NEW
Font size
WorksheetsB.SUNDA kls 9
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Jalma nu ahli dina pidato disebut...
A. Orator
B. Distributor
C. Orasi
D. Distribusi
Dihandap ieu padika dina biantara, iwal ti....
A. Naskah
B. Impromtu
C. Nyatet inti
D. Ngawih
Vokal atawa sora dina nepikeun biantara kudu...
A. Bentes
B. Laun
C. Halimpu
D. Gogorowokan
Struktur biantara nyaeta...
A. Bubuka
B. Eusi
C. Panutup
D. A, B,C bener kabeh
Bagian bagian dina biantara aya tilu, nyaeta saperti dihandap ieu, iwal...
A. Eusi
B. Panutup
C. Bubuka
D. Salam panutup
Biantara nu di dugikeun nalika ngabageakeun tamu nu sumping dina hiji acara disebut biantara...
A. Pangbagea
B. Wilujeung sumping
C. Laporan
D. Bubuka
Kasepuhan asalna tina kecap ...
A. Sepuh
B. Kasep
C. Sepuhan
D. Kasepuh
Presiden Soekarno kasohor ahli pidato, jalma nu ahli pidato disebut...
A. Moderator
B. Kreator
C. Orator
D. Deklamator
Dihandap ieu nu teu ka asup syarat tina biantara, nyaeta...
A. Eusina kudu saluyu jeung materi acara
B. Materina kudu ngaguluyur
C. Waktu dipake sangeunahna
D. Parigel dina mawakeun biantara
Kagiatan nyarita dina raraga nepikeun informasi umum kalayan eusina luyu jeung nu rek ditepikeun kucara lisan ka balarea disebut....
A. Ngadongeng
B. Diskusi
C. Hutbah
D. Biantara
Ritual nalika motong pare tujuana pikeun menta ijin ka karuhun ngarah dibere hasil panen nu leuwih disebut...
A. Ponggokan
B. Nganyaran
C. Mipit pare
D. Seren taun
Iimahan anu diwangun di saluhureun balong disebut...
A. Saung
B. Bale kambang
C. Poporogok
D. Ranggon
Saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma nyaeta....
A. Palalangon
B. Jongko
C. Bedeng
D. Gosali
Suhunan nu lempeng siga pelana kuda nyaeta....
A. Badak heuay
B. Jogo anjing
C. Suhunan jolopong
D. Julang ngapak
Karangan eksposisi disebut oge...
A. Teks prosedural
B. Paparan proses
C. Ajakan
D. Lengkah jeung proses gawe
Dihandap ieu mangrupakeun jinis jinis karangan sacara umum.....
A. Persuasi
B. Eksposisi
C. Narasi
D. Argumentasi
Kecap nu biasa dipake dina teks deskripsi nu ngarujuk kana objek nyaeta kecap...
A. Barang
B. Bilangan
C. Sipat
D. Serepan
Kampung adat Ciptagelar di adegkeun ku pasukan....
A. Karajaan Majapahit
B. Karajaan Sunda
C. Karajaan Jawa
D. Karajaan Sriwijaya
Kampung gede kasepuhan Ciptagelar pernah na aya di daerah...
A. Sukabumi
B. Tasikmalaya
C. Cianjur
D. Bogor
Kampung adat Sunda nu aya di Kabupaten Bogor nyaeta....
A. Kampung Sindang Barang
B. Kampung Naga
C. Kampung Paseban
D. Kampung Urug
