wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAS GENAP BAHASA SUNDA KELAS VIII

Total questions: 30

Worksheet time: 2hrs 30mins

Name
Class
Date
1.
  1. 1. Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda, anu dimaksud warta téh nyaéta ...

a)

Carita

b)

Inpormasi

c)

Beja

d)

Kajadian

2.
  1. 2. Sok sanajan dipidangkeun ngaliwatan télépisi jeung radio, saenyana warta dijieunna dina wangun ...

a)

Tinulis

b)

Paguneman

c)

Lisan

d)

Bewara

3.
  1. 3. Ieu di handap média nu digunakeun pikeun nepikeun warta, iwal ...

a)

Koran

b)

Poster

c)

Majalah

d)

Internet

4.
  1. 4. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur warta, nyaéta ...

a)

Naon

b)

Naha

c)

Kumaha

d)

Ka mana

5.
  1. 5. Israél beuki némbongkeun bangsa pangtelengesna sadunya. Maranéhna terus ngirimkeun kakuatan militérna ka Libanon jeung Paléstina. Dina poé kamari wungkul (25/06), puluhan bom ngarusak pamukiman sipil di Beirut, Libanon, jeung daérah Gaza, Paléstina.

Eusi warta di luhur nyaéta ...

a)

perang Israél

b)

serangan Israél ka sababaraha nagara di jalur Gaza

c)

perang Libanon

d)

perang Gaza jeung Irak

6.
  1. 6. Ieu di handap mangrupa tujuan nepikeun warta, iwal ...

a)

Pangajak

b)

Nepikeun inpormasi

c)

Iklan

d)

Kaulinan

7.
  1. 7. Ieu di handap anu teu bisa dijadikeun bahan warta, nyaéta ...

a)

musibah gunung bitu

b)

tempat wisata

c)

diwangunna hiji pabrik

d)

catetan poéan

8.
  1. 8. Naon sebutan anu biasana janten juru biantara dina acara adat Sunda?

a)

Ratu

b)

Pujangga

c)

Pamaen

d)

Tukang Kuwung

9.
  1. 9. Upama juru biantara rék ngarampungkeun pidato, naon anu biasana dilakukeun? Iwal ...

a)

Nyieun kasimpulan

b)

Ngahaturkeun nuhun

c)

Ngucapkeun salam penutup

d)

Nyaritakeun carita pribadi

10.
  1. 10. Saha anu biasana ngagunakeun biantara dina acara resmi? Iwal ...

a)

Guru

b)

Siswa

c)

Tokoh Masyarakat

d)

Tukang Warung

11.
  1. 11. Naon sabab utami urang kedah nyiapkeun biantara saméméh nyarios?

a)

Pikeun ngirit waktos

b)

Pikeun nyegah nyingsat

c)

Pikeun ngirupkeun suasana

d)

Pikeun nyegah salah intonasi

12.
  1. 12. Naon sababna evaluasi biantara penting pikeun juru biantara?

a)

Pikeun ningkatkeun kapercayaan diri

b)

Pikeun ningkatkeun kualitas biantara ka hareupna

c)

Pikeun mendengarkan kritik

d)

Pikeun ngalakukeun evaluasi diri

13.
  1. 13. Kumaha carana milih tema anu pas pikeun biantara?

a)

Ngarujuk kana téma anu paling populér

b)

Ngarujuk kana tema anu cocog sareng acara

c)

Nyocogkeun sareng minat juru biantara

d)

Ngan milih tema anu gampang

14.
  1. 14. DI handap ieu aksara Sunda nu asalna tina huruf serapan (asalna ti luar bahasa Sunda), iwal ...

a)

ᮖ (fa)

b)

ᮯ (sya)

c)

ᮮ (kha)

d)

ᮞ (sa)

15.
  1. 15. Nalika nulis angka dina aksara Sunda kudu aya garis nu misahkeun antara aksara angka jeung aksara nu lain, bentuk garis nu bener nyaéta ...

a)

-

b)

\

c)

|

d)

/

16.
  1. 16. Aksara Sunda "ᮊᮜᮕ" lamun dialih aksarakeun kana latin artina jadi ...

a)

Kalapa

b)

Kabaca

c)

Kapala

d)

Kalaba

17.
  1. 17. Aksara Sunda jaman baheula ditulis dina ... jeung ...

a)

Prasasti jeung batu

b)

Naskah jeung Prasasti

c)

Batu jeung carita

d)

Naskah jeung carita

18.
  1. 18. Naskah Sunda anu ditulis ku aksara Sunda nyaéta naskah ...

a)

Carita sangsriwéda

b)

Wawacan Gandasari

c)

Carita Parahyangan

d)

Babad Demak

19.
  1. 19. Kumaha bentuk aksara Sunda tina kecap "Seblak jamblang" ...

a)

ᮞᮁᮘᮣᮊ᮪ ᮜᮖᮗᮨᮇ

b)

ᮞᮁᮘᮣᮊ᮪ ᮏᮙ᮪ᮘᮣᮀ

c)

ᮓᮜᮩᮎᮢᮚ᮪ ᮏᮙ᮪ᮘᮣᮀ

d)

ᮞᮨᮔᮊ ᮏᮙ᮪ᮘᮣᮀ

20.
  1. 20. Ku lantaran seni budaya Sunda téh kawilang sempit ambahanana, teu ngurung méh sakabéh aspék kahirupan urang Sunda, dina pangajaran ayeuna mah urang watesanan baé di sabudeureun adat istiadat jeung kasenian Sunda.

a)
True
b)
False
21.
  1. 21. Di urang mah moal aya nu bireuk deui kana penca téh. Sok aya ogé anu nyebut ulin, ameng, maénpo, atawa silat. Malah loba ogé anu nyebut penca silat.

a)
True
b)
False
22.
  1. 22. Penca téh bisa dipaké pikeun miara kaséhatan, lamun dipatalikeun jeung unsur olah raga. Bisa dipaké pintonan anu némbongkeun kaéndahan gerak jeung wirahma, anu ngawengku seni ibing, seni karawitan, jeung seni ngagunakeun pakarang. Lamun disawang tina jihat palasipahna, penca téh gedé mangpaatna pikeun atikan kapribadian, anu ceuk istilah populér kiwari mah ngawangun karakter.

a)
True
b)
False
23.
  1. 23. karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut ...

a)

Artikel

b)

Esai

c)

Carpon

d)

Dongeng

24.
  1. 24. Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel nyaéta...

a)

mun perlu catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel

b)

dicatet sakabéh eusina kana buku catetan

c)

jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca

d)

catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel

25.
  1. 25. Ieu dihandap nu kaasup kana tujuan nulis artikel anu mernah nyaeta ...

a)

Eusina kudu bisa mangaruhan ka nu maca antukna nu maca daek nuturkeun kana tulisan eta artikel

b)

Salaku wadah publikasi hasil mikir sacara ilmiah ngaliwatan jurnal ilmiah.

c)

Nu nulis artikel kidu ngagunakeun basa nu basajan tur gampil dipikarti ku nu maca togmol, asup akal tur efektif

d)

Karya tulis anu eusina hayang ngabuktikeun bebeneran ku cara mintonkeun fakta tur alesan anu mernah

26.
  1. 26. Musikalisasi Lutung Kasarung

    REK MAGELARKEUN DI MANCANAGARA

    Lutung Kasarung, carita pantun ti Tatar Sunda, kiwari rek dipegelarkeun dina wanda drama musical ku Yayasan Mojang Jajaka (Moka) Jabar jeung Yayasan Prima Ardian Tana. Eta pintonan anu disutradaraan ku Didi Petet, dumasar naskah H. Eddy D. Iskandar teh baris digarap sacara kolosal kalawan ngabaud 100 urang pamaen, jeung 50 urang pamusik. Panata gerak/koreografer Ayo “Sakola” Sunaryo, ari panata music mah Ismet Ruchimat (Samba Sunda).

    Wakil Gubernur H. Dede Yusuf minangka nu boga gagasan, nandeuskeun, pintonan “Musikal Lutung Kasarung” teh salasahiji pilot projek di Jawa Barat pikeun mateakeun anlehna para mojang jeung jajaka (Moka) Jabar dina widang drama, utamana drama musical. Salila ieu, ceuk Dede Yusuf, para Moka teh ngan saukur diaubkeun dina kagiatan-kagiatan formal jeung seremonial wungkul, henteu tapi ka langsung ancrub dina widang industry pariwisata.

    Lian ti ngarojong ku pamaen-pamaen Moka Jabar, ieu pintonan musical ge dirojong ku para seniman jeung generasi ngora ti sawatara sanggar, pelajar SMA, jeung mahasiswa di Bandung. Eta teh kaasup anu lolos seleksi audisi dina widang pemeranan (acting), ngahaleuang (musikalisasi), jeung gerak (Seni Tari), anu diayakeun 30-31 Mei jeung 7 Juni 2011 kaliwat.

    Event Direktor Musikal Lutung Kasarung, Satria Yanuar Akbar nandeuskeun, pintonan musical Lutung Kasarung the baris dipintonkeun 17 kali dina saminggu, ti mimiti 28 Oktober nepi 8 November 2011. “Tempatna mah teu acan ditangtoskeun, margi teu acan aya kasapukan kontrak sareng nu kagungan tempat. Tapi nu pasti mah di Bandung,” ceuk Satria.

    Dede Yusup boga harepan, lian ti Bandung, Musikal Lutung Kasarung teh rarancangna mah erek dipagelarkeun oge di E-Planet Singapura. Leuwih legana deui, di nagara-nagara liana, kayaning Malaysia jeung Thailand.

    “Simkuring optimis, carita-carita rayat Jawa Barata bakal tampil tur diapresiasi di luar negeri. Kukituna, pintonan Lutung Kasarung teh bakal digarap kalayan daria bari inovatif, “ ceuk Dede Yusuf.

Tentukan dan jelaskan bagian 5W+1H yang ada pada warta di atas!

4 lines
27.
  1. 27. (1) Dina jaman digital saperti ayeuna budaya literasi masih dianggap kagiatan nu matak piboseneun.

  2. (2) kalayan harepan budaya literasi beuki ngaronjat mimiti ti tingkat PAUD ngaliwatan para guru PAUD.

  3. (3) Read Aloud Challenge pikeun guru PAUD sa-Kacamatan Cimahi Utara, Kota Cimahi, Jawa Barat

  4. (4) leu hal nu satuluyna ngamotivasi panata calagara seminar jeung workshop.

  5. Urutkan warta di atas menjadi kalimat yang benar!

4 lines
28.
  1. 28. Tuliskan conto biantara dina Bahasa Sunda!

4 lines
29.
  1. 29. ᮕᮨᮓᮀ ᮕᮒᮤᮁ

    Aksara di luhur dibaca ...

4 lines
30.
  1. 30. Titénan ieu cutatan artikel di handap! (Mengurutkan)

    (1) Dina naskah kuna téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita.

    (2) Aksarana ngagunakeun aksara Sunda buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita, taun 1985.

    (3) Prabu Siliwangi (disebat ogé Jayadéwata, Pamanah Rasa, Wangi Sutah, Keukeumbingan Raja Sunu, Sri Baduga Maharaja) jumeneng rajana ti taun 1484- 1521 M.

    (4) Aya naskah Sunda kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kandang Karesian.

    (5) Ieu naskah Kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 M.

    (6) Sanajan kitu, éta palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna Parigeuing.

4 lines