Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Carita Babad jeung Dongeng

Total questions: 20

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Wanda carita fiksi anu ngandung ajen sajarah atawa patali jeung sajarah disebut carita...

a)

Pabel

b)

Parable

c)

Babad

d)

Legenda

e)

Mitos

2.

Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …

a)

babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.

b)

henteu beunang dicekel deleg dokumentasina

c)

palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah

d)

sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal

e)

eusina sok dibauran ku legenda, mitos, atawa fabel

3.

Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut jejer. Jejer nya eta …

a)

Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita

b)

Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang

c)

Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita

d)

Nyoko kana cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu

e)

Puseur implengan pangarang ngeunaan eusi carita

4.

Baca sempalan babad ieu di handap!

(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng­-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna  perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.

Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....

a)

(1)

b)

(2)

c)

(3)

d)

(4)

e)

(5)

5.

Baca sempalan carita babad ieu di handap!

Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.

Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....

a)

Prabu Siliwangi

b)

Prabu Kian Santang

c)

Gagak Lumayung

d)

Bagus Daka

e)

Garantang Sétra

6.

Baca sempalan babad ieu di handap!

Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.

Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....

a)

teu boga pamadegan

b)

gedé hulu

c)

daréhdéh

d)

handap asor

e)

wijaksana

7.
  • - Pikeun ngabenerkeun asal-usul kajadian

  • - Babad ngajarkeun kumaha campur gaul masarakat di waktos harita

  • Pedaran diluhur kaasup kana...

a)

Definisi Carita Babad

b)

Ciri - Ciri Carita Babad

c)

Kagunaan Carita Babad

d)

Struktur Carita Babad

e)

Sipat Carita Babad

8.

Carita rekaan anu mere kesan pamohalan, ukuranna pondok, sumebar sacara lisan, disebut...

a)

Sajak

b)

Novel

c)

Carpon

d)

Dongeng

e)

Warta

9.

Dongeng "Sangkuriang", kaasup kana wanda dongeng...

a)

Fabel

b)

Sasakala

c)

Farabel

d)

Mite

e)

Babad

10.

Mana anu kaasup kana dongeng lelembut atawa mite...

a)
b)
c)
d)
e)
11.

Dongeng teh carita rekaan anu ngandung unsur pamohalan, kecap pamohalan ngandung harti...

a)

tempat ngumpulna sasatoan

b)

nu dipikainget wae

c)

perkara nu mustahil

d)

taya nu ngagugu

e)

teu siga biasana

12.

Ieu di handap mangrupa ciri-ciri dongeng, iwal....

a)

Sumebarna ngaliwatan tulisan

b)

Sumebarna ngaliwatan lisan

c)

Tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejen

d)

Anonim

e)

Anakronisme

13.

Dongeng teh kaasup kana karya balarea, lantaran...

a)

Tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejen

b)

Sumebar sacara tinulis

c)

Sumebar sacara lisan

d)

Kanyahoan anu ngarangna

e)

Teu kanyahoan anu ngarangna

14.

Di handap ieu mangrupa conto judul-judul dongéng babad. Iwal….

a)

Babad Panjalu

b)

Babad Cikundul

c)

Babad Ciburuy

d)

Babad Sumedang

e)

Babad Sangkuriang

15.

"Inti pasualan" dina unsur dongeng disebut...

a)

Palaku

b)

Latar

c)

Jejer atawa tema

d)

Galur

e)

Amanat

16.

Dina unsur dongeng, Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka si carita jadi ngaleunjeur disebut...

a)

Palaku

b)

Latar

c)

Jejer atawa tema

d)

Galur

e)

Amanat

17.

Upama ditilik tina wangunna, dongeng teh aya anu panjang, aya anu pondok, dongeng anu pondok kapanggih dina dongeng...

a)

Si Kabayan ngala nangka

b)

Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

c)

Babad Cikundul

d)

Nyi Rambut Kasih

e)

Cikaracak Ninggang Batu, Laun-laun Jadi Legok

18.

Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sapopoé jalma basajan. Ilaharna ngandung unsur atikan (pieunteungeun) atawa murni hiburan (panglipur), gumantung kana tipeu dongéngna.

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Babad

d)

Sasakala

e)

Mite

19.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta

a)

Sakabéh eusi caritana bohong

b)

Teu jelas anu ngarangna (anonIm)

c)

Sumebarna tatalépa sacara lisan

d)

Ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

Awalna kagolong kana sastra tulisan

20.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita nyaéta

a)

Téma

b)

Palaku

c)

Purwakanti

d)

Galur

e)

Latar