Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latian Soal ASAT kelas 8 (Babasan Paribasa Guguritan)

Total questions: 80

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Jalaran aya nu baris didugikeun, hapunten simkuring seja ngiring jabung tumalapung dina ieu majelis.

Dina sempalan kalimah biantara di luhur nu mana nu kaasup kana babasan ....

a)
seja ngiring
b)
jabung tumalapung
c)
dina ieu majelis
d)
hapunten simkuring
2.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Teu nyangka sacongo buuk, upami simkuring kedah ngadeg kanggo biantara di dieu manawi sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna. Hadirin hormateun sim kuring. Diayakeun ieu acara dina raraga paturay tineung. Simkuring salaku wawakil ti sadaya siswa kelas salapan, neda dihapunten ka pangersa ibu kalih bapa guru. Wiréh sim kuring saparakanca moal luput tina kalepatan, boh nu karaos atanapi nu teu karaos. Neda agung nya paralun jembar pangampurana, ku galih anu wening ku manah anu setra. Ngarumaoskeun jalmi anu sepi ku harti tuna ku pangabisa.

Sempalan biantara di luhur, mangrupakeun pangbagéa nu didugikeun ku wawakil siswa kelas 9 dina acara paturay tineung. Nu kaasup kana babasan dina sempalan biantara di luhur nyaéta ....

a)
raraga paturay tineung
b)
sasieureun sabeunyeureun
c)
sepi ku harti tuna ku pangabisa
d)
sim kuring saparakanca
3.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Teu nyangka sacongo buuk, upami simkuring kedah ngadeg kanggo biantara di dieu manawi sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna. Hadirin hormateun sim kuring. Diayakeun ieu acara dina raraga paturay tineung. Simkuring salaku wawakil ti sadaya siswa kelas salapan, neda dihapunten ka pangersa ibu kalih bapa guru. Wiréh sim kuring saparakanca moal luput tina kalepatan, boh nu karaos atanapi nu teu karaos. Neda agung nya paralun jembar pangampurana, ku galih anu wening ku manah anu setra. Ngarumaoskeun jalmi anu sepi ku harti tuna ku pangabisa.

Sempalan biantara di luhur, mangrupakeun pangbagéa nu didugikeun ku wawakil siswa kelas 9 dina acara paturay tineung. Nu kaasup kana paribasa dina sempalan biantara di luhur nyaéta ....

a)
raraga paturay tineung
b)
sasieureun sabeunyeureun
c)
sepi ku harti tuna ku pangabisa
d)
sim kuring saparakanca
4.
Ditilik tina maksudna paribasa téh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaéta paribasa wawaran luang, paribasa pangjurung laku hadé, jeung paribasa panyaram lampah salah. Nu dimaksud paribasa wawaran luang nyaéta ...
a)
ngajurung atawa maréntahkeun sangkan migawé kahadéan
b)
ngébréhkeun pangalaman atawa kajadian anu biasa dipilampah ku hiji jalma
c)
nyarék atawa nyaram milampah kalakuan anu goréng
d)
babandingan perlambang lakuning hirup
5.
Nu dimaksud paribasa pangjurung laku hadé nyaéta ...
a)
ngajurung atawa maréntahkeun sangkan migawé kahadéan
b)
ngébréhkeun pangalaman atawa kajadian anu biasa dipilampah ku hiji jalma
c)
nyarék atawa nyaram milampah kalakuan anu goréng
d)
babandingan perlambang lakuning hirup
6.
Nu dimaksud paribasa panyaram lampah salah nyaéta ...
a)
ngajurung atawa maréntahkeun sangkan migawé kahadéan
b)
ngébréhkeun pangalaman atawa kajadian anu biasa dipilampah ku hiji jalma
c)
nyarék atawa nyaram milampah kalakuan anu goréng
d)
babandingan perlambang lakuning hirup
7.
Anu kaasup kana paribasa wawaran luang nyaéta ....
a)
kawas cai dina daun taleus
b)
kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
c)
nyair hurang meunang kancra
d)
omong harus batan goong
8.
Anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hadé nyaéta ....
a)
kawas cai dina daun taleus
b)
kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
c)
nyair hurang meunang kancra
d)
omong harus batan goong
9.
Anu kaasup kana paribasa panyaram lampah salah nyaéta ....
a)
uyah tara téés ka luhur
b)
ngudag-ngudag kalangkang heulang
c)
nété tarajé nincak hambalan
d)
endog saparatagan tara peupeus kabéh
10.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Santi téh sosobatan jeung Dwi. Kamamana teu weléh duaan. Sanajan mindeng babarengan, éta budak téh tara katingali paséa layeut waé salawasna. Sikep Santi jeung Dwi téh keuna kana paribasa ....

a)
kawas gula jeung peueut
b)
mangkok emas eusi madu
c)
paanteur-anteur julang
d)
nu asih dipulang sengit
11.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Sakitu diurus ti leuleutik, dipikanyaah tu bubudak tapi Sarman mah teu nyaho males budi ka kulawarga Pa Udin téh. Sanggeus manéhna jadi jalma anu suksés, geus tara kungsi nganjang deui ka imah Pa Udin. Sakali mangsa Pa Udin nganjang ka imahna, kalahka diusir sapajodogan. Cenah teu wawuh ka manéhna. Sikep Sarman téh sarua jeung paribasa ....

a)
kawas gula jeung peueut
b)
mangkok emas eusi madu
c)
paanteur-anteur julang
d)
nu asih dipulang sengit
12.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Ujang Samhari budakna pikayungyuneun, lungguh timpuh, hadé tata hadé basa, handap asor tur amis budi, katurug hadé rupa. Tapi tara ieuh sombong ka sasama atawa ka sahandapeun, komo ka saluhureun. Omonganana jujur adat jeung budina hadé. Sikep Ujang Samhari keuna kana paribasa ....

a)
kawas gula jeung peueut
b)
mangkok emas eusi madu
c)
paanteur-anteur julang
d)
nu asih dipulang sengit
13.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Pabuburit Anis diajak ka imah Rina. Rina keueungeun rék balik ka imahna téh sabab di jalanna geus simpé. Anis nolak, sabab manéhna teu ludeung balik deui ka imahna. Rina keukeuh maksa Anis kudu indit waé. "Tong hariwang pan engké ku kuring dianteurkeun deui Nis", ceuk Rina. Kalakuan Anis jeung Rina téh paribasa....

a)
kawas gula jeung peueut
b)
mangkok emas eusi madu
c)
paanteur-anteur julang
d)
nu asih dipulang sengit
14.
Ku lantaran basana geus pakem tangtu waé babasan teu bisa dirobah, boh ungkarana boh kekecapanana. Babasan téh aya nu ngupamakeun kalakuan anu hadé aya ogé kalakuan anu goréng. Nu kaasup kana babasan ngupamakeun kalakuan hadé nyaéta ....
a)
amis budi, hampang birit, tiis leungeun
b)
bodas ceuli, panjang leungeun, gedé hulu
c)
amis budi, hampang birit, panjang leungeun
d)
panjang léngkah, kurung batok, leutik burih
15.
Nu kaasup kana babasan ngupamakeun kalakuan goréng nyaéta ....
a)
amis budi, hampang birit, tiis leungeun
b)
bodas ceuli, panjang leungeun, gedé hulu
c)
amis budi, hampang birit, panjang leungeun
d)
panjang léngkah, kurung batok, leutik burih
16.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Kalayan ngucapkeun syukur ka kahadirat Alloh SWT, anu parantos ngalimpahkeun Rahmatna ogé karuniana, nu ngalantarankeun urang sadaya tiasa tepang deui rempug jukung dina ieu acara, teu hilap sholawat miwah salam salamina dilimpahkeun ka Kersana Kanjeng Nabi Muhamad SAW. Dina dinten ayeuna urang sadayana kempel dina raraga mieling poé Pancasila nu baris dilaksanakeun kegiatan gotong royong kerja bakti, teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun ka kersana bapa Kepala sakola, Bapa ibu guru, miwah staf tata usaha, ogé ka sadaya tamu uleman anu dipihormat.

Sempalan biantara di luhur, ditepikeun dina acara gotong royong kelurahan. Nu kaasup kana babasan dina biantara di luhur nyaéta ....

a)
salam salamina
b)
kalayan ngucapkeun
c)
raraga miéling
d)
rempug jukung
17.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Mugia Bapa miwah Ibu kersa ngahapunten kana kalepatan sareng kaluluputan simkuring saparakanca, mugia balungbang timur, jalan gedé sasapuan, caang bulan opat belas.

Mamanis basa dina sempalan biantara di luhur kaasup kana jenis ....

a)
wawangsalan
b)
paribasa
c)
babasan
d)
paparikan
18.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Hapunten, simkuring téh sanés badé mapatahan ngojay ka meri, nanging aya sawatawis perkawis anu hoyong didugikeun, minangka kereteg ati ti wawakil nonoman Sunda.

Mamanis basa dina sempalan biantara di luhur kaasup kana jenis ....

a)
wawangsalan
b)
paribasa
c)
babasan
d)
paparikan
19.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Anumawi simkuring dongkap ka dieu téh, jauh dijugjug anggang ditéang, ku margi badé aya nu didugikeun ka Ibu miwah Bapa sadayana.

Mamanis basa dina sempalan biantara di luhur kaasup kana jenis ....

a)
babasan
b)
pupujian
c)
paribasa
d)
purwakanti
20.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Mugia pamaksadan hidep sadayana tiasa kauntun tipung katambang béas, lungsur langsar sagala rupina.

Mamanis basa dina sempalan biantara di luhur kaasup kana jenis ....

a)
babasan
b)
pupujian
c)
paribasa
d)
purwakanti
21.

Pék perhatikeun kalimahna pilih jawaban anu bener saluyu jeung bacaan ieu di handap!

Kanggo ka pangantén mugia tiasa runtut raut sauyunan, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.

Mamanis basa dina sempalan biantara di luhur kaasup kana jenis ....

a)
babasan
b)
pupujian
c)
paribasa
d)
purwakanti
22.
Babasan jeung paribasa téh kaasup kana pakeman basa. Eusi téh babandingan sipat hiji barang atawa kaayaan anu lain harti sajalantrahna atawa harti sabenerna. Jadi, nu dimaksud babasan téh nyaéta ....
a)
ucapan matok nu geus puguh éntép seureuhna nu dipaké dina harti injeuman sarta geus ngawangun hiji kecap atawa frase
b)
ucapan matok nu geus puguh éntép seureuhna nu dipaké dina harti injeuman sarta geus ngawangun hiji kalimah
c)
babandingan perlambang lakuning hirup biasana ngawangun hiji kalimah atawa omongan anu geus puguh éntép seureuhna
d)
babandingan perlambang lakuning hirup biasana ngawangun hiji kalimah atawa omongan anu geus puguh éntép seureuhna teu bisa dirobah atawa ditambahan ku kecap sbabandingan perlambang lakuning hirup biasana ngawangun hiji kalimah atawa omongan anu geus puguh éntép seureuhna teu bisa dirobah atawa ditambahan ku kecap séjén
23.
Paribasa gé mangrupakeun salah sahiji pakeman basa. Nu dimaksud paribasa téh nyaéta ....
a)
ucapan matok nu geus puguh éntép seureuhna nu dipaké dina harti injeuman sarta geus ngawangun hiji kecap atawa frase bisa dirobah atawa ditambahan kecap pikeun nambahan harti
b)
ucapan matok nu geus puguh éntép seureuhna nu dipaké dina harti injeuman sarta geus ngawangun hiji kalimah bisa dirobah atawa ditambahan kecap pikeun nambahan harti
c)
babandingan perlambang lakuning hirup biasana ngawangun hiji kalimah atawa omongan anu geus puguh éntép seureuhna
d)
babandingan perlambang lakuning hirup biasana ngawangun hiji kalimah atawa omongan anu geus puguh éntép seureuhna bisa dirobah atawa ditambahan ku kecap lianna
24.
Harti babasan "bodas ceuli" nyaéta ....
a)
kurang élmu jeung pangalaman
b)
borangan
c)
euweuh kawani
d)
teu beubeunangan
25.
Harti babasan "ngégél curuk" nyaéta ....
a)
kurang élmu jeung pangalaman
b)
borangan
c)
euweuh kawani
d)
teu beubeunangan
26.
Harti babasan "heureut pakeun" nyaéta ....
a)
kurang élmu jeung pangalaman
b)
borangan
c)
euweuh kawani
d)
teu beubeunangan
27.
Jalma atawa pamingpin nu bijaksana, adil jeung bisa méré putusan nu matak mangpaat keur balaréa paribasana ....
a)
leuleus jeujeur liat tali
b)
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
c)
pagiri-giri calik pagirang-girang tampian
d)
ngadék sacékna nilas saplasna
28.
Mun dileukeunan atawa dipigawé saeutik-saeutik tangtu bakal aya hasilna mangrupakeun harti paribasa ....
a)
leuleus jeujeur liat tali
b)
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
c)
pagiri-giri calik pagirang-girang tampian
d)
ngadék sacékna nilas saplasna
29.
Embung éléhan sok hayang pangluhurna waé mangrupakeun harti paribasa ....
a)
leuleus jeujeur liat tali
b)
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
c)
pagiri-giri calik pagirang-girang tampian
d)
ngadék sacékna nilas saplasna
30.
Jalma nu jujur jeung teges omonganana mangrupakeun harti paribasa ....
a)
leuleus jeujeur liat tali
b)
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
c)
pagiri-giri calik pagirang-girang tampian
d)
ngadék sacékna nilas saplasna
31.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Watek guguritan di luhur nyaéta ....

a)
ngagambarkeun rasa sedih,tiiseun atawa cilaka
b)
ngagambarkeun silih asih jeung nasehat
c)
ngagambarkeun kabungah jeung kaagungan
d)
ngagambarkeun sumanget anu ngagedur
32.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Upama ditilik tina wangunna, téks di luhur téh mangrupa guguritan. Dumasar kana wangunna, guguritan kaasup kana wangun ....

a)
puisi
b)
prosa
c)
drama
d)
karawitan
33.
Persib nu Kuring Urang Sunda mikanyaah mikacinta deudeuh geugeut ka Persib dipuji dipuja Persib nu saréréa Persib nu kuring nu abdi nu urang Sunda nu uing nu silaing Teu halangan hujan angin dor dar gelap mun Maung Bandung tandang paduli di mana komo maén di kandang pada ngajugjug geus pasti mun Persib marag di mana gé disungsi Upama ditilik tina wangunna, guguritan di luhur kaasup pupuh...
a)
mijil
b)
durma
c)
maskumambang
d)
kinanti
34.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Guguritan di luhur, dina sapadana diwangun ku...

a)
2 padalisan
b)
6 padalisan
c)
7 padalisan
d)
8 padalisan
35.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Guguritan di luhur eusina nyaritakeun ngeunaan ....

a)
pamaén Persib
b)
bobotoh Persib
c)
palatih Persib
d)
jujuluk Persib
36.

Persib nu Kuring
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
deudeuh geugeut ka Persib
dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
nu urang Sunda
nu uing nu silaing

Teu halangan hujan angin dor dar gelap
mun Maung Bandung tandang
paduli di mana
komo maén di kandang
pada ngajugjug geus pasti
mun Persib marag
di mana gé disungsi

Jujuluk Persib anu disebut dina guguritan di luhur nyaéta....

a)
Pangeran Biru
b)
Persib nu kuring
c)
Viking Bandung
d)
Maung Bandung
37.
Persib nu Kuring Urang Sunda mikanyaah mikacinta deudeuh geugeut ka Persib dipuji dipuja Persib nu saréréa Persib nu kuring nu abdi nu urang Sunda nu uing nu silaing Teu halangan hujan angin dor dar gelap mun Maung Bandung tandang paduli di mana komo maén di kandang pada ngajugjug geus pasti mun Persib marag di mana gé disungsi Patokan guru wilangan jeung guru lagu dina guguritan di luhur nyaéta...
a)
12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-i, 7-i
b)
12-i, 7-a, 6-a, 7-i, 8-i, 5-i, 7-i
c)
12-i, 7i, 6-i, 7-i, 8-a, 5-a, 7-a
d)
12-a, 7-a, 6-i, 7-i, 8-a, 5-a, 7-a
38.
Guguritan nyaéta karangan nu diwangun ku wangun pupuh. Pupuh Sunda kabagi jadi dua nyaéta sekar ageung jeung sekar alit. Pupuh Kinanti kaasup kana pupuh ....
a)
sekar ageung
b)
sekar alit
c)
anggana sekar
d)
rampak sekar
39.
Ieu pupuh di handap nu kaasup kana pupuh sekar alit nyaéta ...
a)
asmarandana
b)
maskumambang
c)
dangdanggula
d)
kinanti
40.
Nu disebut pupuh dina sastra Sunda nyaéta ...
a)
puisi anu dipidangkeun ku cara dikawihkeun
b)
puisi nu kauger katangtuan guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisan dina sapadana
c)
salah sahiji bentuk karya sastra nu mangrupa karangan eusina ngeunaan lalakon atawa carita ngeunaan hiji hal
d)
puisi nu teu kauger ku katangtuan atawa biasa ogé disebut sajak
41.

Anak kancra sesebutanana badal
piyik anak japati
ari anak kuda
éta belo ngaranna
bilatung mah anak ucing
anak buhaya
bocokok cenah gening

Guguritan di luhur kauger make katangtuan pupuh …

a)
mijil
b)
durma
c)
kinanti
d)
balakbak
42.

Anak kancra sesebutanana badal
piyik anak japati
ari anak kuda
éta belo ngaranna
bilatung mah anak ucing
anak buhaya
bocokok cenah gening

Aya sabaraha pada guguritan di luhur ....

a)
sapada
b)
dua pada
c)
tujuh pada
d)
dalapan pada
43.

Anak kancra sesebutanana badal
piyik anak japati
ari anak kuda
éta belo ngaranna
bilatung mah anak ucing
anak buhaya
bocokok cenah gening

Upama ditilik tina eusina, guguritan di luhur téh nyaritakeun ngeunaan ....

a)
ngaran anak sasatoan
b)
rupa-rupa sato
c)
sato di kebon binatang
d)
rupa sasatoan
44.
Anak kancra sesebutanana badal piyik anak japati ari anak kuda éta belo ngaranna bilatung mah anak ucing anak buhaya bocokok cenah gening Guru wilangan jeung guru lagu guguritan di luhur nyaéta …
a)
12a, 8i, 7a, 6a, 10i, 6a, 7i
b)
12a, 6i, 6a, 7a, 8i, 5a, 6i
c)
12a, 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i
d)
12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
45.
Adat Jalma Sipat jalma adat masing-masing nu rajin nu getol nu balabah soméah daréhdéh wijaksana tulatén gumati lantip amis budi ampuh lungguh timpuh Aya jalma kucem haseum budi basangkal bedegong pelit pedit korét kékéréhét barangasan culika curaling kecing leutik burih harak judes julig Ari golongan pasipatan jelema anu goreng nyaéta …
a)
harak judes julig
b)
binekas binangkit
c)
sabar handap asor
d)
lantip amis budi
46.

Adat Jalma
Sipat jalma adat masing-masing
nu rajin nu getol
nu balabah soméah daréhdéh
wijaksana tulatén gumati
lantip amis budi
ampuh lungguh timpuh

Aya jalma kucem haseum budi
basangkal bedegong
pelit pedit korét kékéréhét
barangasan culika curaling
kecing leutik burih
harak judes julig

Guguritan di luhur maké patokan pupuh …

a)
mijil
b)
ladrang
c)
dangdanggula
d)
pangkur
47.

Adat Jalma
Sipat jalma adat masing-masing
nu rajin nu getol
nu balabah soméah daréhdéh
wijaksana tulatén gumati
lantip amis budi
ampuh lungguh timpuh

Aya jalma kucem haseum budi
basangkal bedegong
pelit pedit korét kékéréhét
barangasan culika curaling
kecing leutik burih
harak judes julig

Dina guguritan di luhur, guru lagu dina padalisan kagenep nyaéta ....

a)
6
b)
u
c)
i
d)
7
48.
Dina guguritan atawa pupuh, sora tungtung dina unggal padalisan disebut ....
a)
guru wilangan
b)
guru lagu
c)
pada
d)
padalisan
49.
Dina guguritan, lobana engang dina unggal padalisan disebut ....
a)
guru wilangan
b)
guru lagu
c)
pada
d)
padalisan
50.
Istilah "guru lagu", saupama dina wangun puisi "sisindiran" mah sok disebutna purwakanti. Jadi, nu disebut "guru lagu" téh nyaéta ....
a)
sora vokal tungtung dina unggal padalisan
b)
rucatan atawa penggalan kecap dina unggal padalisan
c)
sora vokal tungtung dina unggal pada
d)
jumlah baris dina unggal pada
51.
Istilah "engang" dina wangun "sisindiran", sarua jeung istilah "guru wilangan" dina "pupuh". Jadi, nu disebut "guru wilangan" nyaéta ....
a)
sora vokal tungtung dina unggal padalisan
b)
rucatan atawa penggalan kecap dina unggal padalisan
c)
sora vokal tungtung dina unggal pada
d)
jumlah baris dina unggal pada
52.

Kanyaah indung teu aya bandingna
hargaan indung kuring
Ngandung téh teu gampang
Tong hilap ka jasana
Nu geus ngajaga ti leutik
mun hoyong surga
Ajénan indung kuring

Bapa mangrupikeun imah kulawarga
Jalmi anu terpenting
dina kulawarga
Nu ngorbankeun sagala
Bapa hampurakeun abdi
nu sok ngalawan
hormati bapa kuring

Karya: Alika Zahiraa

Eusi guguritan di luhur nyaritakeun ngeunaan ....

a)
kanyaah indung
b)
jasana bapa
c)
kudu hormat ka sepuh
d)
kudu hormat ka indung
53.

Kadé kudu bisa jaga diri
Urang ulah poho
Unggal isuk moyan panon poé
Jaga jarak masing-masing diri
kudu ati-ati
sok gera ngagugu

Sabab panyakit jaman kiwari
terus ngadodoho
komo mun masker poho dipaké
Tangtu urang anu bakal rugi
Diajar tarapti
Séhat nu dituju

Karya: Aufaa Khansa

Eusi guguritan di luhur nyaritakeun ngeunaan ....

a)
ngajaga diri ku cara hirup séhat tur tarapti
b)
Ngajaga diri ku cara moyan panon poé
c)
rupa-rupa panyakit jaman kiwari
d)
ngajaga diri ku cara maké masker
54.
Nyieun atawa ngarang guguritan sok disebut ...
a)
ngagurit
b)
ngadangding
c)
nyadur
d)
narjamahkeun
55.
Lamun urang ngarang guguritan kudu apal heula pupuh anu jumlahna aya 17. Diantarana aya nu kagolong pupuh sekar ageung anu ngawengku ....
a)
kinanti, sinom, asmarandana, durma
b)
kinanti, asmarandana, dangdanggula, gurisa
c)
asmarandana, dangdanggula, durma, sinom
d)
kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula
56.
Pupuh anu loyog keur ngagambarkeun suasana peperangan atawa sumanget nu ngagedur nyaéta ...
a)
asmarandana
b)
balakbak
c)
dangdanggula
d)
durma
57.
Pupuh anu loyog keur ngagambarkeun eusi haté anu keur nganti-nganti atawa ngadago nyaéta ...
a)
dangdanggula
b)
gurisa
c)
juru demung
d)
kinanti
58.

Pék tengetan ieu guguritan di handap!

Dinten ieu éstu bingah ati
Ku jalaran panceg milangkala
Kénging kurnia ti Alloh
Réhing nambihan umur
Tepung taun umur sim abdi
Henteu weléh neneda
Ka Gusti nu Agung
Malar umur téh mangpaat
Tebih bahla turta pinarinan rijki
Sumujud ka Pangéran

Patokan guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaéta ....

a)
10i, 10a, 8o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
b)
10i, 10a, 8e, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
c)
10i, 10a, 8i, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
d)
10i, 10a, 8o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7u
59.

Pék tengetan ieu guguritan di handap!

Dinten ieu éstu bingah ati
Ku jalaran panceg milangkala
Kénging kurnia ti Alloh
Réhing nambihan umur
Tepung taun umur sim abdi
Henteu weléh neneda
Ka Gusti nu Agung
Malar umur téh mangpaat
Tebih bahla turta pinarinan rijki
Sumujud ka Pangéran

Dumasar kana patokan guru lagu jeung guru wilangan, guguritan di luhur ditulis maké ugeran pupuh ....

a)
asmarandana
b)
mijil
c)
dangdanggula
d)
lambang
60.

Titénan ieu kalimah-kalimah di handap!
1. Wawacan leuwih panjang eusina ti batan guguritan
2. Wawacan ngawangun hiji carita sedengkeun guguritan mah henteu
3. Wawacan mah pupuhna ngan hiji sedengkeun guguritan mah loba
4. Wawacan pupuhna loba sedengkeun guguritan mah ngan hiji

Pernyataan anu bener nyaéta ....

a)
1, 2, 3
b)
2, 3, 4
c)
1, 3, 4
d)
1, 2, 4
61.
Seni maca wawacan téh sok disebut ....
a)
beluk
b)
nembang
c)
ngawih
d)
sandiwara
62.
Ngahaleuangkeun guguritan téh sok disebut ....
a)
beluk
b)
nembang
c)
ngawih
d)
sandiwara
63.
Wawacan téh boga struktur anu mandiri ngawengku ....
a)
kolofon, alofon, eusi
b)
alofon, eusi, kolofon
c)
alofon, manggalasastra, kolofon
d)
kolofon, manggalasastra, eusi
64.
Anu ngarang Wawacan Panji Wulung nyaéta ....
a)
Yus Rusyana
b)
R.H. Muhammad Musa
c)
R.H. Abdussalam
d)
Dedy Windyagiri
65.
Guguritan nepi ka kiwari aya kénéh nu nulisna. Salah sahijina Lagu Ngajadi, kumpulan guguritan anu medal di taun 2014 karyana ...
a)
Dian Héndrayana
b)
Wahyu Wibisana
c)
Yus Rusyana
d)
Dyah Padmini
66.
Jaladri Tingtrim mangrupikeun kumpulan guguritan karya ...
a)
Dian Héndrayana
b)
Wahyu Wibisana
c)
Yus Rusyana
d)
Dyah Padmini
67.
Riring-riring Ciawaking mangrupikeun kumpulan guguritan karya ...
a)
Dian Héndrayana
b)
Wahyu Wibisana
c)
Yus Rusyana
d)
Dyah Padmini
68.
Wawacan populér pisan dina abad ka-19 nepi ka awal abad ka 20. Malah nepi ka pertengahan abad ka-20 masih aya nu ngarang wawacan. Ngan kiwari beuki langka anu nulis wawacan, ku sabab ....
a)
eusina biasana ngébréhkeun rasa haté atawa pikiran nu ngarangna
b)
struktur wawacan unik nyaéta ngandung manggalasastra, carita, jeung kolofon
c)
kagésér ku novél anu beuki dieu beuki populér
d)
pupuh anu dipakéna biasana hiji
69.
Ngembang di Makam Nenggang karya Dedy Windyagiri Husu hening ngembang di makam nyengceling samoja keur mangkak angin tiis ngahiliwir nebak daun tingarulang Curug nyéah di landeuh lir nu ngageuri wahangan umpalan urut hujan peuting tadi cluk-clak sora cikaracak Guguritan di luhur ditulis maké pupuh ....
a)
sinom
b)
maskumambang
c)
durma
d)
pangkur
70.

Ngembang di Makam Nenggang
karya Dedy Windyagiri

Husu hening ngembang di makam nyengceling
samoja keur mangkak
angin tiis ngahiliwir
nebak daun tingarulang

Curug nyéah di landeuh lir nu ngageuri
wahangan umpalan
urut hujan peuting tadi
cluk-clak sora cikaracak

Suasana anu kagambar atawa karasa dina guguritan di luhur nyaéta ....

a)
kaduhung, hanjelu, hanjakal
b)
senang, gumbira, bagja
c)
nyeri, nalangsa, peurih
d)
banyol, heureuy, pikaseurieun
71.

Nya Ieu Masjid Nabawi
karya Yus Rusyana

Aya munara ngagenclang
lampu reunceum tingkaretip
katémbong ti kaanggangan
mutuh matak narik ati
harita téh janari
panasaran naon itu
tapi teu kedal nanya
disidem di jero ati
dipapantes Masjid Nabawi téh éta

Barang bréh ti kadeukeutan
Tétéla geuningan masjid
panyangka henteu nyalahan
nya ieu Masjid Nabawi
masjid éndah tur rasmi
kuring moro solat subuh
asup ti beulah wétan
manjing ka masjid utami
cararaang mawa hégar kana rasa

Guguritan di luhur ditulis maké pupuh ....

a)
sinom
b)
asmarandana
c)
dangdanggula
d)
kinanti
72.

Nya Ieu Masjid Nabawi
karya Yus Rusyana

Aya munara ngagenclang
lampu reunceum tingkaretip
katémbong ti kaanggangan
mutuh matak narik ati
harita téh janari
panasaran naon itu
tapi teu kedal nanya
disidem di jero ati
dipapantes Masjid Nabawi téh éta

Barang bréh ti kadeukeutan
Tétéla geuningan masjid
panyangka henteu nyalahan
nya ieu Masjid Nabawi
masjid éndah tur rasmi
kuring moro solat subuh
asup ti beulah wétan
manjing ka masjid utami
cararaang mawa hégar kana rasa

Suasana anu kagambar atawa karasa dina guguritan di luhur nyaéta ....

a)
senang, gumbira, bagja
b)
nyeri, nalangsa, peurih
c)
simpé, bingung, sedih
d)
heureuy, banyol, pikaseurieun
73.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Aya sabaraha pada guguritan di luhur téh ....

a)
tilu
b)
genep
c)
dalapan belas
d)
hiji
74.
Pék perhatikeun ieu guguritan di handap! Sasambatna Anu Késrék Aduh Gusti Anu Maha Suci Sim abdi rumaos Pangna abdi dumugi késrék Réh ka sepuh atos wantun ngusir Takabur sareng dir Téga nundung sepuh Pédah sepuh hina sareng miskin Sangsara kokoro Ku sim abdi dihina ditokér Moal boa manahna mah ngerik Lir digerih hinis Manahna mo lipur Gaduh maksad rék babalik pikir Mung anu didongdon Weléh lapur teu kapendak baé Sepuh ngiles teu kasungsi deui Leungit tanpa lebih Abdi bati bingung Guguritan di luhur ditulis maké wangun pupuh ....
a)
mijil
b)
magatru
c)
maskumambang
d)
durma
75.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Eusi guguritan di luhur téh nyaritakeun perkara ....

a)
budak nu doraka ka sepuhna
b)
budak nu babakti ka sepuhna
c)
budak nu bageur ka sepuhna
d)
budak nu reueus ka sepuhna
76.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Ku naon pangna tokoh "sim abdi" di luhur ngusir kolotna ....

a)
manahna ngerik lir digerih hinis
b)
sabab gaduh maksad rék babalik pikir
c)
pédah késrék
d)
pedah sepuh hina jeung miskin
77.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Guguritan di luhur téh hayang nepikeun amanat naon ....

a)
kudu babakti ka sepuh tong nepika nganyerikeun haténa
b)
kudu ngusir sepuh méh meunang panyakit késrék
c)
upama sepuh hina sareng miskin tur sangsara teu nanaon diusir gé, asal ditéang deui
d)
upama sepuh nuju susah urang kudu ngadu'akeun
78.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Aya sabaraha pada guguritan di luhur ....

a)
tilu
b)
genep
c)
dua belas
d)
dalapan belas
79.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Guru wilangan jeung guru lagu dina guguritan di luhur nyaéta ....

a)
10i, 70, 10 é, 10i, 6i, 6u
b)
10i, 6o, 10é, 10i, 6i, 6u
c)
10i, 6o, 10é, 11i, 6i, 6u
d)
10i, 6o, 9é, 10i, 6i, 6u
80.

Pék perhatikeun ieu guguritan di handap!
Sasambatna Anu Késrék

Aduh Gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi késrék
Réh ka sepuh atos wantun ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh

Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna mah ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles teu kasungsi deui
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung

Suasana atawa watek tina pupuh nu dipaké dina guguritan di luhur nyaéta ....

a)
keuheul, lumampah
b)
tamba kesel
c)
heureuy pikaseurieun
d)
simpé, bingung, sedih