wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Soal PSAS RBS Kelas 4

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Dina kahirupan sapopoe urang teu bisa hirup ...

a)

raraméan

b)

nyorangan

c)

nulungan

d)

pakumaha

2.

Urang perlu aya batur pikeun ...

a)

pakasaban

b)

pakumaha

3.

Nepikeun maksud diantarana bisa ku ...

a)

ondangan

b)

kasopanan

c)

tulisan

d)

pasualan

4.

Rupa-rupa maksud anu kudu ngandelkeun batur dina kahirupan sapopoé nyaéta, iwal ti ...

a)

ménta tulung

b)

ménta kabengharan

c)

ménta piwuruk

d)

nembrakeun kabungah

5.

Rupa-rupa maksud ditepikeunana ku rupa-rupa cara, nyaéta iwal ti ...

a)

kasopanan

b)

tulisan

c)

isarah

d)

caritaan

6.

Nyarita diucapkeunana ...

a)

ngan saarah

b)

dua arah

c)

silih arah

d)

teu aya arah

7.

Ngobrol patémbalan antara dua urang atawa leuwih, disebut ...

a)

patémbalan

b)

papaséaan

c)

sakarepna

d)

paguneman

8.

Paguneman resmi sok disebut ...

a)

sawala

b)

sapihak

c)

sakahayang

d)

saarah

9.

Dina paguneman teu resmi, ngagunakeun basa ...

a)

sakarepna

b)

lemes

c)

sapopoé

d)

saujratna

10.

Kecap nu dipaké dina paguneman resmi ...

a)

pondok jeung singget

b)

panjang jeung diréka

c)

merenah jeung kaharti

d)

panjang jeung diréka

11.

Paguneman kudu ditepikeun ku sora ...

a)

halimpu kendor

b)

lentong jeung béntés

c)

lentong nu laun

d)

laun jeung béntés

12.

Paguneman resmi diayakeun di ...

a)

rohangan nu jauh tina karaméan

b)

rohangan anu lega

c)

rohakan anu maké AC

d)

rohangan anu sempit

13.

paguneman resmi diayakeunana ...

a)

sawaktu-waktu

b)

sakarepna

c)

babarengan

d)

saminggu sakali

14.

Ibu guru ngawurukan murid kelas 4.

Kalimah diluhur kaasup kana kalimah ...

a)

nyarita

b)

ngobrol

c)

patémbal arah

d)

dua arah

15.

Diskusi atawa sawala kaasup kana conto paguneman ...

a)

teu resmi

b)

sapopoé

c)

resmi

d)

sakahayang

16.

paguneman anu ngahaja dijieun diatur saméméhna pikeun dilalajoan disebut paguneman ...

a)

Longsér

b)

Pintonan

c)

Wayang golek

d)

Sawéran

17.

Tina paguneman bisa kagambarkeun suasana jeung jalma anu ...

a)

saméméhna

b)

ngawihkeunna

c)

ngalalajoana

d)

molahkeunana

18.

paguneman pintonan anu dilarapkeun dina wangun lagu disebut lagu ...

a)

semar caturan

b)

sami caturan

c)

sekar caturan

d)

sadaya caturan

19.

Pintonan nu nyaritakeun hiji kajadian nu pagunemanana sagemblengna dilarapkeun ku lagu disebut drama suara atawa sok disebut ...

a)

gending karesmén

b)

gadang karesmén

c)

gendang karesmén

d)

gudang karesmén

20.

Usum gering atawa usum maraot, nu dilantarankeun ku kasakit disebut ...

a)

kakawihan

b)

paguneman

c)

sasalad

d)

pintonan

21.

Paguneman pintonan ditilik tina kalimahna dibagi jadi dua nyaéta ...

a)

teu langsung jeung molahkeun

b)

langsung jeung saujratna

c)

Langsung jeung resmi

d)

langsung jeung teu langsung

22.

Paguneman teh rupa-rupa, nyaéta iwal ti ...

a)

Paguneman resmi

b)

Paguneman teu resmi

c)

Paguneman saujratna

d)

Paguneman pintonan

23.

Nu kaasup kana paguneman pintonan dina budaya sunda nyaéta ...

a)

longsér jeung wayang golek

b)

wayang golék jeung sekar caturan

c)

longsér jeung sinetron

d)

wayang golek jeung kakawihan

24.

Ngobrol nu nyaritana ...

a)

saarah

b)

dua arah

c)

saujratna

d)

silih arah

25.

Ratna jeung Dusep diskusi rék ngarencanakeun ka Situ Ciburuy.

Ratna jeung Dusep keur ...

a)

nyarita

b)

sawala

c)

ngawih

d)

ngobrol

26.

Paguneman pintonan mah matak pogot ngalalajoana kusabab ...

a)

tunduh

b)

ramé

c)

bosen

d)

teu rame

27.

Paguneman nu lumangsungna di luhur panggung disebut paguneman ...

a)

Kakawihan

b)

Sekar Caturan

c)

Pintonan

d)

Resmi

28.

Paguneman teu langsung saperti paguneman wayang dicaritakeunana ku ...

a)

Dalang

b)

Lobaan

c)

saurang

d)

Sekar caturan

29.

Paguneman anu diayakeunana sawaktu-waktu pikeun nyawalakeun pasualan penting sok disebut ...

a)

Ngobrol

b)

Sawala

c)

Sapihak

d)

Nyarita

30.

Paguneman anu sok dipolahkeun ku anjeun jeung babaturan kaaasup kana paguneman ...

a)

resmi

b)

teu resmi

c)

sapihak

d)

sakahayang