Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAS Basa Sunda Kelas 7

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Saha nu ngarorok Dayang Sumbi téh?

a)

Jin

b)

Siluman

c)

Wayungyang

d)

Si Tumang

2.

Saha sobat sakadang kuya téh?

a)

Monyet

b)

Maung

c)

Peucang

d)

Ajag

3.

Naon anu dipelak ku sakadang Monyét?

a)

Jantung cau

b)

Tangkal cau anakna

c)

Cauna

d)

Siki cau

4.

Di mana kuya jeung monyét melak cauna?

a)

Sawah

b)

Walungan

c)

Wahangan

d)

Kebon

5.

Cau saha anu pangheulana buahan téh?

a)

Monyet

b)

Kuya

c)

Dua-duana

d)

Teu aya nu buahan

6.

Lalakon sakadang Kuya jeung sakadang Monyét dina dongéng di luhur kaasup kana unsur intrinsik, nyaéta….

a)

Jejer

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Galur

7.

Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut unsur…..

a)

Jejer

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Galur

8.

Idé, gagasan, atawa poko pikiran anu ngajiwaan carita disebut ….

a)

Jejer

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Galur

9.

Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna…

a)

Carpon

b)

Novél

c)

Sajak

d)

Dongéng

10.

Salah sahiji ciri karangan dongéng téh nyaéta ….

a)

Palakuna jin jeung siluman

b)

Témana ngeunaan kahirupan raja

c)

Loba ditulis dina buku atawa majalah

d)

Dina eusi caritana loba nu pamohalan

11.

Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….

a)

Sage

b)

Fabél

c)

Parabél

d)

Legénda

12.

Dumasar kana eusina, dongéng anu disebut legénda téh nyaéta….

a)

Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun.

b)

Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.

c)

Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib.

d)

Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.

13.

Dumasar eusina, "Nyi Roro Kidul" kaasupna kana wanda dongéng …..

a)

Sage

b)

Parabél

c)

Legénda

d)

Mite

14.

Naon jejer wawaran di luhur téh?

a)

Sarat-sarat nepangan petugas tata usaha

b)

Sarat-sarat nyérénkeun potokopian

c)

Sarat-sarat ngajengkeun béasiswa

d)

Sarat-sarat nelepon Pa Agus

15.

Salasahiji fungsi wawaran téh pikeun….

a)

Nepikeun niat hade kalawan sopan

b)

Mangaruhan babaturan deukeut

c)

Nepikeun informasi ka balaréa

d)

Nepikeun kahayang ka batur

16.

Naék turuna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut….

a)

Lafal

b)

Lentong

c)

Volume

d)

Réngkak

17.

Di antara media éléktronik nu bisa dipaké pikeun nepikeun wawaran….

a)

Koran

b)

Bulletin

c)

Majalah

d)

Internet

18.

Di antara tatakrama nepikeun wawaran secara lisan téh….

a)

Sikep awak kudu sangeunahna

b)

Sora kudu ngoncrang tur écés

c)

Maké baju weuteuh tur mahal

d)

Kudu bari diuk dina korsi

19.

Wacana di luhur disebut…..

a)

Wawaran

b)

Warta

c)

Béja

d)

Iklan

20.

Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ka asup kana wawaran?

a)

Manéh téh lain sarjana?

b)

Sarjana lulusan mana éta budak téh?

c)

Ah piraku teu bisa nu kitu-kitu acan!

d)

Néng Marni parantos lulus janten sarjana.

21.

Eusi sajak diluhur nyaeta ngagambarkeun….

a)

Kaéndahan alam Kota Bandung nu katelah Kota Kembang.

b)

Kaéndahan alam Jawa Barat anu ramah tur merenah.

c)

Kageulisan wanoja urang Sunda nu katelah mojang Priangan.

d)

Kaéndahan alam tatar Sunda nu katelah Priangan.

22.

Sajak anu judulna "Priangan" diwangunku….pada jeung….padalisan.

a)

2 pada 5 padalisan

b)

2 pada 6 padalisan

c)

2 pada 7 padalisan

d)

2 pada 8 padalisan

23.

Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ngabogaan harti konotatif?

a)

Kembang malati seungitna nyambung ka mana-mana.

b)

Jalma beunghar mah kudu loba sodakoh.

c)

Geus pada apal Linda téh kembang Désa di lemburna.

d)

Lamun beunghar ku raja kaya ulah korét.

24.

Pangarang sunda anu naratas gelarna sajak dina taun 1946-an téh, nyaéta….

a)

Kis. W.S.

b)

Ajip Rosidi

c)

Dodi Suwarna

d)

Wahyu Wibisana

25.

Wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe disebut …

a)

Prosa

b)

Drama

c)

Puisi

d)

Teater

26.

Sistim tanda-tanda tulisan nu ngawakilan omongan tur dipake pikeun komunikasi nyaeta …

a)

Abjad

b)

Aksara

c)

Huruf

d)

Sora

27.

Aksara sunda teh asalna tina aksara …

a)

Arab

b)

Tionghoa

c)

Laten

d)

Brahmi

28.

Aksara teh jadi …. Paradaban antara mangsa prasajarah jeung mangsa sajarah.

a)

Ciri

b)

Fungsi

c)

Wates

d)

Pangbeda

29.

aksara Sunda kuno kapanggih dina meduim ieu di handap, iwal …

a)

prasasti

b)

naskah

c)

piagem

d)

sajarah

30.

aksara anu di wanguku konsonan (wianjana) jeung sora /a/ disebut aksara …

a)

ngalagena

b)

rarangken

c)

swara

d)

angka