WorksheetsTes Formatif 2
Total questions: 10
Worksheet time: 20mins
Dangdanggula
Suyudana lingsem liwat saking, tambah-tambah jeung pada nyurakan, beuki rosa benduna téh, Dipati Karna muru, maksudna mah rék béla pati, gondéwa kek dicandak, dipentang melengkung, siga teu aya héséna, tapi barang arék ngalepas jamparing, Drupadi ngagentraan.
Nyaram tulus ngelepas jamparing, lahirna téh kaula teu suka, najan gagah rongkah ogé, lain turunan agung, sabab anjeun najan bupati, turunan kuricakan, Karna ledeng lanjung, kawas nu katuralegan, henteu béda jeung kapeupeuh puhu ceuli, paruyeng raraosan.
Dina éta téks wawacan, Drupadi miboga watek ……
Gedé ambek
Gedé hulu
gumeulis
wanteran (pemberani)
medit (korét)
Tamatna kaula ngarang, pukul tujuh malem Kemis, di tanggal tujuh welasna, kaleresan bulan April, taun Kangjeng Maséhi, saréwu dalapan ratus, jeung genep puluh dua, marengan hijrahna Nabi, saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan.
Éta téks wawacan téh mangrupa bagéan ......
manggalasastra (alofon)
panutup (kolofon)
munculna masalah (konflik)
eusi
wiwitan carita
Dangding Sunda sukajudi, titisan ti pupuhuan, beubeunangan sososn-soson, kekel kana tatarosan, ti bangsa nu budiman, prabujangga juru lagu, nu paham kadongkarian.
Éta téks wawacan mangrupa bagéan .....
manggalasastra (alofon)
panutup (kolofon)
munculna masalah (konflik)
eusi
wiwitan carita
Wawacan nu pangpopulérna sarta pangpentingna dina kamekaran sastra Sunda nyaéta wawacan ......
Panji Wulung
Purnama Alam
Suryaningrat
Lutung Kasarung
Sayidina Amir Hamzah
Urang Sunda karék mimiti nulis wawacan di abad ka ......
17
18
19
20
21
Dina wawacan Suryaningrat, kajadian nu nyaritakeun Suryaningrat anu palid di walungan téh ahirna bisa panggih deui jeung pamajikanana, Ningrumkusumah sanggeus ngalaman rupa-rupa cocoba.
Éta kajadian dina galur wawacan kaasup kana bagéan ......
wiwitan carita
munculna masalah
puncakna masalah
lelerna masalah
wekasan carita
Ungkara (pernyataan) nu salah ngeunaan wawacan nyaéta .........
wawacan ditulis dina wangun pupuh
wawacan caritana panjang
wawacan mangrupa karya sastra sampeuran
wawacan teu ngabogaan téma, amanat, palaku, galur, jeung latar
wawacan ngandung hal-hal nu pamohalan
Wawacan nyebar di tatar Sunda ngaliwatan kaom ménak (para bupati jeung bangsawan) jeung ulama (di lingkungan pasantrén) dina abad ka .......
16
17
18
19
20
Bagadang lian ti matak leuleus kana awak, kana sirah ...... matak lieur.
Kecap panganteb nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta......
téh
ogé
waé
deui
mah
Sanggeus ngucapkeun Bismillah, ...... baé Mang Ahri naék kana tangkal kalapa.
Kecap panganteur nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta ......
jrut
berebet
jung
térékél
geleber
