Font size
WorksheetsASESMEN SUMATIF TENGAH SEMESTER 1 BAHASA SUNDA KELAS 6
Total questions: 35
Worksheet time: 29mins
Jalma anu daék mikir, tara putus harepan, jeung prak digawéna disebutna jalma anu ....
bageur
getol
kréatif
soméah
Jalma kréatif mah moal buntu ....
carita
laku
miwarang
pangabisa
Bahan anu digunakeun ku Ahmad Farhan pikeun nyeunkeun pakakas barang antik nyaéta ....
awi urut
beusi urut
kai urut
lisung urut
Lanceukna indung/bapa urang disebutna ....
Bibi
Émang
Ua
Aki
Sebutan urang pikeun ka anak lanceuk nyaéta ....
anak
aki
alo
ua
Kalimah pananya pikeun nanyakeun barang, maké kecap pananya ....
saha
di mana
naon
kumaha
Ulah miceun runtah di walungan. Tanda baca nu luyu pikeun nungtungan kalimah di luhur nyaéta ....
Petik ("
Panyeluk (!)
Tanya (?)
Titik (.)
Adé, geura sakola! Kalimah di luhur kaasup kalimah ....
Panitah
Paménta
Pangajak
Pangarep-arep
Waditra anu dijieunna tina awi, jeung cara nabeuhna digoyangkeun nyaéta ....
kendang
kacapi
calung
angklung
Rebab téh mangrupa waditra musik anu cara nabeuhna ....
ditiup
ditakol
dipetik
digésék
Jalma nu ahli medar carita jeung mintonkeun pagelaran wayang nyaéta ....
Dalang
Déklamasi
Pangarang
Sutradara
Jalma nu ahli nabeuh waditra dina pitakon kasenian Sunda nyaéta ....
Dalang
Déklamasi
Nayaga
Sutradara
Asép téh dipikaresep ku babaturanana lantaran amis budi. Harti babasan amis budi nyaéta ....
tumut kana piwuruk
soméah tur daréhdéh
korét
daékan
Babasan bodo aléwoh hartina ....
akal jahar
bodo tapi daék tatanya
sangsara pisan
soméah
Motor di jalan téh keur ____ siga nu keur balapan. Kecap rajékan nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
paudag-udag
pagigir-gigir
palila-lila
patunjuk-tunjuk
Kalimah anu merenah keur ngalemeskeun "Kuring indit ka sakola", nyaéta ....
Abdi mios ka sakola
Abdi indit ka sakola
Kuring mios ka sakola
Kuring angkat ka sakola
Kuring dahar, Pun Bapa téh nuju ....
dahar
emam
neda
tuang
Nyeun kiripik gadung mah teu gampang jeung waktuna gé teu sakeudeung. Sinonim tina kecap gampang nyaéta ....
atoh
babari
hésé
susah
Kadaharan has daérah téh mani loba pisan. Antonim tina kecap loba nyaéta ....
saeutik
gedé
bageur
alus
Di réstoran Sunda mah, sok disadiakeun sambel jeung lalab. Kecap sawanda tina kecap lalab nyaéta mangrupa ....
buah
lauk
sangu
sayuran
Karangan anu eusina medarkeun riwayat hirup hiji inohong nyaéta (a)
Bapa ti indung urang disebutna (a)
Kalimah anu eusina maréntah jalma lian sangkan milampah pagawéan nu diparéntahkeun disebut kalimah (a)
Kacapi téh mangrupa waditra kasenian anu nabeuhna ku cara (a)
Jalma anu ahli nyieun carita rékaan disebutna (a)
Sanajan boga kolot beunghar, ulah gedé hulu, bisi taya resepeun. Harti babasan gedé hulu nyaéta (a)
Mobil jeung motor (a) siga nu embung éléh. Kecap rajékan anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
Pa Guru nuju (a) ti sakola. Kecap anu alus pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
Henteu bangga geuning nyieun karajinan téh ari geus diajaran mah. Sinonim tina kecap bangga nyaéta (a)
Kecap sawanda tina kecap puas nyaéta (a)
Pék jawab pananya di handap ieu! Pék sebutkeun ku hidep 3 hal nu diwengku dina biografi!
(a)
Pék tangtukeun ku hidep miturut jinisna kalimah paréntah di handap ieu! a. Jang, geura indit sakola! b. Mang, nyuhunkeun cau! c. Mangga ka lebet, Pa!
(a)
Pék jelaskeun ku hidep harti istilah patukangan di handap ieu!
a. Pangarang
b. Nayaga
c. Dalang
Pék robah kalimah di handap ieu maké ragam basa hormat!
a. Kuring indit ka sakola.
b. Peuting tadi kuring teu bisa saré.
c. Kuring balik ti sakola.
Pék tuliskeun sinonim tina kecap di handap ieu!
a. Gedé
b. Bangga
c. Gampang
(a)
