Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Tengah Semester B. Sunda

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Paguneman asal kecapna tina…

a)

Pagu

b)

Gunem

c)

Pagunem

d)

Neman

e)

Agunem

2.

Di handap ieu anu lain wujud paguneman nyaeta…

a)

Dialog

b)

Diskusi

c)

Ngobrol

d)

Wawancara

e)

Lalajo tv

3.

Paguneman antara dua jalma atawa leuwih sok disebut …

a)

Monolog

b)

Dialog

c)

Prolog

d)

Epilog

e)

Bulog

4.

Wangun kalimah nu aya dina pagunean nyaeta…

a)

Kalimah pangajak

b)

Kalimah panitah

c)

Kalimah langsung

d)

Kalimah pituduh

e)

Kalimah berita

5.

Komunikasi nu aya dina paguneman nyaeta…

a)

Saarah

b)

Dua arah

c)

Tilu arah

d)

Opat arah

e)

Teu ka arah

6.

Salah sahiji anu teu perlu diperhatikeun dina paguneman nyaeta ..

a)

Warna baju anu dipake

b)

Pilihan kecap anu merenah

c)

Lentong

d)

Topik anu dibahas

e)

Bahasa anu merenah

7.

Conto paguneman teu resmi nyaeta …

a)

Sawala atawa musyawarah

b)

Ngawangkong sapopoe jeung babaturan

c)

Diskusi ngeunaan bahawa narkoba di forum

d)

Ngawawancara narasumber

e)

Ngiringan lomba debat

8.

Nu teu kaasup unsur-unsur paguneman nyaeta …

a)

Jejer

b)

Panyatur

c)

Batur nyarita

d)

Amanat

e)

Tema

9.

Gunem jeung anu saluhureun atawa sahandapeun kudu ngagunakeun …

a)

Basa Loma

b)

Basa Kasar

c)

Basa Lemes

d)

Basa Asing

e)

Basa Indonesia

10.

Naskah karya sastra anu paling sering ngagunakeun wangun paguneman nyaeta …

a)

Drama

b)

Sajak

c)

Carpon

d)

Mantra

e)

Pupuh

11.

Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut …

a)

Panta-patana basa

b)

Undak-usuk basa

c)

Basa lemes jeung loma

d)

Kasar-lemesna basa

e)

Basa loma jeung hormat

12.

Pun biang nuju … di pawon.

a)

Dahar

b)

Tuang

c)

Neda

d)

Emam

e)

Makan

13.

Kuring kakara balik ti sakola. Mun dirobah jadi ragam basa hormat atawa basa lemes, jadi …

a)

Abdi nembe mulih ti sakola

b)

Abdi nembe wangsul ti sakola

c)

Abdi nembe mulang ti sakola

d)

Abdi kakara mulih ti sakola

e)

Abdi kakara wangsul ti sakola

14.

Undak-usuk basa sunda sacara gurat badagna diwangun ku …

a)

Ragam basa loma jeung basa hormat

b)

Ragam basa lemes jeung basa kasar

c)

Ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur

d)

Ragam basa loma keur sorangan jeung keur batur

e)

Ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur

15.

"Dupi bapa bade … buku naon?" Tatang naros ke Pa Ade.

a)

Ngagaleuh

b)

Meser

c)

Meuli

d)

Nganjuk

e)

Ngabantun

16.

"Pun bapa oge ti tatadi parantos …" ceuk Indah deui.

a)

Sare

b)

Kulem

c)

Mondok

d)

Peureum

e)

Hees

17.

"Dupi uwa teh parantos … ka padamelan teu acan?"

a)

Balik

b)

Mios

c)

Indit

d)

Angkat

e)

Dongkap

18.

di handap ieu mangrupa maksud jeung tujuan ayana undak-usuk basa sunda, iwal ti …

a)

Pikeun tatakrama

b)

Pikeun sopan santun

c)

Pikeun silih hargaan

d)

Sangkan ngahormatan batur

e)

Sangkan dipuji batur

19.

Ragam basa hormat atawa lemesna tina kalimah "Bapa kuring gawe di kantor desa" nyaeta …

a)

Pun bapa damel di kantor desa

b)

Pun rama gawe di kantor desa

c)

Tuang rama damel di kantor kelurahan

d)

Tuang bapa damel di kantor kelurahan

e)

Tuang bapa gawe di kantor desa

20.

“Bumi anjeun di mana, Indah?”

“… abdi di Rawalele.”

a)

Imah

b)

Bumi

c)

Rorompok

d)

Alamat

e)

Tempat

21.

Sinonim tina Biantara nyaeta …

a)

Naskah

b)

Moderator

c)

Orator

d)

Pidato

e)

Dongeng

22.

Nu teu kaasup struktur biantara nyaeta ...

a)

Mukadimah

b)

Salam pamuka

c)

Eusi

d)

Muamalah

e)

Salam panutup

23.

Titenan téks di handap!

(1) Artikulasi kudu jelas

(2) Sora kudu béntés

(3) Raray kudu ekspresif

(4) Teu kudu aya pangregep

(5) Teu kudu jelas eusina

Nu kudu aya dina biantara sangkan jadi biantara anu hadé nyaéta ...

a)

1,2,3

b)

3,4,5

c)

5,4,1

d)

2,4,1

e)

1,5,3

24.

Sakitu bae anu tiasa ku simkuring didugikeun mudah-mudahan anu didugikeun tiasa dicandak manfaatna, sareng hayu urang sami-sami tekadkeun dina diri urang sadaya sangkan urang sadaya tiasa jadi jalmi anu berpendidikan tur tiasa masih manfaat tina hasil pendidikan eta.

paragraf di luhur mangrupa ... biantara

a)

Eusi

b)

Kasimpulan

c)

Salam pamuka

d)

Panutup

e)

Mukadimah

25.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya.

paragraf di luhur mangrupa bagean ... biantara

a)

Eusi

b)

Kasimpulan

c)

Salam pamuka

d)

Panutup

e)

Mukadimah

26.

Di handap ieu kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara, iwal ti.....

a)

Ngandung wirahma

b)

Tatag nyaritana

c)

Alus basana

d)

Aktual temana

e)

Munel eusina

27.

Galih jadi Ketua Karang Taruna, dina acara 17 Agustusan manehna biantara di hareupeun warga. Biantarana bari mawa kertas nu aya corat-coretan garis besarna hungkul. Galih teh biantarana make metode naon?

a)

Metode impromptu

b)

Metode naskah

c)

Metode ekstemporan

d)

Metode ngapalkeun

e)

Metode penelitian

28.

Biantara miboga téma nu ku urang ditepikeun téh kudu anyar, lain téma-téma nu geus basi atawa geus lila. Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut....

a)

Ngandung wirahma

b)

Tatag nyaritana

c)

Alus basana

d)

Aktual temana

e)

Munel eusina

29.

Metode biantara nu spontan, teu tatahar heula jeung teu direncanakeun samemehna sok disebut metode ...

a)

Metode impromptu

b)

Metode naskah

c)

Metode ekstemporan

d)

Metode ngapalkeun

e)

Metode penelitian

30.

Dudung jadi ketua pelaksana acara PKS di sakola, manehna mere sambutan salaku ketuplak. Pas sambutan, masihan biantarana nyandak kertas tuluy dibaca.

Metode biantara nu dipake ku Dudung nyaeta...

a)

Metode impromptu

b)

Metode naskah

c)

Metode ekstemporan

d)

Metode ngapalkeun

e)

Metode penelitian