WorksheetsLcc sunda sastra
Total questions: 176
Worksheet time: 2hrs 25mins
Jalma anu ahli dina biantara disebut...
Kurator
Koruptor
Moderator
Orator
Bagian bubuka biantara nyaeta nepikeun .....
Ucapan hatur nuhun
Ucapan du'a
Muji sukur ka Gusti Allah SWT
Menta hampura
Biantara kucara ditalar atawa diapalkeun heula naskahna disebut.....
Metode dadakan
Metode talaran
Metode maca naskah
Metode catetan ringkes
Biantara ku cara nempo raraga atawa runtuyan ringkes eusi biantara disebut .....
Metode catetan ringkes
Metode dadakan
Metode maca naskah
Metode talaran
Biantara kucara ngagunakeun naskah disebut ....
Metode talaran
Metode maca naskah
Metode catetan ringkes
Metode dadakan
Biantara nu ngadadak, henteu tatahar heula disebut ....
Metode talaran
Metode maca naskah
Metode catetan ringkes
Metode dadakan
Hadirin hormateun simkuring, dina danget ieu simkuring bade ngadugikeun sababaraha perkawis.
Kalimah di luhur kaasup bagian ... dina biantara.
Salam bubuka
Bubuka
Eusi
Panutup
Mung sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna kangge urang sadayana. Hapunten bilih aya kakirangan.
Kalimah di luhur mangrupa conto kalimah ... dina biantara.
Salam bubuka
Bubuka
Eusi
Panutup
Biantara téh nyarita di hareupeun balaréa, kalawan eusina luyu jeung tujuan anu rék ditepikeun. Biantara kaasup kagiatan nyarita nu sipatna....sabab biantara ngan saukur diréspon ku salam jeung unggeuk.
monolog
dialog
komunikatif
refresentatif
tukeur-pikiran
Biantara ilaharna ngagunakeun ..., sabab ngajénan hadirin anu ngabandungan biantara.
basa-basi
basa kasar
basa wewengkon
basa lemes
basa loma
Aya opat métode atawa téhnik nu biasa digunakeun dina nepikeun biantara nya éta métode nalar, métode maca naskah, métode ékstémporan, jeung métode langsung. Métode nu biasa digunakeun ku para papanggung saperti Présidén, para Mentéri, Gupérnur, atawa Bupati/Wali Kota nya éta métode….
nalar
maca naskah
ékstémporan
impromptu
ngapalkeun
Biantara formal jeung biantara anu teu formal ditangtukeun ku….
Situasi atawa kaayaan, tempat, jeung nu hadir dina biantara.
Situasi atawa kaayaan, raksukan, jeung naskah biantara.
Situasi atawa kaayaan, raksukan, jeung nu hadir dina biantara.
Jejer, raksukan, jeung naskah biantara.
Jejer, raksukan, jeung nu hadir dina biantara.
Bagian biantara anu kaasup kana bagian panutup nya éta….
Bismillahirrohmanirrohim
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Wilujeng énjing para hadirin.
Langukung ti payun puji urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci, puja urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Kawasa, nu parantos masihan mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadyana. Solawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka panutan urang sadayana, nabi Muhammad SAW.
Dina ieu kasempetan, sim kuring ngaraos bingah taya papadana tiasa kempel ngariung sareng para wargi sadayana nu sami-sami kagungan kareueus sareng kahéman kana kabudayaan Sunda.
Basa indung, lain ukur dipaké alat komunikasi, tapi jadi alat pamekar jeung pangrojong katut alat rékam nu éféktif kana karancagéan budaya local. Éta téh salasahiji kakuatan jati diri jeung cicirén atawa idéntitas hiji bangsa.
Pamungkas catur, sim kuring kalintang nganuhunkeunana ka sadaya pihak nu tos ngarojong acara miéling “Poé Basa Indung Internasional”. Mugia ieu kagiatan téh jadi motivasi pikeun ngahudang deui masarakat panyatur basa indung di unggal wewengkon.
Pa Guru mah...ti...kénéh...engké wengi badé...wayang.
saré, beurang, sabab, lalajo.
saré, siang, sabab, lalajo.
mondok, siang, margi, nongton.
mondok, beurang, margi, nongton.
kulem, siang, margi, nongton.
Kalimah di handap ieu anu ngagunakeun ragam basa anu mernah nya éta….
Pun bapa sareng pun lanceuk kagungan artos anu disimpen di bank.
Pun bapa jeung pun lanceuk gaduh artos anu disimpen di bank.
Pun bapa sareng lanceuk kuring kagungan artos anu diteundeun di bank.
Bapa sareng lanceuk kagungan artos anu disimpen di bank.
Bapa jeung lanceuk gaduh artos anu disimpen di bank.
Patarosan ti Bu Guru téh meni babari, abdi teu hésé ngawalerna.
Kecap anu teu mernah tina kalimah di luhur nya éta….
patarosan, meni, ngawalerna.
meni, babari, hésé.
babari, hésé, ngawalerna.
patarosan, babari, ngawalerna.
Bu Guru, hésé, ngawalerna.
Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting, disebutna . . . .
Wawaran
Biantara
Déklamasi
Dramatisasi
……...
Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….
ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
mamanis biantara
Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal…...
Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun
Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun
Tagog/penampilan kudu gaya
Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara
metodeu/teknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin poin nu dianggap penting nyaeta...
ngapalkeun biantara
improptu
ekstemporan
persuasif
maca naskah biantara
dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkan kadenge ku balarea. bentes dina nepikeun kecap jeung kalimah dian biantara...
lentong (intonasi)
sora (artikulasi)
pasang peta
wirahma
nada
Perhatikeun 7 unsur biantara di handap ieu!
1) Pangabagéa Randegan
2) Salam bubuka
3) Bubuka Biantara
4) Panutup Biantara
5) Pangabagéa
6) Eusi Biantara
7) Salam Panutup
Urutan anu merenah tatkala rék migawé biantara nya éta…
3-2-5-1-6-4-7
2-5-3-1-6-4-7
2-3-5-1-6-4-7
3-5-2-1-6-4-7
2-5-3-1-6-7-4
Hiji wangun prosa nu dipedar dina basa lisan, kabagi dua aya nu sipatna klasik/buhun aya nu sipatna modern/anyar. Di handap ieu mangrupa wangenan dongéng, nya éta …
Carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok
Carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang
Carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paripolah jeung paguneman
Caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol
Karangan anu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi
Dina hiji carita prosa tangtu ngabogaan hiji ciri has nu béda, tiabatan nu liana. Ku kituna unsur naon anu jadi hal utama yén hiji karya sastra disebut dongéng …
Dina hiji carita prosa tangtu ngabogaan hiji ciri has nu béda, tiabatan nu liana. Ku kituna unsur naon anu jadi hal utama yén hiji karya sastra disebut dongéng …
Unsur kanyataan
Unsur kaagamaan
Unsur sosial
Unsur mistis
Réa pisan rupa dongéng, boh ditilik tina wangun eusi boh ditilik tina strukturna. Saperti halna dongéng anu nyaritakeun lalampahan sasatoan saperti Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya, Gagak Hayang jadi Merak, jsb disebut …
Farabel
Fabel
Sasakala
Sage
Pamuk
Aya rupa dongéng nu méh sakapeung saperti carita prosa wangun lancaran modern, kudu tenget tur inget yén dongéng ngabogaan ciri has madeg mandiri.Samisal Si Kabayan, Irtasan, Abu Nawas mangrupa tokoh-tokoh anu biasana sok aya dina …
Farabel
Fabel
Sasakala
Sage
Pamuk
Saperti halna carita prosa séjén, dongéng ogé katitén ngabogaan hiji carita nu teu leupas tina unsurna sorangan.Di handap ieu mangrupa unsur intrinsik dongéng nu eusina medar pesen nu baris ditepikeun …
Tema
Galur
Puseur Sawangan
Latar
Amanat
Eusi dina carita dongéng béda pisan wincikanna unggal jenis/papasinganna, kabukti ku guluyurna carita.Gagasan poko atawa jejer dina carita anu ditepikeun ku pangarang ngaliwatan hiji carita, mangrupa wangenan tina …
Tema
Palaku
Alur
Latar
Amanat
Palaku dina dongéng teu béda jeung prosa lian, ngabogaan watek nu medar jalanna carita beuki ramé.Dina dongéng Dalem Boncél, indung jeung bapa Dalem Boncél kaasup palaku …
Antagonis
Tritagonis
Protagonis
Panengah
Panambah
Pamungkas carita tangtu ngedalkeun hiji hal nu matak ngirut ati nu maca, boh basa,boh eusi. Amanat anu katémbong dina dongéng Dalem Boncél nya éta …
Kudu tulatén dina ngurus hiji hal
Hormat kanu jadi dunungan
Henteu hésé lamun ditutah-titah
Kudu nyaah tur hormat kanu jadi sepuh
Jadi jalma téh kudu calakan
Palaku hiji carita dongéng kaayeunakeun réa parobahan, mun disidik-sidik teu statis deui kawas baheula. Katitén tina watek dunungan Si Boncél anu di tutugan Gunung Giriawas téh …
Harak
Bageur
Soméah
Béréhan
Daréhdéh
1) Carita Rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna ...
A. Carpon
B. Novel
C. Sajak
D. Dongéng
3) Saha Jajaka Gagah anu katarik ati ku kageulisan Dayang Sumbi téh? ...
A. Wayungyang
B. Sangkuriang
C. Siluman
D. Raja Priangan
4) Naon sarat anu diajukeun ku Dayang Sumbi waktu diajak kawin ku Sangkuriang?
A. Di pangyieunkeun parahu jeung keur lalayaran dina waktu sapeuting
B. Dipangabendungkeun Ciliwung, Citarum, jeung Cikapundung dina waktu sapeuting
C. Dipangabendungkeun Sanghyang Tikoro jeung dipangnyieunkeun parahu dina waktu sapeuting
D. Dipangabendungkeun Cikapundung jeung Citarum katut dipangnyieunkeun imah dina waktu sapeuting
5) Salasahiji ciri tina karangan Dongéng téh nyaéta ...
A. Sumebarna sacara lisan
B. Palakuna jin jeung Siluman
C. Témana ngeunaan kahirupan Raja
D. Loba ditulis dina buku jeung majalah
Leuwih ti heula mana penerbitan novel sastra Indonesia jeung sastra sunda?
Indonesia, taun 1914
Sunda, taun 1914
Indonesia, taun 1920
Sunda, taun 1920
Judul novel Sunda nu mimiti nyaéta ...
Baruang ka nu Ngarora
Nyi Halimah
Patepung di Bandung
Si Paser
Dina unsur Novel, hal/ pesen anu ditepikeun ku pangarang ngaliwatan karyana, nyaeta...
Tema
Alur/ Galur
Palaku
Amanat
Anu ngarang Novel Sunda Baruang Ka Nu Ngarora, nyaeta...
R. Memed Sastrahadiprawira
Joehana
D.K. Ardiwinata
Yosef Iskandar
Novel Indonesia karek medal 6 taun sanggeus novel Sunda medal. Novel Indonesia nu mimiti medal judulna....
Azab dalam kubur
Azab dan Sengsara
Sengsara membawa maut
Azab membawa penyesalan
Kumaha ahir carita dina Novel Baruang kanu Ngarora?
pikabungaheun
pikasieuneun
pikaseurieun
pikasediheun
Kunaon Nyi Rapiah ninggalkeun Ujang Kusen?
lantaran Ujang Kusen miskin
lantaran teu betah hirup di kampung
lantaran Aop Usman leuwih kasep
lantaran dititah ku kolotna
Nu kaasup novel barudak nya éta
Prasasti nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.
"Yup!”
"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"
"Pamasihan."
"Parnasihan saha?"
Teu dijawab.
"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.
"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug rnasihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
Dina sempalan tek di luhur palakuna saha wae...
Prasasti
Kuring
Prasasti, Kuring
Prasasti, Kuring (Rin), Fauzan
Prasasti, Fauzan, Rinega, Margareta
Muga baé tiwas-sucina Prabu Linggabuana heunteu jadi mamala. Kecap Mamala ngandung harti…
ruksak
bahaya
prihatin
apes
sial
novel "Baruang ka nu ngarora" karangan...
moh.Amri
Aam amelia
D.K. Adiwinata
Dadan Sutisna
Tatang sumarsono
Nu kaasup unsur-unsur intrinsik novel nya eta..
Tema, nada, rasa, amanat
Tema, dialog, prolog, latar
Tema, latar, tokoh, galur, sudut pandang
Tema, latar, sudut pandang, pangarang
anu kaasup kana pakeman basa nya eta
rakitan basa
paribasa
rarakitan
rakitan matok
anu matak disebut pakeman basa teh lantaran....
susunan kecapna disaluyukeun jeung maksudna
susunan kecapna geus tangtu
susunan kecapna bisa dirobah-robah
susunan kecapna teu bisa ditangtukeun
"sukapura ngadaun ngora."
ungkara di luhur teh kaasup...
cacandran
caturangga
paribasa
babasan
cacandran atau uga mangrupa pakeman basa anu eusina
ramalan
babandingan
nasehat
pituah
anu kaasup caturangga, iwal....
satria pinilih
satria kinayungan
sumur bandung
sekar panggung
caturangga teh pakeman basa anu eusina ngeunaan hade goreng watek...
ucing
jelema
sapi
kuda
anu kaasup paribasa wawaran luang nya eta...
cul dogdog tinggal igel
kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan
ngeupeul ngahuapan maneh
ayakan mah tara meunang kancra
anu kaasup paribasa panyaram lampah salah nya eta...
cul dogdog tinggal igel
kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
ayakan mah tara meunang kancra
kade ulah nepi ka jati ka silih ku...
junti
jengkol
jahe
kai
jalma anu someah hade ka semah, ramah tamah disebutna
amis daging
miyuni tai
amis budi
panjang leungeun
aya paribasa "ayakan mah tara meunang......"
lele
lauk
kancra
gurame
babasan kokolot begog hartina...
kolot anu euweuh kanyaho kawas budak
budak nu ngomongna siga kolot
kolot anu kalakuana siga budak
budak anu beungeutna kolot
aya paribasa "moro ...... ngaleupaskeun peusing."
langlayangan
bagong
julang
uncal
meninggalkan sesuatu yang penting demi sesuatu yang tidak penting. paribasana nya eta...
moro julang ngaleupaskeun peusing
cul dogdog tinggal igel
pagiri-giri calik, pagirang-girang tampiab
kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung
tidak akur, saling bersaing. paribasana nya eta...
moro julang ngaleupaskeun peusing
cul dogdog tinggal igel
pagiri-giri calik, pagirang-girang tampiab
kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung
Bandung heurin ku ...
gedung
jelema
tangtung
gunung
kota yang diramalkan akan berguguran (menjadi sepi) adalah...
Tasikmalaya
Sumedang
Bandung
Bogor
sukapura ngadaun ngora merupakan uga atau cacandran untuk kota...
Bandung
Tasikmalaya
Sumedang
Bogor
...... ngagugulung kalapa
Bagong
Monyet
Gajah
Lutung
asa ditonjok congcot, hartina...
mendapatkan janji mansi
mendapatkan kebahagiaan atau keberuntungan
mendapatkan musibah
mendapatkan jodoh
jelema nu sok cukat-cokot barang batur disebut..
panjang leungeun
panjang baraya
leungeun panjang
panjang beuheung
Persib teh keur elehan wae, klasemenna ge di handap. Tapi lantaran pemaenna getol latihan nu bener persib bisa bangkit.
paribasa nu merenah pikeun carita di luhur nya eta...
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
tai cakcak kana huntu laun-laun ge dilebok
ngeupeul ngahuapan maneh
cul dogdog tinggal igel
Jaga bangsa urangbakal dijajah ku......, lila saumur.......
Belanda, pare
Cina, Jagong
Belanda, Jagong
Cina, pare
paribasa nu pas pikeun ngagambarkeun antara persib jeung persija nya eta...
cul dogdpog tinggal igel
panjang leungeun
gede hulu
pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian
kuda yang memiliki kukulinciran di kepalanya disebut..
sumur bandung
satria kinayungan
sekar panggung
Galunggung ngadeg tumenggung, hartina..
Gunung Galunggung akan meletus
Guunung Galunggung tidak akan meletus
Gunung Galunggung akan berdiri
Gunung Galunggung tidak akan apa-apa
Tulisan nu aya dina tugu kujang nya eta.....
Di nu kiwari ngancik nu bihari, seja ayeuna sampeureun jaga
Di nu kiwari ngancik nu bihari, neda ayeuna sampeureun jaga
Di nu kiwari ngancik nu janari, seja ayeuna sampeureun jaga
Di nu kiwari ngancik nu bihari, seja ayeuna sampeureun tua
Conto paribasa nya eta...
A. Hulu peutieun
B. Bandung heurin ku tangtung
C. Sekar panggung
D. Lauk buruk milu mijah
Uga mangrupa pakeman basa anu eusina tujuman kana...
A. Kaayaan hiji daerah dina hiji mangsa
B. Kaayaan hiji jalma dina kahirupan
C. Kaayaan nagara dina mangsa nu bakal datang
D. Kaayaan nagara dina mangsa nu geus kasorang
Conto uga nya eta...
A. Cianjur katalanjuran
B. Asa ditonjok congcot
C. Seungit nu ngagoreng bawang
D. Nagara kertaraharja mun lebak cawene geus kapanggih
Pangmiceunkeun tampolong..
Ungkara diluhur kaasup
A. Paribasa
B. Babasan
C. Rakitan lantip
D. Gaya basa
Carpon mangrupa singgetan tina carita pondok. Ieu karya sastra téh mangrupa karya sampeuran. Ukuran pondok dina carpon bisa katitén tina jumlah kecap pangwangunna, nya éta ....
10.000 – 20.000 kecap
1.000 – 5.000 kecap
1.000 – 2.000 kecap
50 -150 kecap
5.000 – 10.000 kecap
Dina sajarahna carpon téh pangaruh sastra deungeun, nu kungsi nyicingan Nusantara. Nagara nu mawa carpon ka Indonesia téh nya éta ....
Jepang
Jerman
Walanda
Portugal
Inggris
Awal kamekaranana mah istilah carpon bisa disebut henteu pati tétéla, da masih disaruakeun jeung dongéng. Taun 1930, medal buku kumpulan carita pondok anu munggaran ku alpukahna Balé Pustaka. Judul kumpulan carpon munggaran nu aya di Tatar Sunda nya éta...
Dogdog Pangréwong karya GS
Lain Éta karya Moh. Ambri
Papacangan karya Rusman Sutiasumarga
Hujan Munggaran karya Ayatrohaédi
Dongéng Énténg ti Pasantrén karya R.A.F
Carpon jeung dongéng mangrupa karya sastra wangun prosa anu ukuranana rélatif pondok. Ngan, sanajan pondok éta dua karya sastra téh tangtu aya bédana utamana dina carita anu dipibandana. Carita dina carpon umumna réalistias, sedengkeun dina dongéng mah ...
Wangun tinulis
Pamohalan
Nyaritakeun sasatoan
Komunikatif
Éksprésif
Ti baréto gén manéhna geus nyaho, yén ahir-ahirna mah kudu miang, indit ti tempatna ngumbara ayeuna. Osok dipopohokeun, ku ngahaja bebenah, bebetah, tapi teu beunang. Ingetan yén hiji mangsa kudu indit osok datang rerencepan, di mana rék ngagolédag saré; atawa mun lilir tengah peuting; atawa mun keur leumpang di tengah kota anu harénghéng; atawa di mana baé, teu katalian ku tempat jeung wayah.
Suasana nu karasa tina sempalan carpon di luhur nya éta ...
Bagja
Ambek
Guligah
Hanjakal
Nalangsa
Walungan keur sedeng caah. Kadéngé sora anu ngaguruh. Sanajan teu katémbong, keur meumeujeuhna poék peuting, moal henteu caina motah umpalan. Deukeut tangkal loa, aya nu ngelemeng nangtuung. Barang éta anu ngelemeng téh ngajuringkang rék crub meuntas, kadéngé aya anu ngomong.
Unsur intrinsik nu dominan dina sempalan téks di luhur nya éta...
Palaku
Latar
Watek
Amanat
Puseur sawangan
Kacipta ku anjeunna nalika anjeunna sasat paduduaan jeung kapiraina. Ngaraos anu asih dipulang sengit, niat mah rék ngélingan, anggur kalah jadi gugujrudan. Tapi anjeunna henteu ngaraos kaduhung, sabab naon anu ku anjeunna dipilampahkeun téh geus meunang nimbang-nimbang.
Amanat nu merenah tina sempalan téks di luhur téh nya éta ....
Ulah indit sosoranganan
Saupama rék ngalakukeun hiji hal kudu diniatan ti awal
Kudu bageur jeung kapirai
Saméméh ngalakukeun hiji hal kudu ditimbang-timbang sangkan teu kaduhung ahirna
Kudu ngimpleng kaayaan nu bakal lumangsung
Srangéngé geus hibar, sinarna karasa haneut.
Tina kalimah di luhur kapanggih yén waktu dina éta carita nuduhkeun ...
Beurang
Subuh
Soré
Peuting
Janari
Anu disebut latar dina carpon teh . . .
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca
Nilai-nilai dina carita, latar belakang pangarang, jeung situasi sosial dina nyiptakeun carita kaasup kana….
Unsur Intrinsik
Unsur Ekstrinsik
Ciri-Ciri Carpon
Struktur Carpon
Di handap ieu, mana nu kaasup buku kumpulan carpon karya Yus Rusyana….
Jajatén Ninggang Papastén
Dogdog Pangréwong
Nu Harayang Dihargaan
Diwadalkeun ku Siluman
ieu di handap ciri-ciri carita pondok, iwal...
jumlah kecapna tara leuwih ti 10.000 kecap
upama diukur ku waktu macana, antara 10 nepi 20 menit
kajadian nu dicaritakeun biasana ngan ukur hiji kajadian
permasalahan nu dipedar kompleks
ieu di handap setting tempat nu aya dina carpon "Pileuleuyan Facebook", iwal...
Di Sakola
Dina Angkot
Di imahna
Di basisir laut
Galur carita anu rangkaian kajadian susunanna teu luyu jeung urutan waktu kajadian atawa carita nu gerakna (flashback), disebut oge...
Galur Maju
Galur Mundur
Galur Campuran
Galur Biasa
Nilik kana carita pondok "Pileuleuyan Facebook", carpon eta kaasup kana galur...
Galur Maju
Galur Mudur
Galur Campuran
Galur Biasa
Naon pangna/sababna tokoh kuring nepi ka ngarasa kesel ka sobat di medsosna...
Ngarasa dibobodo ku sobat medsosna
sobatna jalir jangji/ ingkar janji
dipikaresep ku sobat medososna
sobat medsosna nurustunjung (tak tahu diri)
Sajak asup kana karangan dina wangun......
Ugeran
pupuh
pupujian
mantra
Sajak munggaran medal dina sastra Sunda kira-kira dina taun....
1946
1953
1956
1963
Tema dina sajak maksudna ....
Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak
Gambaran kaayaan
Gambaran nu karasa, kadenge atawa katenjo, najan ukur dina wangwangan
Kecap nu dipake pikeun ngantebkeun maksud
Keuyeup
Beungeut nyanghareup
Leumpang nyangigir
Beungeut nyanghareup
Ati mungkir
ku: Ganjar Kurnia
Ngagambarkeun naon sajak diluhur?
Keyeup
jalma soleh
jalma munafik
gajah
jalma bangor
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
Sajak "Priangan" teh ngeunaan ....
Kayaan Alam Priangan
Mojang Priangan
Kabogoh nu asalna ti Priangan
nu hayang geura maot
wirahma nyaeta....
lentong (tarik-halona sora)
sora anu bedas
mimik
suasana
"Aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan"
rasa anu karasa dina sempalan sajak di luhur nyaeta....
gumbira
hade
sedih
prihatin
Hejo pagununganana paul lautan
Taya kamarasan ngan katugeunahan
Hejo pagununganana paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Dumasar kana sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan.................
Kaayaan tanah Sunda nu endah, tapi heunteu tengtrem tur loba ancaman
Kaayaan tanah Sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun.
Kaayaan pagunungan anu hejo lembok
Kaayaan alam Sunda anu geus ruksak ku polusi
Nu disebut Pada nyaeta…………..
Baris atawa jajar
Bait
Tungtung sora
Engang
Pupujian asalna tina kecap ...
karya sastra
puisi
puji
kawih
Nepikeun pupujian biasa ku cara ...
dituliskeun
dikawihkeun
dialungkeun
dipotokeun
Pardu wudu aya genep sadayana
Hiji niat kadua ngumbah beungeutna
Pupujian di luhur eusina ngeunaan ...
pepeling
solawat nabi
pangajaran kaagamaan
muji ka gusti
Santi mah budak nu jujur. Santi budak anu ....
tara pasea
tara bohong
tara indit-inditan
tara ngomongkeun batur
1. Tumpak kuda ka Cikarang,
Jalanna lempeng kacida,
Pamuda di lembur urang,
Teu kabita ku narkoba.
kaasup kana wanda sisindiran ....
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Sisindiran
Dumasar kana sifatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....
paparikan, rarakitan, wawangsalan
piwuruk, sésébréd, silih asih
cangkang, eusi, wangsal
wawangsalan, tatarucingan, paparikan
tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaeta...
unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi
padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang
sapadana diwangun ku opat padalisan
padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
Dumasar kana watekna, sisindiran dibedakeun jadi tilu rupa, nya eta.....
Paparikan, rarakitan, wawangsalan
Piwuruk, sesebred, silihasih
Cangkang, eusi, wangsal
Wawangsalan, tatarucingan, paparikan
Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
Sisindiran teh asalna tina kecap "sindir", anu hartina...
Omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun
Omongan atawa caritaan anu dijentrekeun
Omongan atawa caritaan anu dikawihkeun
Omongan atawa caritaan anu direka-reka
Wangsalna "salak", ari cangkangna nya eta....
Buah sisitan ngagonyok, ulah sok galak timburu
Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun
Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikahayang
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran
Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing
Mihapé sisir jeung minyak
kadé kaancloman leungeun
Mihapé pikir jeung niat
kadé kaangsonan deungeun
Sisindiran di luhur kaasup kana jenis?
Wawangsalan
Paparikan
Piwuruk
Rarakitan
SISNDIRAN TEH ASAL KECAPNA TINA SINDIR ANU HARTINA ...
PAGUNEMAN
DIALOG
OMONGAN ANU DIBALIBIRKEUN
OMONGAN SORANGAN
AYA MANUK DINA PAGER
NA SUKUNA AYA BOLA
LAMUN URANG HAYANG PINTER
KUDU GETOL KA SAKOLA
RARAKITAN
WAWANGSALAN
SISINDIRAN
PAPARIKAN
ANU TEU KAASUP KANA CIRI SISINDIRAN NYAETA . . . .
MIBOGA CANGKANG JEUNG EUSI
DIWANGUN KU OPAT PADALISAN
DIWANGUN KU OPAT PADA
MIBOGA POLA RIMA A-B-A-B
AYA ISTRI DI MASIGIT
CAANGNA KAMANA - MANA
..................................................
.................................................
LAMUN HAYANG ASUP SURGA
KUDU GETOL IBADDAH
LAMUN HAYANG SEKSES
KUDU GETOL DIGAWE
AYA ISTRI JANGKUNG ALIT
UDELNA KAMANA - MANA
AYA BUDAK LEUTIK
NGARANNA SI JAGO
CAU NAON CAU NAON
CAU KULUTUK NU DIJURU
BAU NAON BAU NAON
BAU HITUT NU DIJURU
SISINDIRAN DI LUHUR KAASUP . . . .
RARAKITAN
PAPARIKAN
WAWANGSALAN
SISINDIRAN
MAUNG TUTUL SABA KASUR
DIRI TEU NGEUNAH CICING
wangsalna . . . .
WAWANGSALAN ANU SESUAI JEUNG GAMBAR DI LUHUR NYAETA ...
SUKU JANGKUNG BEUHEUNG PANJANG
KURING SUMPAH AREK NYAAH
KENDANG GEDE PAKAUMAN
DAG DIG DUG RASANING ATI
GEDONG GEDE DI SAGARA
KAPALANG GEUS BELA PATI
TELEPON LEUTIK DIKEUPEUL
REK MIHAPE CINTA KURING
PARABOT DI LUHUR GUNANA PIKEUN . . .
WADAH SANGU
WADAH CAI
WADAH UYAH
WADAH GLA
KECAP BANYOL SARUA HARTINA JEUNG . . . .
HEUREUY
DIAJAR
SAKOLA
BAGEUR
GEDONG GEDE DI SAGARA
KAPALANG GEUS BELA PATI
wangsalna . . . .
Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku penyakit
Kabogoh direbut batur
Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran...
Paparikan silih asih
Rarakitan sesebred
Rarakitan silih asih
Paparikan piwuruk
Ari sisindiran teh diwangun ku 4 padalisan, 2 cangkang sarta 2 eusi katut miboga aturan minimal 8 engang maksimal 12 engang. Ari anu disebut cangkang teh nya eta...
Anu dua padalisan pamungkas
Padalisan ka tilu Jeung ka opat
Padalisan ka dua jeung katilu
Dua padalisan munggaran
Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh diakalan
Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran....
Paparikan silih asih
Paparikan piwuruk
Rarakitan sesebred
Rarakitan piwuruk
Rarakitan silih asih
1. Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
2. Cikur jangkung jahe Koneng
Naha teu palay tepung
Wangsal tina sisindiran di luhur nya eta...
Panon poe jeung jahe
Panon poe jeung tipung
Ngalanglayung Jeung kapal
Layung jeung panglay
Miboga sipat mindoan kawit, atawa kecap munggaran dina cangkang dibalikan deui kana kecap munggaran dina eusi. Eta hal teh mangrupa ciri-ciri sisindiran jenis...
Paparikan
Wawangsalan
Rarakitan
Wawangsulna
sora vokal panungtung dina padalisan
Guru lagu
Guru wilangan
Guru sunda
Guguritan
jumlah engang di unggal padalisan
Guru lagu
Guru wilangan
Guru Sunda
Guguritan
pupuh anu diwangun ku tilu padalisan
Kinanti
Pucung
Balakbak
Asmarandana
pupuh anu diwangun ku genep padalisan
Wirangwong
Asmarandana
Pucung
Kinanti
tembang anu ditulis ku aturan pupuh
Guguritan
wawacan
Dongeng
Carpon
Naon anu disebut baris dina ungkara bahasa Sunda
Pada
Palisan
Paragraf
Pupuh sekar ageung jumlahna aya 4 naon wae...
Kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula (KSAD)
Mijil, Pucung, Balakbak, Kinanti (MPBK)
Pucung, Balakbak, Kinanti, Asmarandana (PBKA)
Pupuh anu jumlahna aya 13 disebut sekar...
sekar alit
sekar ageung
sekar tandak
sekar badag
"Tingjalegur ombak anu neunggar karang",
Patokan guru lagu jeung guru wilangan dina ungkara di luhur....
12-i
10-e
8-u
12-a
Pupuh kinanti diwangun ku ........ padalisan
hiji
dua
tilu
dalapan
Aturan guru lagu dina pupuh kinanti nyaeta....
8u,8i,8a,8i,8a,8i
8u,8i,8a,8i,8a,8a
8e,8i,8a,8i,8a,8u
8a,8i,8u,8e,8a,8i
Upama rék ngalaksanakeun wawancara, hal anu kudu diperhatikeun nyaéta unsur 5W+1H sabab éta mangrupa sarat nu kudu kaguar dina eusi warta. Upama hiji warta teu minuhan kana sarat anu tadi, éta warta acan bisa ngajawab kapanasaran panitén. Nu dimaksud 5W+1H nyaéta…
What, when, who, why, whise, How
What, when, whos, why, where, How
What, when, who, why, were, How
What, when, where, who, why, How
What, when, where, whos, why, How
Dumasar kana wangunna, jenis warta kabagi jadi dua, aya warta lisan jeung tulisan. Warta lisan ditepikeunna biasana ngaliwatan média...
Koran
Majalah
Radio
Warta elektronik
Web
Ngaran acara anu kaasup kana jenis warta straight news nyaéta...
86
Laptop Si Unyil
Mata Najwa
Brownis
Kabar petang
Ditepikeunna warta tangtu miboga tujuan séwang-séwangana, di handap anu teu kaasup kana tujuan ditepikeunna warta nyaéta...
Pikeun nepikeun informasi
Pikeun pangajak
Sarana promosi
Ngaliarkeun taleus ateul
Méré arahan
Pancén anu cocog pikeun gambar di handap nyaéta...
Kaméramén
Réporter
Voice Over
Narasumber
Juru Warrta
Dina struktur warta téma utama dina berita sok ditulis pangmimitina, sabab dianggap pangpentingna, disebut ………?
lead
bubuka
eusi warta
panutup
judul warta
Nu dimaksud unsur where dina warta nya éta ………?
Iraha lumangsungna?
Naon masalahna?
Kumaha kajadianana?
Di mana kajadianana?
Kunaon sababna?
Baca teks ieu di handap:
Mobil angkot nabrak tembok jambatan di daerah Cidurian Bandung, Salasa (15/12/2015).
Nilik tina teks di luhur ngagunakeun unsur 5W+1H naon wae....
naon, di mana, iraha
naon, iraha, naha
naon, di mana, saha
naon, iraha, kumaha
naon, saha, naha
Baca teks ieu di handap!
Pupuhu DPBD FPBS UPI, Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. nyebutkeun, dina sajarahna eta kagiatan pasanggiri teh memang diancokeun pikeun para siswa tingkat SMA.
Nilik kana teks di luhur kaasup kana wanda kalimah....
kalimah teu langsung
kalimah langsung
kalimah wawaran
kalimah babasan
kalimah parentah
Goong leutik, sorana lamun ditakol "keung-keungan". Ungkara eta kaasup kana waditra naon....
goong
goong renteng
gamelan
celempung
bende
Parabot tatabeuhan dijieun tina ruas tamiang, sadana ku cara ditiup dina bagian sumber (suwer) dina salah sahiji sisi bukuna, maenkeunana ajeg. Ungkara eta kaasup kana waditra....
suling
torompet
saron
bende
goong
Di taun sabaraha Miss Tjitjih ngawitan sandiwara ....
1908
1926
1928
1938
kecap drama asalna ti bahasa (a)
Katerangan pangarang ngeunaan lalakon nu sok di suguhkeun di awal drama nyaeta ....
babak
prolog
epilog
candraan
Paguneman dina drama sok di sebut oge (a)
Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....
tragédi
stratégi
komédi
komédi-tragédi
Dina drama aya palaku anu hadirna ngan ujur saliwat, sakadar keur ngalengkepan atawa nambahan wungkul, malah sakapeung mah tara-tara acan milu gunem catur. palaku anu kitu di sebut ....
palaku utama
palaku pangrojong
palaku figuran
palaku tambahan
Drama anu rea ngolah konflik batin disebut ....
tragedi
kode
farce
melodrama
Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut gending karesmen.
bener
salah
Di desa cihapit ribut yen aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunnana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa newak eta garong.
Cutatan diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean ....
adegan
epilog
babak
prolog
Drama nyaeta ....
Sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan monolog
Sastra dina wangun carita pondok di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan monolog
Sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran)
Sastra dina wangun carita pondok di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran)
Runtuyan kajadian atawa peristiwa anu mangrupa sabab akibat disebutna ....
tema
dialog
galur
monolog
Pesen moral keur nu apresiasi drama atawa anu nonton drama disebut ....
ide carita
jejer carita
nilai moral
amanat
Jalma anu ngatur para palaku dini hiji pagelaran drama disebut (a)
(Di kantin sakola pas jam istirahat beurang aya Ferdi jeung Dito keur ngobrol)
Ferdi : “Dito, isukan urang kerja kelompok Basa sunda yu?”
Dito : “Emang aya tugas kelompok? Urang poho euy!”
Ferdi : “Yeh, maneh mah pohoan, ari eta tugas nu nyieun drama”
Dito : “Eh… heueuh nya, hayu atuh, isukannya di imah maneh!”
dina sempalan dialog drama di luhur dimana maranehna rek kerja kelompok ….
sakola
imah dito
kantin sakola
imah ferdi
(Di ruang guru SMPIA 35 aya bu Dina jeung Bu Lusi keur ngobrol)
Bu Dina : “Bu Lusi, kumaha acara Alspecto teh?”
Bu Lusi : “Alhamdulilah… acarana lancar, antusias ti murid oge loba, guru-guru oge kerja sama jang nyukseskeun acara eta!”
Bu Dina : “Alhamdulilah… wah Bu Lusi rajin jeung tekun nya!”
Amanat tina penggalan drama di luhur nyaeta ....
Kudu leha-leha mun digawe
Kudu jujur mun digawe
Kudu hoream mun digawe
Kudu tekun jeung rajin mun digawe
Kecap drama asalna tina basa Yunani dramoi nu hartina ....
pintonan
lalakon
niron-niron
paguneman
omongan palaku ka dirina sorangan, dina drama disebut (a)
Tanda baca nu ngahapit tuar jadi ciri mandira dina kalimah langsung disebut tanda ....
panyeluk (!)
titik (.)
tanya (?)
kekenteng ("...")
Karangan drama teh boga rupa-rupa ciri, diantarana nyaeta ngagunakeun kalimah teu langsung, nyaeta kalimah nu dikedalkeun langsung ku palaku.
bener
salah
Baca penggalan pupuh ieu di handap.
Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
budi akal lantaran ti pada jalma
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaeta ....
12u - 61- 8i - 12a
12i - 12u - 81 - 8u
12a - 8i - 6a - 12u
9a - 8i - 7a - 12a
Nu disebut pupuh dina sastra Sunda nyaeta ....
tembang dina acara-acara husus
puisi anu kauger (boga patokan) ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapadana
guguritan
sajak pikeun ngedalkeun eusi hate
Apa tema yang diangkat dalam Pupuh Mijil?
Kabungahan
Kesedihan
Kepahlawanan
Cinta
Apa tema yang diangkat dalam Pupuh Wirangrong?
Kepahlawanan
Cinta
Kesedihan
Kabungahan
Pupuh Balakbak ngabogaan watek…
Deudeuh asih, nyaah
Rasa ambek, gede hate
Jelema nu ngalamun atawa keur malaweung
Heurey atawa banyol
Naha abong abong teuing (8i)
Nasib abdi jadi hewan (8a)
Digawekeun berang peting (8i)
Dirangket taya ras rasan (8a)
Abong kena abdi sato (8o)
Teu ngaraskeun kana cape (9e)
Sadidinten paeh poso (8o)
Mogok soteh awak lungse (8e)
Pupuh diluhur kaasup kana pupuh....
Magatru
Pucung
Balakbak
Maskumambang
