wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSTS KELAS IX

Total questions: 40

Worksheet time: 1hrs 20mins

Name
Class
Date
1.

Biantara nyaéta kagiatan nyarita di hareupeun…

a)

Jalma réa

b)

Jalma déwasa

c)

Lapangan

d)

Sakola

2.

Biantara ilaharna ditepikeun dina acara…

a)

Teu resmi

b)

Santay

c)

Resmi

d)

Réuni

3.

Biantara sok disebut ogé…

a)

Sawala

b)

Pidato

c)

Debat

d)

Nyarita

4.

Métodeu biantara nu saméméh prakna nuliskeun heula gurat badag disebut métodeu biantara…

a)

Mémoriter

b)

Impromtu

c)

Manuskrip

d)

Ékstémporan

5.

Métodeu biantara nu saméméh prakna ngapalkeun heula naskah disebut métodeu biantara…

a)

Mémoriter

b)

Impromtu

c)

Manuskrip

d)

Ékstémporan

6.

Métodeu biantara nu teu ngapalkeun heula naskah atawa teu nuliskeun gurat badag heula disebut métodeu biantara…

a)

a. Mémoriter

b)

Impromtu

c)

Manuskrip

d)

Ékstémporan

7.

Struktur biantara nu nyebut atawa menyapa nu sumping pernahna diantar paragraf nyaéta…

a)

Pangbagéa randegan

b)

Salam pangbagéa

c)

Salam bubuka

d)

Bubuka

8.

Struktur biantara nu kalimahna ngahormat ka anu datang nyaéta…

a)

a. Pangbagéa randegan

b)

Salam pangbagéa

c)

Salam bubuka

d)

Bubuka

9.

Struktur biantara nu nepikeun maksud atawa tujuan nyaéta…

a)

Pangbagéa randegan

b)

Salam pangbagéa

c)

Salam bubuka

d)

Eusi

10.

Struktur biantara nu muji sukur ka Allah tur solawat ka kanjeng nabi nyaéta…

a)

Pangbagéa randegan

b)

Salam pangbagéa

c)

Salam bubuka

d)

Bubuka

11.

“Bapak ibu sugri kadang wargi” kaasup kana struktur biantara…

a)

Pangbagéa randegan

b)

Salam pangbagéa

c)

Salam bubuka

d)

Bubuka

12.

“Hapunten boh bilih aya kecap anu kirang merenah” kaasup kana struktur biantara…

a)

Pangbagéa randegan

b)

Salam pangbagéa

c)

Salam bubuka

d)

Panutup

13.

Mamanis basa nu tina babasan paribasa nyaéta…

a)

Mugia balungbang timur, jalan gedé sasapuan

b)

Jauh dijugjung anggang ditéang

c)

Saninten siki saninten

d)

Urang kampung bau lisung

14.

Mamanis basa nu tina purwakanti nyaéta…

a)

Mugia balungbang timur, jalan gedé sasapuan

b)

Kasuhun kalingga murda

c)

Mapatahan ngojay ka meuri

d)

Urang kampung bau lisung

15.

Kalimah “Urang kampung bau lisung” murwakanti dina vokal…

a)

A

b)

U

c)

I

d)

Ng

16.

Saupama urang rék nyieun naskah biantara, nu kudu ditangtukeun leuwih ti heula nyaéta…

a)

Panutupna

b)

Bubukana

c)

Eusina

d)

Salam pangbagéana

17.

Hal anu pangutamana kudu diperhatikeun nalika urang rék biantara nyaéta…

a)

Ngawasa matéri

b)

Ngalatih sora

c)

Ngalatih tangtungan, pasemon, jeung pasangpeta

d)

Ngapalkeun naskah

18.

Saupama urang biantara, sora urang kudu…

a)

Haharéwosan

b)

Haroshos

c)

Gegerenyeman

d)

Bedas tur jéntré

19.

Nalika rék biantara pasemonna kudu…

a)

Marahmay, ulah katémbong kucem

b)

Seuseurian salila biantara

c)

Bulang baléng ka nu ngabandungan

d)

Seuri kanu wawuh wungkul

20.

Nalika rék biantara, sikep urang kudu…

a)

Percaya diri

b)

Biasa-biasa

c)

Geumpeur

d)

Baluar-balieur

21.

Dina wangunna, paribasa téh mangrupa …

a)

Kalimah

b)

Kecap kantétan

c)

Harti injeuman

d)

Babandingan

22.

Anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hadé nya éta …

a)

Bisa ka bala bisa ka bale

b)

Nyeungeut damar di suhunan

c)

Ngaliarkeun taleus ateul

d)

Lauk buruk milu mijah

23.

 “Kadé, ulah nepi ka jati kasilih ku …”

a)

Jengkol

b)

Jeungjing

c)

Junti

d)

Peti

24.

Jelema anu someah tur hadé parangina sok disebut …

a)

Alus budi

b)

Budi parangi

c)

Ngabudi ucing

d)

Amis budi

25.

Jalma anu kandel kulit beungeut téh nya éta jalma anu …

a)

Kuat beungeutna

b)

Éraan

c)

Teu boga kaéra

d)

Gedé kawani

26.

Aya paribasa “ayakan mah moal meunang …”

a)

Kancra

b)

Lélé

c)

Guramé

d)

Lauk emas

27.

Di handap aya paribasa anu ngandung harti méh sarua nya éta mikahayang perkara anu mustahil, iwal

a)

Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir

b)

Ngudag-ngudag kalangkang heulang

c)

Ngajul béntang ku asiuwung

d)

Bonténg ngalawan kadu

28.

Babasan kokolot begog dilarapkeun ka …

a)

Kolot anu taya kanyaho kawas budak

b)

Budak ngomongna nyanya hoanan kawas kolot

c)

Kolot anu kalakuanana kawas budak

d)

Budak anu katémbongna saperti kolot

29.

Ceuk kolot mah lamun budak sok paséa jeung dulur téh matak …

a)

Pajauh imah

b)

Pajauh sawah

c)

Pajauh huma

d)

Pajauh jeung dulur

30.

Anu kaasup kana paribasa panyaram lampah salah nyaéta …

a)

Cul dogdog tinggal igel

b)

Bisa ka bala ka bale

c)

Batok bulu eusi madu

d)

Hulu gundul dihihidan

31.

Paribasa nu ngagambarkeun paripolah nu hadé nyaéta…

a)

Kawas kuda leupas ti gedogan

b)

Kabawa ku sakaba-kaba

c)

Biwir nyiru rombéngeun

d)

Landung kandungan laér aisan

32.

Paribasa nu ngagambarkeun paripolah nu goréng nyaéta…

a)

Kawas kuda leupas ti gedogan

b)

Bisa ka bala ka balé

c)

Teu unggut kalinduan

d)

Landung kandungan laér aisan

33.

Paribasa nu ngagambarkeun kaayaan nu hadé nyaéta…

a)

Ngabuntut bangkong

b)

Mobok manggih gorowong

c)

Sisit kadal

d)

Kawas kapuk kaibunan

34.

Paribasa nu ngagambarkeun kaayaan nu goréng nyaéta…

a)

Luhur kuta gedé dunya

b)

Mobok manggih gorowong

c)

Aya jurig tumpak kuda

d)

Kawas kapuk kaibunan

35.

Paribasa nu ngandung luang jeung piwulang nyaéta…

a)

Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

b)

Amis budi

c)

Kaciwit kulit kabawa daging

d)

Heurin ku létah

36.

Mana ungkara paribasa anu bener?

a)

Agul ku payung butut

b)

Agul ku piring butut

c)

Agul ku barang batur

d)

Agul ku jalan butut

37.

Mana ungkara paribasa anu bener?

a)

Caina hérang laukna beunang

b)

Caina kiruh laukna beunang

c)

Caina loba laukna loba

d)

Caina saat laukna saeutik

38.

Upama nilik kana papasingan paribasa, aya nu disebut “Paribasa Wawaran Luang”. Hartina nyaéta …

a)

Ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta babandingan pikeun laku lampah urang.

b)

Ngébréhkeun pangalaman anu can kaalaman ku dirina sorangan

c)

Pangjurung pikeun milampah kahadéan.

d)

Panyaram sangkan ulah migawé pagawéan anu matak rugi, boh keur dirina sorangan boh keur batur.

39.

Upama nilik kana papasingan paribasa, aya nu disebut “Paribasa Pangjurung Laku Hadé”. Hartina nyaéta …

a)

Ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta babandingan pikeun laku lampah urang.

b)

Ngébréhkeun pangalaman anu can kaalaman ku dirina sorangan

c)

Pangjurung pikeun milampah kahadéan.

d)

Panyaram sangkan ulah migawé pagawéan anu matak rugi, boh keur dirina sorangan boh keur batur.

40.

Upama nilik kana papasingan paribasa, aya nu disebut “Paribasa Panyaram Lampah Salah”. Hartina nyaéta …

a)

Ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta babandingan pikeun laku lampah urang.

b)

Ngébréhkeun pangalaman anu can kaalaman ku dirina sorangan

c)

Pangjurung pikeun milampah kahadéan.

d)

Panyaram sangkan ulah migawé pagawéan anu matak rugi, boh keur dirina sorangan boh keur batur.