NEW
Font size
WorksheetsCarita Pondok & Kecap Rajekan Kelas XI
Total questions: 15
Worksheet time: 12mins
Karya sastra jaman Kiwari (modern) anu dihasilkeun tina hayalan / imajinasi dina kahirupan sapopoe tur caritana pondok, disebut...
Sajak
Carpon
Novel
Wawacan
Di handap ieu anu henteu kaasup kana unsur intrinsik Carpon, nyaeta...
Jejer / Tema
Galur / Alur
Palaku
Budaya
Pesan moral anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca disebut...
Jejer / Tema
Amanat
Latar
Galur / Alur
Nu teu kaasup kana ciri-ciri Carpon nyaeta...
Kanyahoan saha pangarang na
Caritana pamohalan (teu asup akal)
Ditepikeun secara tulsian
Diwangun ku hiji kajadian
Dina sastra Sunda, Carpon kaasup kana sastra...
Buhun
Baheula
Modern
Tradisional
Titenan / Perhatikeun Carpon Akoh di handap ieu!
Antukna kuring salaku panitia ujian indit ogè nèang Si Akoh. Ngagawèkeun waè pejuh téh. Jaba ngèrakeun ka sakola, da nu ngawasna ti sakola batur, pengawas silang.
Sudut pandang / Puseur sawangan Dina sempalan Carpon di luhur nyaeta, jalma...
Kahiji
Kadua
Katilu
Kecap Kuring
Basa geus kaliwatan sababaraha léngkah, kuring balik deui.
Dina kalimah di luhur mana anu kaasup Kecap Rajekan Dwimadya?
Kaliwatan
Basa
Sababaraha
Balik deui
Tapi kuring jeung adi-adi kuring mah henteu nepikeun ka néangan duit sorangan, komo peuting-peuting cara ieu budak dua mah.
Aya kecap rajekan dina kalimah di luhur nyaeta...
Dwimurni
Dwireka
Dwipurwa
Dwimadya
Sanggeus wawartos ka mamahna, bring wé tiluan arameng naék sapedah ngurilingan lapangan. Dugi ka wanci tos adan lohor, Yuni sareng rerencangana aruih ka bumina.
Latar waktu Dina sempalan Carpon di luhur nyaeta...
Wawartos
Wanci tos adzan lohor
Ngurilingan
Tiluan
Di handap ieu nu henteu kaasup contoh kecap Rajekan Dwipurwa nyaeta...
Tatajong
Sasapu
Beberes
Pasosore
"Waktu ulin ka sawah budak teh pah-pih-peuh ku leutak".
Kalimah di luhur mangrupa contoh kecap rajekan...
Dwimurni
Dwireka
Dwipurwa
Trilingga
"Bayu Prasetya, murid anyar pindahan ti kota. Dedeg jangkung, kasép, kalem katambah pinter".
Unsur intrinsik anu katempo dina kalimah di luhur nyaeta...
Jejer / Tema
Galur / Alur
Watek
Amanat
Bolak - balik
Gedebag - gedebug
Tulas - tulis
Luntang - lantung
Di luhur mangrupa contoh kecap rajekan...
Trilingga
Dwireka
Dwipurwa
Dwimadya
Kuring merhatikeun Améy nu keur ngabahas carana ngaresensi. Gemet. Resep ka Améy téh, lian ti handap asor, ngobrol ogé sok ku bahasa Sunda anu lemes. Éta nu nyababkeun kuring resep ka manéhna.
Watek anu katempo dina sempalan Carpon "Keur Amey" nyaeta...
Handap asor
Resep
Gemet
Merhatikeun
Ari barudak nu tadi, hadé pisan tékadna jeung jadi motivasi sangkan urang kudu leuwih soson-soson nyiar élmu.
Kecap "soson-soson" dina kalimah di luhur lamun ditarjamahkeun ka basa Indonesia nyaeta...
Rajin
Sungguh-sungguh
Teliti
Pinter
