Font size
WorksheetsPenilaian Sumatif Bahasa Sunda Kelas IV
Total questions: 35
Worksheet time: 2hrs 55mins
Taliti gambar di gigir!
Pagawéan nu dipintonkeun dina gambar téh nyaéta ....
Guru
Dokter
Pulisi
Jururawat
Taliti gambar di gigir!
Pagawéan nu dipintonkeun dina gambar téh nyaéta ....
Pilot
Pulisi
Tentara
Masinis
Nu kaasup pagawéan nu aya di lingkungan sorangan nyaéta ....
Penyanyi, artis
Dokter, masinis
Presiden, masinis
Patani, padagang
Jalma anu tugasna ngajarkeun murid di sakola nyaéta ....
Dokter
Tentara
Guru
Supir
Nu pagaweanana ngajual barang di pasar disebutna ....
Tukang kebon
Tukang dahar
Tukang sol
Tukang dagang
Taliti sisindiran di handap ieu!
Ninyuh ontan héjo warna,
Diwadahan kana botol.
Cita-cita sing laksana,
Asal bageur bari getol.
Bagian cangkang tina sisindiran di luhur nyaéta ....
Cita-cita sing laksana, Asal bageur bari getol
Ninyuh ontan héjo warna, Diwadahan kana botol
Diwadahan kana botol, Cita-cita sing laksana
Ninyuh ontan héjo warna, Asal bageur bari getol
Dina sisindiran, bagian anu ngandung pesan atawa maksud utama disebutna ....
Cangkang
Eusi
Rima
Bait
Kecap sabalikna tina béréhan nyaéta ....
Bungah
Babari
Seukeut
Korét
Lantaran tacan usum, ayeuna mah kadu téh mahal kénéh. Kecap sabalikna mahal nyaéta ....
Susah
Awis
Gedé
Mirah
Tabuh tujuh, murid kelas opat asup ka kelas, rék mimiti diajar. Kecap sabalikna tina asup nyaéta ....
Datang
Indit
Kaluar
Mangkat
Loba imah anu kenténgna ngarapung waktu kamari aya ....
Angin puyuh
Hujan poyan
Hibar layung
Tunggang gunung
Ari keur bulan puasa mah hudang téh sok ... da rék saur.
Janari
Sareupna
Tangangé
Balébat
Wanci tangangé hartina ....
Langit caang di beulah wétan, tandana panonpoé téréh bijil
Panonpoé surup, cundukna waktu magrib
Panonpoé geus mimiti aya di kulon, saméméh asar
Tengah poé, waktu panonpoé pas luhureun sirah urang
Ampir wé ... paku téh, mangkaning keur teu disendal.
Ditincak
Katajong
Katincak
Ditajong
Desi ... hadiah buku jeung patlot gambar ku lanceukna.
Dibeuli
Kabéré
Dibéré
Kabeuli
Punten, gelas téh ... tuda ditundana dina liliwatan.
Katajong
Kaangkat
Ditajong
Diangkat
Baca sajak di handap ieu kalayan taliti!
Nganti Hujan
Katiga teuing ku rosa
Hujan kateuing di mana
Parentul batu walungan
Caina saat ngolétrak
Taneuh barejad
Sumur saraat
Beurang karasa digarang
Ngahéab panas bayeungyang
Anu dicaritakeun dina sajak téh ngeunaan usum ....
Panén
Tandur
Katiga
Hujan
Hal-hal anu kudu diperhatikeun lamun maca sajak, iwal ti ....
Volume sora
Ngabodorkeun sajak
Lentong
Ekspresi
Dina waktu usum hujan, Dami ngalaman imahna kabanjiran. Anjeunna jeung kulawargana pindah heula ka bumi uwana. Eta carita téh kaasup ....
Kajadian pikaseurieun
Lalakon dongeng
Carita rekaan
Pangalaman sorangan
Dina usum halodo, Mida jeung kulawargana milu babakti ngangkut cai ti balong pikeun kabutuhan sapopoe. Kagiatan éta kaasup pangalaman sorangan anu ....
Pikabungaheun
Pikasediheun
Pikaseurieun
Pikaboseneun
Kecap anu ditambahan ku -al- nyaéta ....
Balageur
Garagah
marawa
baraca
Kecap anu ditambahan ku -ar- nyaéta ....
Laluhur
Lalulus
palinter
baralik
Pasén di puskesmas ... dina bangku.
Nangtung
Dariuk
Saré
Lumpat
Baca dongéng kalayan taliti!
Pahlawan
“Pa, upami pahlawan téh sok dianggo nami jalan, nya?” ceuk Dami ka apana. “Ah, nya teu kitu sadaya. Aya nami pahlawan anu teu dianggo nami jalan gé,” waler Pa Upa. “Anu dianggo nami jalan mh pahlawan anu ampir sadaya jalmi terangeun, upamina Pa Oto Iskandar Dinata, atanapi Ibu Déwi Sartika,” Bu Teti nambihan katerangan.
Ari pahlawan téh teu salawasna anu gugur médan perang waé. Ari pahlawan téh nyaéta sakur jalmi anu berjuang kalawan iklas, sarta aya mangpaatna pikeun anu lian,” saur Pak Upa.
Guru berjuangna dina pendidikan sangkan muridna palinter bari balageur, patani berjuangna dina ngolah lahan sangkan ngahasilkeun bahan pangan, pulisi berjuangna dina urusan kaamanan sangkan masarakat tingtrim.
Ari anu disebut pahlawan téh nyaéta ....
Anu gugur di medan perang
Anu sok dipaké ngaran jalan
Anu ngarep-ngarep diburuhan
Anu migawé kahadéan bari iklas
Baca dongéng kalayan taliti!
Pahlawan
“Pa, upami pahlawan téh sok dianggo nami jalan, nya?” ceuk Dami ka apana. “Ah, nya teu kitu sadaya. Aya nami pahlawan anu teu dianggo nami jalan gé,” waler Pa Upa. “Anu dianggo nami jalan mh pahlawan anu ampir sadaya jalmi terangeun, upamina Pa Oto Iskandar Dinata, atanapi Ibu Déwi Sartika,” Bu Teti nambihan katerangan.
Ari pahlawan téh teu salawasna anu gugur médan perang waé. Ari pahlawan téh nyaéta sakur jalmi anu berjuang kalawan iklas, sarta aya mangpaatna pikeun anu lian,” saur Pak Upa.
Guru berjuangna dina pendidikan sangkan muridna palinter bari balageur, patani berjuangna dina ngolah lahan sangkan ngahasilkeun bahan pangan, pulisi berjuangna dina urusan kaamanan sangkan masarakat tingtrim.
Anu berjuangna dina ngolah lahan sangkan ngahasilkeun bahan pangan nyaéta ....
Guru
Dokter
Pulisi
Patani
Pakakas di gigir nyaéta ....
Ragaji
Bedog
Congkrang
Lalandak
Pakakas di gigir nyaéta ....
Tang
Obeng
Bor
Konci inggris
Pakakas paranti ngala lauk nyaéta ....
Jara
Wuluku
Bedog
Heurap
Conto pakakas modern nyaéta ....
Obeng
Sirib
Useup
Lambit
Baca pupuh kalayan taliti!
Nya pahlawan sesebutan nu kamashur,
Teuneung ludeung bélapati,
Perang nyanghareupan musuh,
Nu ganggu tangtu diusir,
Teu gimir di kepung pélor.
Eusi nu saluyu jeung pupuh Magatru diluhur nyaéta ....
Pahlawan
Musuh
Perang
Pélor
Tuliskeun tilu rupa pagawean nu aya di lingkungan sabudeureun imah hideup! Teras, terangkeun naon pagaweanana!
Dina sisindiran, jajaran kahiji jeung kadua disebut cangkang, ari jajaran katilu jeung kaopat disebut eusi. Ayeuna pék ku hidep jieun hiji sisindiran!
"Asep, geus sareupna, buru balik ka imah!". Pék ku hidep tuliskeun naon harti sareupna!
Tuliskeun 2 pakakas paranti gawé di sawah!
Baca pupuh kalayan taliti !
Pahlawan mah teu boga sipat adigung
Henteu hayangeun dipuji
Jajauheun mun takabur
Handap asor luhung budi
Ucap lampah jadi conto
Pék ku hidep tuliskeun guru lagu jeung guru wilangan pupuh Magatru diluhur!
