Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan ASAT B. Sunda Kelas 5

Total questions: 60

Worksheet time: 45mins

Name
Class
Date
1.

Anu kaasup kana unsur budaya Sunda, nyaéta ....

a)

Kasenian

b)

manusa

c)

sasatoan

d)

tutuwuhan

2.

Téks anu sawatara kalimahna ngandung unsur alesan, nyaéta ....

a)

téks narasi

b)

téks argumentasi

c)

téks éksposisi

d)

téks déskripsi

3.

Unsur utama tina argumén, nyaéta kalimah ....

a)

pananya

b)

paréntah

c)

wawaran

d)

panyeluk

4.

Kalimah "Abdi mésér buku".

Mun kalimah éta dijieun kalimah pasip, jadi ....

a)

Buku abdi pésér.

b)

Buku dipésérkeun ku abdi.

c)

Buku dipésér ku abdi

d)

Buku dipéséran ku abdi

5.

Lamun teu diamankeun, budaya Sunda bisa ... ku deungeun.

a)

dipaéhan

b)

dimumulé

c)

dihargaan

d)

diantepkeun

6.

Diajar basa Sunda téh kaasup kana salah sahiji cara ... budaya Sunda

a)

ngaruksak

b)

maéhan

c)

ngantepkeun

d)

ngamumulé

7.

Anu lain bagéan tina pakéan adat Sunda keur lalaki, nyaéta ....

a)

iket

b)

kamprét

c)

pangsi

d)

bedog

8.

Bangsa Indonésia téh beungharna ku ....

a)

masalah

b)

kasulit

c)

budaya

d)

aturan

9.

Ilo gambar éta!

waditra musik éta dijieunna tina ....

a)

hoé

b)

awi

c)

kai

d)

beusi

10.

Dihandap anu kaasup unsur budaya Sunda, iwalti ....

a)

bahasa

b)

pagawéan

c)

kalakuan

d)

kasenian

11.

Sasaruanana dina kecap saré, nyaéta ....

a)

hudang

b)

mondok

c)

nyaring

d)

gugah

12.

Salah sahiji wujud kasenian Sunda, nyaéta ....

a)

angklung

b)

tanjidor

c)

saman

d)

pendét

13.

Budaya Sunda diwariskeun ku cara ....

a)

ngajajah bangsa deungeun

b)

nyebarkeun agama

c)

bari dagang

d)

turun tumurun

14.

Sabalikna kecap jangkung, nyaéta ....

a)

luhur

b)

pendék

c)

pondok

d)

korét

15.

Tarékah dina ngamankeun budaya, nyaéta ....

a)

ngawariskeun

b)

ngaruksak

c)

nurutan budaya deungen

d)

maéhan

16.

Bapa ngala buah di buruan.

Kalimah éta mun diganti kana kalimah pasip, nyaéta ....

a)

Buah buruan ngala bapa

b)

Buah ngala bapa di buruan

c)

Buah buruan diala ku bapa

d)

Buah ku bapa diala di buruan

17.

Kuring ... ka sakola.

Kécap anu merenah pikeun ngeusian titik-titik nu bener, nyaéta ....

a)

diuk

b)

nulis

c)

indit

d)

saré

18.

Hartina tina paribasa "Jati kasilih ku junti", nyaéta ....

a)

agul ku turunan atawa kokocoran luhur

b)

lamun henteu daék usaha moal bisa barangdahar, jalma kudu digawé sangkan bisa hirup

c)

Pilih kasih, teu bisa adil

d)

urang pribumi kaéléhkeun ku dengeun atawa tamu

19.

Abdi nuju néda, pun bapa nuju ....

a)

dahar

b)

emam

c)

tuang

d)

nyatu

20.

Alat musik Calung dijieunna tina ....

a)

hoé

b)

awi

c)

kai

d)

beusi

21.

Manuk téh ngahariring dina ....

a)

tangkal rimbun

b)

dadap cangkring

c)

dangdaunan

d)

paré di pasawahan

22.

Kaayaan pasawahan di lembur kuring, nyaéta ....

a)

lega

b)

heureut

c)

biru paul

d)

uplak-aplak

23.

Lembur kuring téh matak ....

a)

betah

b)

senang

c)

tingtrim

d)

nineung

24.

Tingal kana gambar!

Bagéan tina istilah pagunungan éta disebutna ....

a)

pasir

b)

tutugan

c)

lamping

d)

babantar

25.

Nu ngariung keur ... sabab Pérsib keur maén.

Kecap rékaan anu merenah pikeum ngeusian titik-titik éta nyaéta ....

a)

ngagorowok

b)

digorowokkeun

c)

patinggorowok

d)

gogorowokan

26.

Di handap anu kaasup unsur batin sajak, iwalti ....

a)

Téma

b)

Amanat

c)

Rasa

d)

Ékspresi

27.

Mindangkeun sajak ku cara ditalar dihareupeun umum maké peta jeung wirahma disebut ....

a)

Déklamasi

b)

Réklamasi

c)

Proklamasi

d)

Préséntasi

28.

Patali sareng paroman jeung rengkak polah maca sajak, disebut…

a)

tema

b)

ékspresi

c)

nada

d)

amanat

29.

Sajak mangrupakeun...

a)

karya seni

b)

karya lukis

c)

karya sastra

d)

karya idola

30.

Alam Padesaan


Endah alam padesaan

Estu lain pupulasan

Diriung ku gunung-gunung

Dikuriling pasir-pasir

Kidul, kulon, kaler, wetan

Plung-plong matak waas tetenjoan


Sajak di luhur diwangun ku ... padalisan.

a)

3

b)

4

c)

5

d)

6

31.

Bagean walungan anu leah tur deet disebutna ....

a)

lamping

b)

babantar

c)

leuwi

d)

muara

32.

Tingali kana gambar!

Bagéan anu dicirian, disebutna ....

a)

Muara

b)

Pananjung

c)

Teluk

d)

Leuwi

33.

"ulah kameok samemeh dipacok" hartina...

a)

ulah gedag kaanginan

b)

ulah rek ninggalkeun tapi kudu satia

c)

ulah waka ngomong teu bisa samemeh dicoba

d)

ulah popoyok ka jalma anu geus kolot

34.

Ari dina jenisna mah sajak sarua jeung naon…

a)

Pupuh, pupujian, dongeng

b)

Pupuh, mantra

c)

Pupuh, pupujian, mantra

d)

Pupuh, mantra, dongeng

35.

Di Perpustaan mah réa buku ....

a)

maca

b)

macaan

c)

bacaan

d)

babacaan

36.

Néng, cing ... surat, geus kurang kabaca ku aki mah!

a)

bacaan

b)

pangmacakeun

c)

dibacaan

d)

dipangmacakeun

37.

Di handap anu teu kaasup kana kritéria meunteun déklamasi sajak nyaéta ....

a)

Wirahma

b)

Wirasa

c)

Wiraga

d)

Wirangrong

38.

Tingali kana gambar!

Istilah pasawahan dumasar kana gambar, nyaéta ....

a)

pawinian

b)

situ

c)

leuwi

d)

galengan

39.

Asri jadi béntang kelas dina saméster ayeuna.

Béntang kelas hartina ....

a)

pangpinterna

b)

bagéan tina tata surya

c)

panggeulisna

d)

teu naék kelas

40.

Conto harti Dénotatif aya dina kalimah ....

a)

Téh Caca jadi kembang désa.

b)

Pa Rusman meunang amplop gedé ti pamaréntah.

c)

Budak téh teu dibéré haté ku indungna.

d)

Dewi ningal béntang di langit tadi peuting.

41.

Dina pupuh magatru aya ... jajar.

a)

4

b)

3

c)

6

d)

5

42.

Sora dina sakabeh tungtung jajaranana disebut ....

a)

guru wilangan

b)

guru lagu

c)

pada

d)

padalisan

43.

silih asuh pada batur.

Guru lagu dina potongan pupuh di luhur nyaéta ....

a)

u

b)

a

c)

r

d)

t

44.

Sasaruaan kecap tina handap asor nyaéta ....

a)

daékan

b)

beresih haté

c)

sopan

d)

adigung

45.

kecap sabalikna leleda x ....

a)

kedul

b)

kesit

c)

jempe

46.

Ari nu disebut padalisan dina pupuh téh sarua hartina jeung ....

a)

paragraf

b)

bait

c)

jajar

d)

kecap

47.

Lamun urang bisa hirup akur jeung batur akibatna ....

a)

bakal loba musuh

b)

hirup walagri

c)

teu bisa mawa diri

d)

ka mamana tangtu ngatog

48.

Watek pupuh magatru téh, nyaéta...

a)

sayaga rék perang

b)

gumbira

c)

pikaseurieun

d)

papatah, sedih atawa prihatin

49.

Paribasa ulah kabawa ku sakaba-kaba ngandung harti ....

a)

kabita ku barang nu matak picilakaeun

b)

goreng haté, resep nyilakakeun batur

c)

kabawa ku omongan nu matak nyilakakeun batur

d)

ngan paparéntah baé

50.

Ti baheula oge kuring jeung Mirna mah ... nu hese rek dipisahkeunnana.


Kecap nu saluyu keur ngalengkepan

kalimah di luhur nyaeta ....

a)

sobat dalit

b)

musuh

c)

ngahiji

d)

teu akur

51.

Baca pupuh éta!

Tema pupuh di luhur nyaéta ....

a)

miara lingkungan

b)

babaturan

c)

nyiar élmu

d)

kaduhung

52.

Titénan kalimah ieu di handap!


Maos di tempat anu poék bisa ngareksak soca.


Kecap anu dicetak miring tur digaris handapan sami sareng ....

a)

panon

b)

panangan

c)

mastaka

d)

pangambeu

53.

Kecap sinonim tina bangké nyaéta ....

a)

bugang

b)

salempay

c)

guyur

d)

sailon

54.

Kecap di handap ieu ngagaduhan harti nu sami sareng kecap gumbira, iwalti ....

a)

bungah

b)

atoh

c)

bagja

d)

seubeuh

55.

Antonim tina kecap jempling nyaéta ....

a)

beunghar

b)

caang

c)

gandéng

d)

pinter

56.

Lamun diadu lumpat, puguh waé kalinci nu meunang da kalinci mah ..., ari kuya mah ....

a)

laun, gancang

b)

gancang, laun

c)

caang, poék

d)

rajin, kedul

57.

Anu kaasup kalimah langsung nyaéta ....

a)

Adi nyarita yén anjeunna badé ameng ka Bandung.

b)

Pak guru nyaram barudak sangkan ulah garandéng di kelas.

c)

Agus nyebutkeun yén anjeunna téh urang Garut.

d)

"Dinten ayeuna bade belajar naoan, Pa?" ceuk abdi naros ka Pa Guru.

58.

Bentuk kalimah langsung tina kalimah "Bapak nyarita ka abdi yén baheula mah anjeunna resep maén badminton" nyaéta ....

a)

Bapak nyarita ka abdi, "Baheula mah bapak resep maén badminon."

b)

Bapak nyarita yen baheula abdi resep maén badminton.

c)

Abdi nyarita ka bapak yén baheula abdi resep maén badminton.

d)

Abdi nyaritakeun bapak yén baheula mah anjeunna resep maén badminton.

59.

Kecap diuk sami hartina sareng kecap ....

a)

ngadapang

b)

calik

c)

gogoléran

d)

ngagolér

60.

Badudu ngajakan ka abdi, "Hayu ah urang diajar bareng!"


Bentuk kalimah teu langsung tina kalimah di luhur nyaéta ....

a)

Abdi ngajakan Badudu diajar bareng.

b)

Hayu diajar bareng ceuk Badudu ka Abdi.

c)

Badudu ngajakan diajar bareng ka abdi.

d)

Badudu diajarkeun babarengan ku abdi.