WorksheetsNASKAH SOAL PSKK BAHASA SUNDA KELAS 7
Total questions: 25
Worksheet time: 39mins
Wacana 1
KESANG KANYAAH
Kenging : Saepuloh, S. Ag
Mun Nyungsi Wanci Gelar Kadunya
Awak Taranjang Bari Wungkul Ludira
Koceak Nu Munggaran
Ngahudangken Kanyaah Indung Nu Keur Satengah Sakarat
Nyawa Indung Ngagantung
Antara Hirup Jeung Paeh
Awak Jibreg Ku Kesang Kanyaah
Cimata Murubut Lantaran Deudeuh
Kacape Jeung Kahariwang Ilang Sirna
Anaking Geus Lahir Walagri
Gelar Sampurna, Waluya Cara Manusa
Kiwari Teu Pegat Nyaahna
Kalimah “ Keur Satengah Sakarat.” Dina sajak di luhur nuduhkeun kajadian nu karandapan ku indung nu keur ngalahirkeun?
Bungah
Honcewang
Paeh
Nyaah
Paraprase/amanat anu merenah tina sajak “ KESANG KANYAAH “ nya éta….
Nyaritakeun hiji indung anu balik heula ti pangperangan ku sabab rek ngalahirkeun heula
Nyaritakaeun hiji indung anu keur nungkulan nu ngalahirkeun
Nyaritakeun hiji indung anu geus teu kuat ngalaman kasusah dina ngalahirkeun
Nyaritakeun hiji indung anu keur nandangan kahoncewang nalika ngalahirkeun anakna
Sajak mangrupa karya sastra anu dianggit tur kauger ku padika nulis sajak, kayaning diksi, wirahma, panjangna kalimah jst. Husus anu patali jeung ma’na dina sajak mah umumna lain sabenerna, tapi kiasan anu disebut ?
(a)
Wacana 2
MERI
(Apip Mustopa)
Di alam dunya
Asana moal aya
Nu bisa hirup sauyunan
Cara meri saabrulan
Mun nu ngangona nitah ka katuhu
Bring Ngatuhu
Mun nu ngangon nitah ka kenca bring ngenca
Bari disarada wek wek wek
Di alam dunya
Asana moal aya
Nu bisa hirup basajan
Cara meri saabrulan
Dahar cukup saaya-aya
Kumaha nu rek maraban
Conto sajak di luhur ngandung amanat keur nu maca atawa nu ngaregepkeun sangkan hirup ….
Jawaban lewih ti hiji
Sabilulungan
Sauyunan
Sapapait samamanis
Ulah merhatikeun batur
Sajak nu eusina nembongkeun marudahna batin dirina sorangan nu dibarengan ku sagala rupa luang atawa pangalaman, sikep atawa suasana batin nu marenganana. Sajak nu kitu kaasup kana sajak …
Jawaban lewih ti hiji
Dramatis
Dramatis
Lirik
Lirik
Lamun nengetan kana “feeling” conto sajak di luhur bakal karasa kana hate nyeredet sedih taya papadana. “Feeling” hartina sarua jeung …
Rasa
Rasa
Nada
Wirahma
Maksud neuleuman heula eusi sajak samemeh maca atawa ngadeklamasikeun sajak nyaeta sangkan bisa ?
Ebrehna jiwa katembong sacara fisik dina paroman (mimik) jeung pasang peta (gestur). Paroman dina maca sajak anu pikasediheun bener-berner nembongkeun roman anu sedih, mun bungah bener-bener roman bungahna teh.
Ungkara diluhur nerangkeun cara maca ajak nu patali jeung …
Ekspresi
Wirahma
Lentong
Tempo
Wacana 3
Sasakala Situ Bagendit
Jaman baheula, aya awewe anu kacida beungharna. Rajakayana bru di juru bro di panto ngalayah ditengah imah. Hanjakal meditna teu katulungan. Ku urang lembur, eta awewe teh katelahna Nyi Endit, ku medit-meditna.
Pagawean Nyi Endit teh sapopoena ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu coceng atawa leungit. Rajakayana unggal waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan di pake. Ari sababna, sagala lebar, sagala nyaah. Tong boro dipake tutulung ka batur, dalah dipake ku dirina sorangan ge kahayangnamah ulah.
Hiji mangsa, datang aki-aki siga nu langlayeuseun. Eta aki-aki teh pok nyarita ka Nyi Endit, “Nyai nyuhunkeun sih piwelas. Aki geus sababaraha poe teu kararaban sangu”.Ngadenge lumengisna aki-aki, keur Nyi Endit mah lain matak timbul rasa karunya, tapi kalah malik ambek. Aki-aki teh di usir sapajodogan.
Isukna, eta aki-aki teh geus jol deui, bari ngelingan Nyi Endit sangkan daek tutulung kanu butuh, tatalang kanu susah. Tapi hate Nyi Endit angger ngabatu. Sakali deui eta aki-aki nu pikarunyaeun teh di usir sapajodogan.
Katilu kalina, aki-aki datang deui. Ayeuna mah ku Nyi Endit teh teu di tungguan lila-lila aya diburuan imahna, langsung diusir. Aki-aki teh carinakdak bakat ku nalangsa. Ceb namceb iteukna di buruan imah Nyi Endit, tuluy ngaleos indit teuing kamana. Boro-boro jalmana, dalah iteukna oge keur Nyi Endit mah matak ngaganggu. Ngan bae eta iteuk teh dicekel tuluy dicabut. Tapi kacida ngarenjagna manehna, basa ningali tina urut iteuk nanceb teh ngaburial cai gede pisan. Nyi Endit undur-unduran.
Beuki lila cai nu ngaburial teh beuki ngagulidag sarta beuki gede. Malah antukna ngeueum sakur nu aya di dinya. Mimitina semet mumuncangan, naek kana tuur, ngeueum dada, sarta tuluy salaput sirah. Nyi Endit teukaburu nyalametkeun dirina jeung rajakayana anu ngagunung. Kabeh kakeueum, sarta urutna jadi situ anu kacida legana. Eta situ katelah Situ Bagendit, dicokot tina ngaran Nyi Endit.
(diropea tina kumpulan dongeng rakyat Pemda Kabupaten Garut)
Dongeng “Sasakala Situ Bagendit” kaasup kana dongeng ….
Fabel
Legenda
Parabel
Mite

Sarengsena hidep maca sempalan dongeng di luhur, tangtu ku hidep katiten aya sabaraha palaku nu dicaritakeun ku pangarang. Cik sebutkeun para palaku nu aya dina sempalan dongeng “ Sasakala Situ Bagendit ” di luhur
Nyi Endit
Neng Banyu
Jang Situ
Ki Endit
Salah sahiji tujuan pangarang nulis karangan dongeng teh nyaeta piken nepikeun amanat. Amanat naon nu hayang ditepikeun ku pangarang dina eusi sempalan dongeng “Sasakala Situ Bagendit”?
(a)
Dongeng anu ngandung amanat sosial kudu daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah
nyaeta …
Dongeng Si Kabayan
Kuya jeung Monyet Maling Cabe
Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
Sasakala Situ Bagendit
Dumasar kana eusina dongéng téh aya sababaraha jenis. Pasangkeun pernyataan di handap jeung jenis dongéngna nu geus disayogikeun dina tabél !
Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas jalma.
Fabel
Dongéng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa tapi miboga karakter anu mahiwal ti batur atawa miboga karakter anu bisa jadi picontoeun dina kahirupan.
Parabel
Dongéng anu eusina raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembutan atawa hal-hal anu gaib.
Mite
Dongéng anu nyaritakeun asal muasal kajadian ngaran hiji tempat, barang, sasatoan 1) atawa tutuwuhan.
Legenda
Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian ayawa jalma anu ngandung unsur sajarah
Sagé
Jodohkeun ku hidep unsur intrinsik anu aya dina dongeng !
Palaku
Jalma/Sato
Galur
Jalana carita
Latar
Tempat
Tema
Jejer
Amanat
Pesan pesan
Pek ringkes ku hidep dongeng anu aya dilingkungan hidep jieun sa paragraf !
Wacana 4
ANAK ADAM
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara Anak Adam pasaran téh lolongséran
Umur anjeun di dunya téh moal lila saban poé saban peuting gegeroan
Anak Adam umur anjeun téh ngurangan Anak Adam anjeun kaluar ti imah
Saban poé saban peuting dicontangan digarotong dina pasaran tugenah
Anak Adam paéh anjeun téh nyorangan Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
Cul anak cul salaki jeung babandaan rup ku padung rup ku lemah adi sieun
Anak Adam paéh euweuh nu dibawa Anak Adam di kubur téh poék pisan
Ngan asiwung jeung boéh nu dibawa nu nyaangan dikubur téh maca Quran
1Wacana anu judulna “Anak Adam” mangrupa conto pupujian anu eusina mangrupa….
Ajaran Kanagaraan
Sholawat ka Nabi
Pépéling
Ajaran Kaagamaan
Kasimpulan pupujian “Anak Adam” nyaeta …. jawaban lewih tihiji
Ngelingan ka manusa sangkan getol nyiar elmu
Ngelingan ka manusa yen urang hirup di dunya teh moal lila
Ngelingan ka manusa sangkan getol wudhu
Netelakeun yen nu bakal nyaangan di alam kubur teh maca Qur’an
Pek pilih ku hidep pupujian anu eusina pepeling …. jawaban lewih tihiji
Do’a Nabi Adam
Anak Adam
Nabi Urang Sadayana
Eling-Eling Umat
Tangtukeun ku hidep judul pupujian dumasar kana euis teks pupujianna !
Kakuping suara adzan dimasjid ti katebihan
Singhoreng teh ngawartosan ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di imah salagi aya masjid mah
Pribumi atawa semah hayu urang berjama’ah
Kakuping Suara Adzan
Robbana ya robbana dolamna anfusana
Wailam tagfirlana watarhamna lanakulana minal khosirin
Duh gusti pangeran abdi, abdi dolim kana diri
Pami gusti teu ngahampura tangtos abdi janten jalmi anu rugi
Do’a Nabi Adam
Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh pangeran abdi sanes ahli surga namung teu kiat nandangan naraka
Mugi gusti ngahampura dosa nukaliwat
Tobat Dosa
Tuliskeun jenis pupujian anu nyaritakeun sajarah Nabi Muhammad SAW !
Wacana 5
Pangalaman Pribadi
Wasta abdi Afrijal, dina danget ieu, abdi bade ngadugikeun pangalaman sasasih kalangkung waktos kahujanan dina dinten Salasa ping 25 Mei abdi mios ka sakola teh sorangan, margi kakantun ku rerencangan. Leumpang teh rurusuhan da sieun kasiangan, di satengahing jalan breg teh hujan ageung pisan. Kaleresan abdi teu ngabantun pajeng, atuh abdi teh rancucut kahujanan.
Dugi kasakola abdi kabulusan, sakujur awak ngagibrig atuh abdi teuwantun lebet ka kelas da bilih ngaganggu kanu sanes. Jabi ti kitu dina lebetnage moal panceg diajarna pangpangna moal kiat isin ku rerencangan, abdi nguliwed ka jamban maksad bade nuuskeun anggoan nanging teucios da teu ngabantun gentos, antukna abdi ngajengjen di lawang jamban, abdi kalintang bingungna naon anu kedah dilakukeun kalah samar polah, hate tagiwur, jantung degdegan, rasa sieun, bingung, sareng tiris pacampur janten hiji.
Lantaran awakna rancucut akhirna Afrijal samar polah, samar polah teh hartina teu puguh gawe lantaran…….jawaban lewih ti hiji
Kaweur, sieun atawa era
Teuneung jeung ludeung
Tagiwur, bingung jeung reuwas
Bungah jeung sugema
Kecap “ Kabulusan “ dina teks pangalam pribadi di luhur nuduhkeun kana kecap:
Benda
Sifat
Ka Ayaan
Pagawean
Naon kajadian penting nu luyu jeung teks di luhur :
Kudu mawa salin kasakola
Ulah rurusuhan datang kasakola
Mun kahujann ulah asup ka kelas
Ulah eraan, kudu wanter diajar nganepikeun nu ka Randapan
Jieun karangan carita pangalaman pribadi kalawan tema bebas!
Nalika hidep nyieun karangan pangalaman pribadi, naon wae bagean dina eusi rangkay karangan ?