wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Remidial Bab 1 - X

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Naon wangenan carita babad nurutkeun Kamus Basa Sunda Danadibrata?

a)

Carita baheula anu ngandung unsur pamohalan

b)

Carita ngeunaan kahirupan sapopoé rahayat

c)

Carita baheula anu ngandung unsur sajarah

d)

.Carita ngeunaan sasatoan anu bisa nyarita

e)

Carita ngeunaan asal-usul tempat

2.

Carita babad mindeng dianggap…

a)

Bukti sajarah anu otentik

b)

Carita rékaan nu henteu aya patalina jeung sajarah

c)

Karya ilmiah ngeunaan sajarah Sunda

d)

Campuran sajarah jeung rékaan (mitos/legenda)

e)

Carita ngeunaan kahirupan sasatoan

3.

Tokoh utama dina carita babad umumna nyaéta…

a)

Petani jeung dagang

b)

Raja, putri, wali, pahlawan

c)

Sasatoan jeung tutuwuhan

d)

Jurig jeung siluman

e)

Kolot jeung incu

4.

Naon sababna Sumedang rék dirurug ku wadyabala Cirebon dina carita Aki Sayang Hawu?

a)

Rebutan kakawasaan

b)

Pangéran Geusan Ulun dianggap ngiwat Ratu Harisbaya

c)

Henteu mayar pajeg ka Cirebon

d)

Aya kakeueum banda

e)

Pangalaman baheula

5.

Aki Sayang Hawu melak tangkal hanjuang di alun-alun pikeun…

a)

Nandaan kakawasaanana

b)

Pertanda kasuksésan perang

c)

Pamutus kasieun rahayat

d)

Pertanda lamun anjeunna gugur atawa unggul dina perang

e)

Pikeun hiasan karaton

6.

Carita babad sok dianggep teu bisa dijadikeun sumber utama sajarah lantaran…

a)

Teu aya bukti naskahna

b)

Eusina réa pamohalan jeung rékaan

c)

Henteu aya anu nyaritakeun deui

d)

Tokohna ngan ukur sasatoan

e)

Ditulis maké basa anu hésé kaharti

7.

Dina carita babad, galur anu midangkeun kajadian ti awal nepi ka ahir disebut…

a)

Galur mundur

b)

Galur bobok tengah

c)

Galur campuran

d)

Galur mérélé (maju)

e)

Galur fiksi

8.

Dongéng kaasup kana karya sastra wangun prosa anu eusina…

a)

Loba fakta sajarah

b)

Nepikeun ajén moral, tapi ngandung pamohalan

c)

Henteu ngandung piwuruk

d)

Nepikeun émosi panulis

e)

Ngan ukur nyaritakeun tokoh nyata

9.

Dongéng sumebarna biasana ku cara…

a)

Dicetak buku

b)

Dicaritakeun ku guru

c)

Tatalépa lisan turun-temurun

d)

Ditulis ku karuhun

e)

Dipidangkeun dina média sosial

10.

Judul dongéng “Sasakala Talaga Warna” kaasup kana golongan dongéng…

a)

Dongéng kahirupan sasatoan

b)

Dongéng asal-usul tempat (sasakala)

c)

Dongéng siluman

d)

Dongéng raja jeung putri

e)

Dongéng parabel

11.

Watek Putri Gilang Rinukmi dina dongéng Sasakala Talaga Warna nyaéta…

a)

Nyaah ka rahayat

b)

Jujur jeung mikanyaah

c)

Geulis tapi kurang ajar jeung teu boga tatakrama

d)

Wijaksana jeung pinter

e)

Gampang éra jeung handap asor

12.

Amanat tina dongéng “Talaga Warna” nyaéta…

a)

Ulah ngaremehkeun sasatoan

b)

Jalma goréng kalakuan moal bagja

c)

Jalma hade sok meunang walesan goréng

d)

Jalma jahat pasti jadi raja

e)

Ulah percaya kana mitos

13.

Dina carita babad, istilah “palaku tambahan” disebut ogé…

a)

Antagonis

b)

Tritagonis

c)

Protagonis

d)

Narator

e)

Penokohan

14.

Conto kecap serapan tina basa Sanskerta nyaéta…

a)

Wiati

b)

Murub

c)

Agama

d)

Dora

e)

Kayungyun

15.

Conto kecap serapan tina basa Kawi nyaéta…

a)

Budaya

b)

Pandita

c)

Sumirat

d)

Angkasa

e)

Jaladri

16.

Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan disebut…

a)

Fabel

b)

Sasakala

c)

Parabel

d)

Carita rakyat

e)

Wawacan

17.

Carita babad ditulis dina rupa aksara, iwal…

a)

Sunda Kuno

b)

Arab Pegon

c)

Sunda-Jawa (Cacarakan)

d)

Latén

e)

Aksara Jepang

18.

Dina struktur carita babad, titik tilik anu ilahar dipaké nyaéta…

a)

Jalma kahiji tunggal

b)

Jalma kahiji jamak

c)

Jalma kadua

d)

Jalma katilu tunggal (narator)

e)

Dialog palaku

19.

Carita babad kaasup kana karya sastra…

a)

Carita rayat anu eusina fakta sajarah

b)

Carita rékaan anu aya patalina jeung unsur sajarah

c)

Carita rékaan anu ngan ukur pikeun hiburan

d)

Carita ilmiah ngeunaan kahirupan baheula

e)

Carita rayat anu eusina ngeunaan sasatoan

20.

Dongéng anu eusina ngeunaan mahluk gaib kaasup kana golongan…

a)

Dongéng sasakala

b)

Dongéng parabel

c)

Dongéng jurig jeung siluman

d)

Dongéng pahlawan

e)

Dongéng rayat

Similar Resources on Wayground