internet.

e)

nepikeun sawangan pribadi anu aya patalina jeung jejer biantara anu can tangtu kabeneranna.

13.

Rupina mah abdi nyanggem téh moal panjang lébar. Atuh dina raraga miéling poé Sumpah Pemuda ieu, salaku pupuhu OSIS abdi umajak supados urang langkung daria dina ngulik pangarti.

Upama nilik ungkara di luhur, kira-kira iraha waktu biantara éta ditepikeun tanggal...

a)

1 Januari

b)

22 Pebruari

c)

17 Agustus

d)

28 Oktober

e)

25 November

14.

Kaparigelan anu diperlukeun nalika nepikeun biantara nyaeta nembongkeun pasemon anu luyu jeung eusi biantara. Anu disebut pasemon anu luyu teh nyaeta ….

a)

béntés ngalisankeun kekecapan jeung henteu loba ngarandeg dina nyaritana

b)

rasa nyarita dumasar kana eusi biantara

c)

éksprési nu ditémbongkeun, luyu jeung eusi biantara

d)

gerak awak anu éféktif sarta teu kaleuleuwihi

e)

lentongna merenah

15.

Biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu anyar atawa keur rame dipadungdengkeun ku masarakat, lain téma-téma nu geus basi atawa geus lila.

Ungkara di luhur nuduhkeun yen nalika nyusun biantara kudu....

a)

mundel eusina

b)

aktual temana

c)

alus basana

d)

tatag nyaritana

e)

ngandung wirahma