wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ashila sunda

Total questions: 60

Worksheet time: 38mins

Name
Class
Date
1.

Pupuh Kinanti


Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Ngalayang kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih


Aya sabara padalisan pupuh di luhur?

a)

4 padalisan

b)

5 padalisan

c)

6 padalisan

d)

7 padalisan

2.

Pupuh Kinanti


Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Ngalayang kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih


Guru wilangan jeung guru lagu padalisan katilu pupuh diluhurnyaeta?

a)

8-a

b)

8-i

c)

8-u

d)

8-e

3.

Pupuh Sinom


Di wetan fajar balebat

Panon poe arek bijil

Sinarna ruhay burahay

Kingkilaban beureum kuning

Campur wungu saeutik

Kaselapan semu biru

Tanda Batara Surya

Bade lumungsur ka bumi

Murub mubyar langit sarwa hurung herang


Guru wilangan jeung guru lagu dina eta pupuh nyaeta ....

a)

7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

b)

8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a

c)

7-a, 8-i, 12-a, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 8-a, 8-i

d)

7-a, 8-i, 12-a, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u

4.

Kota Bogor katelahna?

a)

puser kota

b)

Kota Intan

c)

Kota Hujan

d)

sasakala Sangkuriang

5.

Mun hujan katutuluyan, Dayeuh Kolot mah sok kabanjiran. Tuluy sarerea pindah saheulaanan ka tempat nu aman.

Kalimah nu digurat handap sarua hartina jeung ....

a)

eureun

b)

caah

c)

datang

d)

ngungsi

6.

Winda teu sakola wae ti kamari.

Kecap ti kamari hartina nyaeta ....

a)

katerangan

b)

jejer

c)

caritaan

d)

udagan

7.

Kiper teh nyaeta ....

a)

nu ngangon meri

b)

nu dagang di jalan

c)

nu ngajaga gawang

d)

nu markiran

8.

Naon ngaran barang nu biasa digunakeun di sawah?

a)

bedog

b)

pacul

c)

arit

d)

palu

9.

Naha urang kudu nyarita make bahasa sunda nu merenah tur sopan?

a)

sangkan lancar nyarita bahasa sunda

b)

sangkan capetang nyarita bahasa sunda

c)

sangkan silih hormat papada jalma

d)

sangkan sayogi nalika pasanggiri

10.

Kecap paguneman saharti jeung ....

a)

ngobral

b)

ngobrol

c)

ngaharewos

d)

ngawangkong

11.

Pupuh asmarandana ngagambarkeun watek nu kumaha?

a)

kagumbiraan

b)

kasedih

c)

kahariwang

d)

kanyaah

12.

Ngagalindangkeun kawih hartina sarua jeung ....

a)

ngawih

b)

nyawer

c)

ngamen

d)

nganyam

13.

Mulih sarua hartina jeung ....

a)

dongkap

b)

sumping

c)

mios

d)

wangsul

14.

Lawan kecap goreng nyaeta?

a)

alus

b)

buruk

c)

awon

d)

teu sae

15.

Candi Cangkuang aya di ....

a)

Magelang, Jawa Tengah

b)

Sleman, DIY

c)

Garut, Jawa Barat

d)

Kampar, Riau

16.

Resya nembe mulih mudik ti Ciamis. Resya nyandak oleh-oleh kanggo rerencangan na di sakola.

Noan katuangan ciri khas ti Ciamis teh ....

a)

moci

b)

dodol

c)

galendo

d)

peuyeum

17.

Tempat wisata nu aya di Sumedang nyaeta?

a)

Cadas Pangeran

b)

Gunung Tangkuban Parahu

c)

Ujung Genteng

d)

Laut Santolo

18.

Saha wae nu kaasup pahlawan nasional dina widang atikan?

a)

Sam Ratulangi jeung Ir. H. Juanda

b)

RA Kartini jeung Raden Otto Iskandardinata

c)

Kyai Haji Ahmad Dahlan jeung Pangeran Diponegoro

d)

Raden Dewi Sartika jeung RA Kartini

19.

Ngaran anak munding nyaeta ....

a)

eneng

b)

buruy

c)

utek-utek

d)

ciak

20.

Daun sampeu keur .... domba

a)

katuangan

b)

ngala

c)

miara

d)

parab

21.

Saumpama ditengetan, pupujian di gigir kagolong kana ….

a)

doa jeung tobat

b)

pépéling

c)

solawat sajarah Nabi

d)

ajaran agama

22.

Pupujian di gigir ditunjukeun pikeun ….

a)

muslimin

b)

saha waé

c)

muslimat

d)

muslimin jeung muslimat

23.

Pupujian di gigir dihaleuangkeun dina waktu ….

a)

saacan solat asar

b)

ba’da salat asar

c)

waktu solat magrib

d)

ba’da magrib

24.

Anu jadi pibekeleun tur kawajiban keur di dunya dumasar pupujian di  gigir, nyaeta ….

a)

puasa

b)

ngadoa

c)

solat

d)

ihtiar

25.

Pupujian biasana dihaleuangkeun di ….

a)

pasar

b)

sakola

c)

masjid

d)

imah

26.

Ieu kauntungan solat berjamaah, iwal ….

a)

dileungitkeun kapakiranana

b)

dibéré buku belah katuhu

c)

teu dihisab asup ka surgana

d)

ngaliwatan cukang cara laun

27.

Salah sahiji conto ngahémat listrik, nu bisa dilakukeun ku barudak sakola, nyaéta …

a)

nutup keran cai sabada digunakeun

b)

ngagunakeun sapéda ka sakola saumpama deukeut

c)

teu nyadiakeun TV di imah

d)

mareuman kipas angina, mukakeun jandéla

28.

Pakakas di gigir biasa dipake ...

a)

macul

b)

ngored

c)

nyapu

d)

melah suluh

29.

Ngaran pakakas di gigir nyaeta ...

a)

arit

b)

bedog

c)

kampak

d)

peso

30.

Mang Udin keur melahan suluh maké ….

a)

arit

b)

peso

c)

gacok

d)

kampak

31.

Mana anu kaasup bahan bakar minyak (BBM)?

a)

solar, prémium

b)

motor, bensin

c)

minyak tanah, kompor

d)

listrik, batré

32.

Anu lain pakakas éléktronik nyaéta ...

a)

radio

b)

TV

c)

motor

d)

magic com

33.

Mana stiker anu merenah jeung gambar di gigir !

a)

Tos réngsé ngango, cabut deui kabelna

b)

Saméméh saré pareman TV na

c)

Yu ngaboséh! Séhat awak jeung dompét

d)

Leumpang ngarah séhat

34.

Pék ... buku téh kana tas.

Kecap anu merenah keur kalimat di luhur nyaéta ...

a)

asupan

b)

asupkeun

c)

asupna

35.

.... baju téh ngarah garing.

a)

bébérkeun

b)

bébéran

c)

bébéréan

d)

bébérna

36.

Kelas kotor kudu ....

a)

disapukeun

b)

disapuan

c)

diasupkeun

d)

sapuna

37.

Mana kecap anu merenah?

a)

Geura sapuna kelas téh

b)

Ti mana asupna ucing téh?

c)

Saréan tong dina korsi

d)

Kopi téh pait kénéh. Tambahna gulana

38.

Ari teu dipaké mah ... atuh lampu téh!

a)

hurungkeun

b)

pareman

c)

caangan

d)

caangkeun

39.

Mana sumber énérgi anu bakal béak?

a)

panon poé

b)

angin

c)

cai

d)

minyak bumi

40.

Ngaran PLTA anu aya di Sukabumi, jalan ka Palabuan Ratu nyaéta ...

a)

Ubrug

b)

Jatiluhur

c)

Saguling

d)

Cirata

41.

Pidangan seni karawitan Sunda anu ditepikeun ku sora manusa disebutna ..

a)

karawitan gending

b)

karawitan sekar

c)

karawitan sekar gending

d)

karawitan gending-gending

42.

Pidangan calung kaasup kana karawitan ..

a)

sekar gending

b)

sekar

c)

gending

d)

sekar-sekar

43.

Pidangan karawitan anu ditepikeun ngan ku sora tatabeuhan wungkul disebut ..

a)

karawitan sekar

b)

karawitan gending sekar

c)

karawitan sekar gending

d)

karawitan gending

44.

Sawér kaasup kana karawitan ...

a)

gending

b)

sekar

c)

sekar gending

d)

gending sekar

45.

Nu nembang dina sawér sok disebut ...

a)

juru demung

b)

juru masak

c)

juru sawér

d)

juru pupuh

46.

Sawér téh mangrupa lagu anu eusina ...

a)

bobodoran

b)

carita

c)

tatarucingan

d)

naséhat

47.

Lagu anu sok dikawihkeun ku barudak di pilemburan mangsa arulin, sok disebut ..

a)

pupuh

b)

nyanyian

c)

kakawihan

d)

kaulinan

48.

Dihandap aya conto kaulinan urang lembur anu teu makė pakakas, nyaėta ...

a)

gatrik

b)

sorodot gaplok

c)

oray-orayan

d)

jajangkungan

49.

Ngaran kaulinan diluhur nyaėta ...

a)

sorodot gaplok

b)

ucing-ucingan

c)

jajangkungan

d)

sondah

50.

Kaulinan urang lembur di luhur, disebutna ...

a)

congklak

b)

sorodot gaplok

c)

ucing sumput

d)

gatrik

51.

Lagu anu sok dikawihkeun ku barudak di pilemburan mangsa arulin disebut na..

a)

kaulinan

b)

kakawihan urang lembur

c)

karawitan gending

d)

sawėr urang lembur

52.

Kakawihan anu bėbas wirahmana disebut ogė ...

a)

sekar merdika

b)

sekar aantayan

c)

sekar apalan

d)

sekar tatabeuhan

53.

Ayang-ayanggung kaasup kana kakawihan ...

a)

sekar apalan

b)

sekar rėngkak tironan

c)

sekar korėlasi

d)

sekar merdika

54.

Kakawihan anu dilagukeun bari jeung ngaréngkak gerakna niron sasatoan, tatangkalan jeung sajabana disebutna ...

a)

sekar apalan

b)

sekar rėngkak tironan

c)

sekar tatabeuhan

d)

sekar aantayan

55.

Kakawihan urang lembur anu kaasup sekar rėngkak tironan, nyaėta ...

a)

ayang-ayanggung

b)

paciwit-ciwit lutung

c)

ambil-ambilan

d)

oray-orayan

56.

Kakawihan anu rumpakana saluyu jeung kahirupan barudak, saperti ngeunaan pentingna nabung, hormat ka kolot, disebutna ...

a)

sekar aantayan

b)

sekar korėlasi

c)

sekar tatabeuhan

d)

sekar merdika

57.

Wangun lagu Sunda anu wirahmana bėbas, sok disebut ..

a)

pupuh

b)

tembang

c)

kawih

d)

kakawihan

58.

Jumlah pupuh Sunda aya ..

a)

genep belas rupa

b)

tujuh belas rupa

c)

dalapan belas rupa

d)

salapan belas rupa

59.

Nu teu kaasup tata cara midangkeun sekar nyaėta ..

a)

ngawasa sikep

b)

ngajiwaan lagu

c)

ngawasa tėhnik nyora

d)

ngawasa carita Sunda

60.

Alat musik anu aya diluhur ngarana ..

a)

gamelan

b)

kacapi

c)

angklung

d)

karinding celempung