wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN SOAL KISI KISI KLS 7 BAHASA SUNDA 2025

Total questions: 24

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.
Titénan paguneman di handap! Barudak, ayeuna poé munggaran diajar di sakola. Hiji-hiji maju ka hareup. Ceuk Bu Shinta bari ngabsén. “Nepangkeun, wasta abdi Nafisa Amalia, kawit sakola ti SD Negeri Isola, imah di Jalan Setiabudi, Bandung” ceuk Nafisa. Ditémbal ku Rizki Pratama. “Nepangkeun, wasta abdi Rizki Pratama, kawit sakola ti SD Negeri Cidadap, bumi di Jalan Sarijadi, Bandung. Nepi ka Zahrah Cindy “Nepangkeun, wasta abdi Zahrah Cindy, kawit sakola ti SD Negeri Caringin Kabupaten Bandung Barat, rorompok ayeuna di Jalan Sukagalih, Bandung. Sabada niténan paguneman di luhur. Tujuan anu pangmerenahna diayakeun éta wawanohan nya éta…
a)
Sangkan urang bisa gawé bareng dina diajar
b)
Sangkan papada apal tur waranoh sadayana
c)
Sangkan wanoh kahiji jalma jeung guru
d)
Sangkan bisa ulin babarengan
2.
Kecap gunem miboga harti….
a)
Sorangan
b)
Silihtémpas
c)
Lemes
d)
Kasar
3.
Obrolan silihtémpas antara dua urang atawa leuwih, biasana disebut ogé ngawangkon tur mindeng dilakukeun ku urang dina kahirupan sapopoé. Éta kagiatan mangrupa gambaran tina…
a)
Monolog
b)
Nyarita
c)
Wawanohan
d)
Paguneman
4.
Titénan paguneman di handap! Paguneman bakal lumangsung lamun aya jejer anu digunemkeunana. Baca cutatan paguneman ieu di handap masing gemet! Wisnu: “Héy sakeudeung deui liburan semester! Aya rencana rék piknik pan sakola urang téh? Nu ditujuna Dunia Fantasi atawa Candi Borobudur? Cik kumaha ceuk maranéh, mending kamana?” Angga: “Ari keur Angga mah kamana-mana waé ogé satuju. Nu penting mah matak bungah kana haté bari irit ongkosna.” Rafik: “Ngaliwet wé di pipir imah ari kitu mah.” Ahdi: “Ngaliwet di pipir imah mah moal meunang pangalaman anyar atuh, enya ge irit jeung matak bungah, mun hayang meunang pangalaman anyar kudu piknik ka nu jauh.” Asti: “Sapuk, meunang pangalaman, irit, bungah. Ka mana tah?” Angga: “Ka Bali, ditanggung bayaranana ku Asti... ha ha....” Asti: “Ih... énak ajé...!” Sabaraha urang, jeung saha waé anu gunem catur dina paguneman di luhur?
a)
Opatan: Wisnu, Angga, Rafik, jeung Asti
b)
Limaan: Wisnu, Angga, Rafik, Ahdi, Asti
c)
Genepan: Wisnu, Angga, Rafik, Asti, Ahdi, Asti
d)
Tujuhan: Wisnu, Angga, Rafik, Ahdi, Asti, Angga, Asti
5.
Mana kalimah paguneman anu nuduhkeun ménta hampura…
a)
“Abdi mios ti payunnya”
b)
“Sampurasun, kamana waé? Meni awis tepang”
c)
“Hayu urang ulin ka Lembang”
d)
“Hapunten, abdi nembé émut gaduh sametan”
6.
Kaulinan barudak awéwé jeung lalaki anu dilakukeun ku lobaan, anu matak mikabutuh tempat anu lega bari dibarung ku kakawihan. Dumasar kana pedaran di luhur kaulinan anu dimaksud nya éta…
a)
Congklak
b)
Béklen
c)
Sorodot gaplok
d)
Oray-orayan
7.
Upama nilik kana prak-prakanana kaulinan barudak téh kaasup kana…
a)
Olahraga tradisional jeung kasenian
b)
Olahraga modéren
c)
Dimaénkeun ku sorangan
d)
Biasa dimaénkeun ku ibu-ibu
8.
Istilah ngabandang dina langlayang hartina…
a)
Meunang langlayangan nu éléh atawa kapakan
b)
Langlayangan sina muter
c)
Langlayangan nu gédég teu anteng
d)
Langlayangan nyorolot huluna ti heula
9.
Naon jejer atawa judul dongéng di luhur?
a)
Cau ambon ngeunah pisan
b)
Cau manggala aya sikian
c)
Cau manggala ti Jawa Barat
d)
Cau ambon ti luar Jawa
10.
Saha jelema anu sakti dina dongéng di luhur?
a)
Mama lengser
b)
Rahayat
c)
Raja
d)
Anak raja
11.
Dongéng di luhur kaasup kana jenis dongéng naon?
a)
Fabél
b)
Farabél
c)
Mite
d)
Sasakala
12.
Mama Lengser jeung Raja anu aya dina dongéng di luhur kaasup kana?
a)
Galur
b)
Jejer
c)
Palaku
d)
Amanat
13.
Unsur tempat anu aya dina dongéng di luhur nyaéta...
a)
Buruan
b)
Imah
c)
Karajaan
d)
Leuweung
14.
Warta pesenan balaréa ngeunaan barang atawa jasa anu ditatawarkeun disebut?
a)
Jualan
b)
Iklan
c)
Sajak
d)
Biantara
15.
Iklan biasana aya dina….
a)
Koran
b)
Komik
c)
Novel
d)
Buku paket
16.
ᮛᮊ dibaca naon?
a)
Raka
b)
Riki
c)
Ruku
d)
Réké
17.
dina aksara sunda pikeun maéhan hurup swara maké rarangkén anu ngarana….
a)
Panghulu
b)
Panyuku
c)
Panyakra
d)
Pamaéh
18.
Ieu aksara Sunda dibaca naon Bandung ᮘᮝ
a)
Bada
b)
Badi
c)
Bawa
d)
Bawu
19.
Aya judul Kalimahna pondok Kecap anu dipaké jelas hartina Sipatna mangaruhan Tujuanna pikeun narik ati Biasana nganggulkeun produk barang atawa kagiatan anu diiklankeun Poin-poin di luhur kaasup kana?
a)
Ciri-ciri husus iklan
b)
Tujuan tina iklan
c)
Manfaat iklan
d)
Jenis-jenis iklan
20.
Fabél Parabél Légénda Sagé Mité Sempalan diluhur kaasup kana…
a)
Unsur-Unsur dongéng
b)
Papasingan dongéng
c)
Ciri-Ciri dongéng
d)
Wangenan dongéng
21.
Pék titénan kalimah-kalimah di handap! (1) Upacara bandéra poé ieu bolay dilaksanakeun lantaran hujan. (2) Kuring moal milu ka Garut, tapi kuring bakal milu ka Cianjur. (3) Ilham dititah milih pasanggiri biantara atawa kawih. (4) Saméméh ngeusian pananya ujian, urang kudu ngadunga heula. (5) Pa Iwan ngajar basa Sunda ku cara méré conto makéna basa Sunda. (6) Ngadongéng jeung maca dongéng téh dua hal anu béda. Kalimah di luhur anu ngagunakeun kecap panyambung sélér sumélér nyaéta ….
a)
(1), (3), jeung (5)
b)
(1), (4), jeung (5)
c)
(2), (3), jeung (6)
d)
(2), (4), jeung (6)
22.
Di handap mangrupa karya-karya sastra nu bisa dibaca ngagunakeun téhnik maca éndah …
a)
Novél, carpon, jeung pupujian
b)
Pupujian, carpon, jeung sajak
c)
Sajak, pupujian, jeung guguritan
d)
Guguritan, sajak, jeung fiksi mini
23.
Tempat-tempat nu lumrah dipaké pikeun nyebarkeun sarupaning pupujian di antarana ….
a)
Masjid, madrasah, jeung pasar
b)
Masjid, pasantrén, jeung madrasah
c)
Madrasah, sakola, jeung kantor dinas
d)
Kantor dinas, masjid, jeung pasar
24.
Kaulinan néangan batur nu nyumput saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan, disebut...
a)
Ucing Bandera
b)
Ucing - ucingan
c)
Ucing Sumput
d)
Ucing 20