WorksheetsGAMES SISINDIRAN
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Mang Ade keur dagang bandrek
Diborong ku tukang bubur
Nu hade loba kadaek
Komo bari laku jujur
Sisindiran di luhur kaasup kana ....
RARAKITAN
PAPARIKAN
Peupeujeuh ari ka Bandung,
Ulah meuli hayam kate.
Peupeujeuh ari ka indung,
Ulah nganyerikeun hate.
Sisindiran di luhur kaasup kana Paparikan-Piwuruk?
LERES
LEPAT
Di handap ieu mana anu kaasup Wangun Sisindiran....
Piwuruk
Silih Asih
Sesebred
Paparikan
Ka Bandung ge meni ulah
Balik-balik rek ka mana
Ka Bandung arek kuliah
Balik-balik jadi Sarjana
Sisindiran di luhur ka asup kana wangun.....
Paparikan
rarakitan
sisindiran
wawangsalan
Naon harti tina "Padalisan"
Bait
Suku Kata
Baris
Bangkuna dielap terus,
kuningan ti Rancakalong.
Ngakuna sapatu alus,
geuningan handapna bolong.
Purwakanti dina sisindiran di luhur nyaeta...
s-g-s-g
u-o-u-o
a-a-a-a
a-b-a-b
rarasaan masak gehu,
teu nyaho mah masak pare.
rarasaan matak lucu,
teu nyaho mah matak rehe.
Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran sesebred.
LERES
LEPAT
Aya sabaraha padalisan dina sisindiran....
2
6
4
8
Dari pada ka Cileungsi,
mending urang ka Bekasi.
Dari pada urang nyanyi,
Mending urang milu ngaji.
Dina Sisindiran di luhur mana anu kaasup bagian Cangkang...
Dari pada urang nyanyi,
Mending urang milu ngaji.
Dari pada ka Cileungsi,
mending urang ka Bekasi.
Dari pada ka Cileungsi,
Mending urang milu ngaji.
Dari pada urang nyanyi,
mending urang ka Bekasi.
Dihandap ieu mana anu kaasup kana bagian eusi sisindiran....
Piwuruk
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Sisindiran anu eusina ngeunaan banyol atawa heureuy kaasup kana sisindiran silih asih.
LERES
LEPAT
kamari cai teh saat,
tuluy mÉnta ka pa haji.
jadi jalma kudu ta’at,
getol sholat getol ngaji.
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun sisindiran?
Paparikan
Rarakitan
hayang teuing meuli domba,
kudu daek marabanna.
hayang teuing Élmu sorga,
kudu daek diajarna.
Kecap mana anu nandaan yen, sisindiran di luhur teh kaasup kana sisindiran wangun Rarakitan
domba-marabanna-sorga-diajarna
hayang-marabanna-kudu-diajarna
hayang-kudu-hayang-kudu
hayang teuing-kudu daek-hayang teuing-kudu daek
Ulah sok mindeng ka Bandung,
bisi tulus ditinggalkeun.
Ulah osok mindeng pundung,
bisi tulus dipegatkeun.
Mana Pola atawa Rumus Rarakitan anu luyu sareng Sisindiran di luhur?
a-a-a-a
a-a-b-b
a-b-a-b
Anu kaasup kana bagian eusi sisindiran teh aya dina padalisan ka-3 jeung ka-4
LERES
LEPAT
Kembang mawar teu diraksa,
laun-laun ogé péot.
Kembang désa teu dijaga,
laun-laun ogé kolot.
Dumasar kana wangun jeung eusina sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran?
Rarakitan-Sesebred
Rarakitan-Silih Asih
Paparikan-Piwuruk
Paparikan-Silih Asih
Sisindiran dumasar kana eusina kabagi jadi 3 nyaeta:
Silih Asih
Piwuruk
Wawangsalan
LERES
LEPAT
Di Jakarta aya monas,
di Bandung mah gedong saté.
Kabogoh mani mapanas,
Abdi jadi nyeri haté.
Mana dihandap ieu engang jeung purwakanti anu leres tina sisindiran di luhur?
8-a; 8-b; 8-a; 8-b
8-a; 8-e; 8-a; 8-e
8-a; 8-é; 8-a; 8-é
8-s; 8-é; 8-s; 8-é
Piwuruk dina Sisindiran eusina ngeunaan....
Kasih Sayang
Candaan
Nasehat
Kadu atah carucukan,
seukeut batan beling gelas.
...........................................................
...........................................................
Lengkepan eusi sisindiran di luhur....
Rek ka pasar meuli bahan,
pibajueun kanggo aki.
Bongan suku teu mataan,
ngaliwat ka leuweung tiis.
Mun urang hirup berehan.
sok babari meunang rijki.
Kudu nyieun kahadean,
didasaran niat iklas.
