wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Biografi

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Doel Sumbang

       Taun 1980-an ngaran Doel Sumbang mimiti kakoncara dina widang seni. Ieu seniman nu dilahirkeun di Badung téh kaasup jalma nu gedé paniténna kana basa Sunda. Buktina waé lagu-laguna lain dina basa Indonesia wungkul, tapi ogé dina basa Sunda.

      Ieu seniman nu kungsi nganggit lagu pop Sunda Pangandaran téh kungsi sakola di SMA BPI Bandung jeung SMA Ma’arif Bandung. Hasil tina rékaman jeung minton di unggal daérah téh teu dikeukeuweuk ku sorangan, tapi ogé dipaké pikeun kapentingan sosial.

Anu dicaritakeun dina paragraf kadua dina wacana di luhur téh ngeunaan….

a)

karir Doel Sumbang

b)

sohorna Doel Sumbang

c)

lagu-lagu Doel Sumbang

d)

lahirna Doel Sumbang

e)

sakolana Doel Sumbang

2.

Mohammad Toha, Pahlawan Bandung Selatan

Tengah peuting, basa kabéh anggota laskar sararé, Toha jeung Ramdan katut reguna, rerencepan ngalolos ti markas mapay susukan, motong jalan ka pasawahan, kebeneran poék bulan. Unggal aya kingkilaban, maranéhna gancang caringogo nyumput handapeun tangkal Cau, Hiris, atawa Kihujan. Lebah sasak beusi Dayeuhkolot, maranéhna meuntas jalan.

Paragraf di luhur nyaritakeun ngeunaan....

a)

M. Toha jeung reguna motong jalan

b)

M. Toha jeung reguna meuntas jalan

c)

M. Toha jeung reguna nyarumput

d)

M. Toha jeung reguna kabur ti markas

e)

M. Toha jeung reguna sararé tengah peuting

3.

Godi Suwarna

     Salah sahiji pangarang Sunda nu karyana euyeub pisan, gumelarna di Tasikmalaya ping 23 Mei 1965. Ayeuna matuh di Ciamis. Mimiti daria ngarang sajak jeung carpon dina basa Sunda ti mimiti taun 1967 nalika masih keneh jadi mahasiswa di IKIP Bandung tug nepi ka kiwari. Salian éta anjeuna téh salaku pangarang novel, fiksimini sarta karya-karya laina.

     Buku kumpulan sajakna nu geus medal diantarana nyaéta Jagat Alit (1979), Surat-surat Kaliwat (1982), Blues Kere Lauk (1992), jeung sajak Dongeng Si Ujang (1998). Sajak-sajakna oge aya nu dikumpulkeun dina Antologi Puisi Sunda Mutakhir bareng jeung karya-karya Eddy D. Iskandar, Yoseph Iskandar jeung rea-rea deui.

Sempalan diluhur téh ka asup kana....

a)

Autobiografi

b)

Biografi    

c)

Biodata

d)

Otobiografi

e)

Pangalaman

4.

Dumasar tabel di gigir, nu kaasup unsur biografi nu bener ditunjukeun ku nomer....

a)

1-2-3-4-5-6-8-9

b)

1-2-3-5-6-7-8-9

c)

1-2-3-4-5-7-8-9

d)

1-2-4-5-7-8-9-10

e)

1-3-4-6-7-8-9-10

5.

Dina unsur biografi atawa otobiografi salah sahijina dedegan jeung pasipatan. Dedegan hartina...

a)

Lalakon          

b)

Bentuk awak

c)

Pikiran

d)

Sikep

e)

Kaleuwihan

6.

bedana biografi jeung otobiografi téh nyaéta.....

a)

otobiografi mah lalakon hirup nu ditulis ku batur, biografi mah lalakon hirup nu ditulis ku sorangan.

b)

Otobiografi téh lalakon prestasi, ari biografi mah lalakon hirup

c)

Otobiografi téh carita lalakon hirup dina wangun lancaran, ari biografi mah dina wangun ugeran

d)

Otobiografi karangan riwayat hirup anu ditulis ku sorangan, biografi mah ditulis ku batur

e)

a.     Otobiografi téh lalakon hirup jalma anu geus maot, biografi mah lalakon hirup jalma anu hirup kénéh.

7.

Baca sing taliti!

Dina taun 1923 (Masih keneh di bangku sakola), anjeuna geus nyiptakeun "Serat Kanayagan", (sistim nada) da-mi-na-ti-la, kalawan nulis buku tiori seni sora Sunda, dijudulan Elmuning Kawih Sunda. tuntas namatkeun sakola, ditempatkeun jadi guru di HIS Sumedang (1927-1932).

Biografi anu ditulis di luhur nyaritakeun unsur biografi bagian......

a)

Tempat jeung tanggal lahir

b)

dedegan jeung pasifatan

c)

karya, prestasi atawa hasil gawe

d)

jalma-jalma anu dianggap penting jeung gede jasana dina kahirupan

e)

cita-cita jeung harepan nu kahontal jeung nu can kahontal

8.

Mamah Dédéh téh pituin urang Sunda. Anjeuna lahir di Ciamis. Sakolana gé nepi ka SMA mah di Ciamis. Tuluy pindah ka Jakarta lantaran kudu kuliah. Nya ti harita nganjrek di Jakarta lantaran bumén-bumén jeung urang Betawi.

Biografi anu ditulis di luhur nyaritakeun unsur biografi bagian......

a)

Asal usul kulawarga

b)

Riwayat pendidikan

c)

Karir atawa pagawéan

d)

Karya

e)

Penghargaan

9.

Tapi katempo pan ku urang kumaha seger jeung sumangetna mun keur ceramah. Cerdas deuih, mun aya patarosan ti hadirin ngeunaan masalah naon baé, ku anjeunna mah teu weléh diwaler bari jelas dalil-dalilna. Boh dalil anu dicandak tina Qur’an boh tina hadis.

Biografi anu ditulis di luhur nyaritakeun unsur biografi bagian......

a)

Asal usul kulawarga

b)

karakter

c)

Karir atawa pagawéan

d)

karya

e)

Penghargaan

10.

Mamah Dédéh horéng sok dipiwarang diajar ceramah ti leuleutik kénéh. Waktu di SD anjeuna sok diilukeun kana acara-acara imtihan. Nincak ka SMP beuki wanteran. Ku ramana sok dijujurung masihan ceramah di majlis ta’lim. Komo sanggeus anjeunna ku ramana dilebetkeun ka Pendidikan Guru Agama (PGA), ceramahna beuki mindeng.

Biografi anu ditulis di luhur nyaritakeun unsur biografi bagian......

a)

Pikiran

b)

Riwayat pendidikan

c)

Karir atawa pagawean

d)

Karya

e)

Penghargaan