NEW
Font size
WorksheetsLatian Sisindiran
Total questions: 10
Worksheet time: 8mins
Sisindiran anu kecap-kecap awal padalisan cangkangna dipaké atawa dibalikan deui dina padalisan eusi nepi ka siga masang atawa ngarakit disebut ….
paparikan
rarakitan
wawangsalan
sesebred
piwuruk
.Cangkang dina sisindiran aya dina padalisan ka….
kahiji, katilu
kahiji, kadua
kadua, katilu
kadua, kaopat
katilu, kaopat
Batur mah maké calana,
kuring mah kabaya waé.
Batur mah jelema kaya,
............
Anu kosong dina padalisan sisindiran diluhur nyaéta bagian…
cangkang
eusi
paparikan
rarakitan
sesebred
Batur mah maké calana,
kuring mah kabaya waé.
Batur mah jelema kaya
............
Kalimah anu merenah pikeun padalisan nu kosong nyaéta…
kuring mah rék sabodo waé
batur mah nya kitu waé
kuring mah teu walakaya
kuring mah sangsara waé
batur mah tara sangsara
Kuring mah dahar papaya,
manéhmah ngadahar koya.
Kuring mah alus ngagaya,
manéhmah nya jiga kuya.
Ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran…
cangkang
eusi
paparikan
rarakitan
sésébréd
Sugan téh buahna ngora,
padahal éta geus lila.
Sugan téh Cinta Laura,
padahal éta Gorila
Ditilik tina eusina, sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran…
cangkang
eusi
paparikan
rarakitan
sésébréd
1. meulina di kota Bandung.
2. lamun maneh osok pundung.
3. Hirup mah tong loba ceta,
4. Markonah rék meuli peta,
Susunan anu merenah pikeun éta sisindiran nyaéta…
4, 1, 3, 2
3, 1, 4, 2
3, 2, 1, 4
3, 2, 4, 1
4, 1, 2, 3
Aya béda antara wangun Paparikan jeung Rarakitan dina sisindiran téh. Pék tengetan ku hidep, nu mangrupa paparikan ieu di handap téh nyaéta…
Kuring mah dahar papaya,
manéhmah ngadahar koya.
Kuring mah alus ngagaya,
manéhmah nya jiga kuya.
Ka mana jalan Asia,
ka ditu ka palih wétan.
Ka mana jalan ka sorga,
ka ditu ka pangaosan.
Sugan téh buahna ngora,
padahal éta geus lila.
Sugan téh Cinta Laura,
padahal éta Gorila.
Abdi ngagoréngan bawang,
meulina téh di Bu Tia.
Mun anjeun bogoh ka urang,
wayahna kudu satia.
Aya budak keur jualan,
hanjakalna teu dibeuli.
Aya budak geulis pisan,
hanjakalna tara mandi.
Tokyo ibu kotana,
tos tepang teras paanggang.
Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ....
Beijing
Cina
India
Jepang
Thailand
Tas Juli méméh Séptémber,
putus gé teu panasaran.
Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ....
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
