wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Refleksi Bahasa Sunda Kelas 12-5 Oleh Kelompok Carita Pantun

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Salah sahiji wangun sastra Sunda buhun anu diwincik dina wangun lancaran (prosa) jeung dihaleuangkeun ku juru pantun disebut....

a)

Wawacan

b)

Carita Wayang

c)

Carita Pantun

d)

Carita Rakyat

e)

Kakawihan

2.

Jalma nu sok mawakeun carita pantun disebutna....

a)

Juru Pantun

b)

Juru Kawih

c)

Dalang

d)

Sinden

e)

Biduan

3.

Bagéan bubuka anu ditembangkeun ku juru pantun saméméh ngamimitian carita nyaeta....

a)

Narasi

b)

Deskripsi

c)

Dialog

d)

Monolog

e)

Rajah

4.

Gambar di luhur mangrupa alat musik anu dipake pikeun ngiringan carita pantun nyaeta....

a)

Goong

b)

Harpa

c)

Sasando

d)

Kacapi

e)

Suling

5.

Perhatikeun judul karya dihandap ieu!

1) Lutung Kasarung

2) Ciung Wanara

3) Borondong Garing

4) Mundinglaya Di Kusumah

5) Basisir Asih

Tina karya di luhur, anu mangrupa karya carita pantun aya dina nomor....

a)

1), 2), 5)

b)

2), 3), 4)

c)

1), 2), 4)

d)

3), 4), 5)

e)

1), 4), 5)

6.

Bagéan carita nu ngalalakonkeun yén tokoh utamana téh kudu ngalalana, boh ka leuweung, ka dasar sagara, boh kahiji nagara disebut....

a)

Mulang

b)

Miang

c)

Mimitran

d)

Ujian

e)

Simpay

7.

Itu teuneung ieu ludeung,

Wani sarua daékna,

Hayam téh prak baé abar,

Silih pacok ku pamatuk,

Silih gitik ku jangjangna,

Silih peupeuh ku sukuna,

Hayam sarua bedasna.

Sempalan carita di luhur kaasup kana bagéan....

a)

Narasi

b)

Deskripsi

c)

Dialog

d)

Monolog

e)

Rajah

8.

Anu teu kaasup ciri-ciri carita pantun nyaeta

a)

Caritana sacara lisan

b)

Sumebarna sacara tulisan

c)

Aya juru pantun

d)

Ngandung unsur mistis

e)

Dipirig ku kacapi

9.

Nilik tina eusina, carita pantun téh lolobana nyaritakeun....

a)

Lalakon pahlawan atawa putra raja

b)

Kahirupan sapopoé

c)

Carita rakyat

d)

Asal usul hiji patempatan

e)

Carita cinta

10.

Nilik kana adegan (struktur) caritana, carita pantun diwangun ku sababaraha unsur. Diantarana téh narasi. Anu disebut narasi nyaeta....

a)

Paguneman antara para tokoh pikeun ngalancarkeun jalan carita

b)

Paguneman tokoh ka dirina sorangan

c)

Bagéan nu ngagambarkeun paripolah tokoh atawa kaayaan hiji kajadian

d)

Bagéan nu ngahubungkeun hiji kajadian ka kajadian sejenna

e)

Bagéan carita nu eusina sanduk-sanduk ka Nu Kawasa