WorksheetsTENGAH GANJILLL
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Bul kukus mendung ka manggung
Ka manggung neda papayung
ka déwata neda suka
ka pohaci neda suci
kuring rék diajar ngidung
nya ngidung carita pantun
Dina carita pantun, cutatan di luhur kaasup kana bagian ……
Rajah Pamuka
Rajah Panutup
Narasi
Dialog
Déskripsi
Kacaturkeun aya hiji nagara, nya éta nagara Pasir Batang anu girang. Nagara mahmur kerta raharja, gemah ripah loh jinawi. Rajana Prabu Ageung Tapa, praméswarina anu geulis Nitisuari. Geus lawas mangku kaprabon, ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, kalawan adil tur wijaksana.
Sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian ……
Rajah pamuka
rajah panutup
narasi
dialog
monolog
“ Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha sumping?” Témbalna Mama Léngsér “ Jagong carang, Ratu Emas!”
“Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?”
“Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong”
Carita di luhur kaasup kana bagian .......
Rajah pamuka
narasi
déskripsi
dialog
monolog
Rajah dina unggal carita pantun sok béda-béda sanajan jejerna (judulna) sarua lantaran ..........
rajah eusina mangrupa sanduk-sanduk
rajah mangrupa ciri utama nu ngabédakeun carita pantun jeung sastra (seni) séjénna
rajah mangrupa bagian penting dina carita pantun
rajah henteu gumantung kana carita tapi leuwih gumantung ka juru pantunna
rajah aya nu panjang aya nu pondok
Bagian carita pantun nu sok disebut papantunan nyaéta .......
rajah
narasi
déskripsi
dialog
monolog
Ungkara (pernyataan) nu salah dina ieu kalimah nyaéta .........
Carita Pantun sok disebut ogé mitologi Pajajaran
Carita pantun kaasup karya sastra sampakan
Carita pantun sok dipirig ku kacapi jeung suling
Carita pantun sumebar sacara lisan
Carita pantun ngandung hal-hal nu pamohalan
"Uwa ayeuna awon pinaros, saméméh ngadamel panjara beusi, Juragan rék ngadamel naon heula?"
Ceuk Ciung Wanara, "Hayang tepung heula jeung Ibu, nu ngaran Naganingrum, ayeuna aya di mana?"
"Sumuhun pariksa Gusti, perkawis ibu Gamparan ayana di patapaan, baheula nurutkeun pépéling abdi, sina tatapa di patamanan."
"Cing, Uwa, geura téang sarta kudu kabawa ka dieu."
"Sumangga, Gusti, ayeuna abdi rék amit."
Teu kacatur di jalanna, kocapkeun geus datang baé. Ciung Wanara tepung jeung ibuna.
Watek Léngsér nu teu kagambar dina téks nyaéta .......
bisa dipercaya
hampang birit
satia ka dunungan
bisa nyalindungan nu keur susah
wanian maréntah dunungan
hutang rasa mayar rasa,
hutang wirang mayar wirang,
urut kuring dinyenyeri,
asal kuring dipalidkeun,
ka citanduy dibuangkeun,
diwadahan ku kanagan.
Sempalan carita pantun di luhur ngagambarkeun ……
Pangrasa haté anu keur ambek sabab loba nu ngahutang.
Pangrasa haté anu keur ambek hayang mulangkeun kanyeri (balas dendam).
Pangrasa haté anu keur ambek sabab nyahoeun dirina pernah dipalidkeun.
Pangrasa haté anu keur nalangsa sabab ditagih hutang.
Pangrasa haté anu keur nalangsa inget dirina pernah dipalidkeun.
hutang rasa mayar rasa,
hutang wirang mayar wirang,
urut kuring dinyenyeri,
asal kuring dipalidkeun,
ka citanduy dibuangkeun,
diwadahan ku kanagan.
Eta teks carita pantun kaasup kana bagian .........
rajah panutup
narasi
deskripsi
dialog
monolog
Bagian nu sok ditembangkeun dina carita pantun nyaéta ……
Rajah pamuka, narasi, rajah panutup
Rajah pamuka, monolog, rajah panutup
Narasi, dialog, monolog
Rajah pamuka, déskripsi, rajah panutup
Déskripsi, dialog, monolog
Carita pantun jeung wawacan duanana mangrupa karya sastra jenis ........
Puisi buhun nu ngawujud lalakon
Puisi buhun nu teu ngawujud lalakon
Prosa buhun
Puisi modérn
Prosa modérn
Wawacan nu pangpunjulna jeung pangpanjangna nyaéta wawacan ......
Panji Wulung
Purnama Alam
Suryaningrat
Lutung Kasarung
Sayidina Amir Hamzah
Wawacan beuki populér, réa nu nulis jeung nyalin wawacan di abad ka-...........
15
16
17
18
19
Sanajan keur puasa, ulah sok saré ....... , hadéna eusian waktu ku ibadah séjénna anu mangpaat.
Kecap panganteb nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta......
téa
téh
kénéh
deui
baé
Cép Hadiman ........ lumpat muru langlayangan nu leupas.
Kecap panganteur nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta ......
geleber
térékél
barakatak
berebet
jrut
Ungkara (pernyataan) nu salah ngeunaan wawacan nyaéta .........
wawacan ditulis dina wangun pupuh
wawacan mangrupa karya sastra sampeuran
wawacan ngandung hal-hal nu pamohalan
wawacan caritana panjang
wawacan teu ngabogaan téma, amanat, palaku, galur, jeung latar
Tamat nulad wawacan Rengganis, poé Saptu nuju jam sabelas, geus deukeut ka tengah poé, tanggal dalapan likur, Silih-Mulud Rabiul-ahir, nalika taun Hijrah, séwu tilu ratus, dua taun nu lumampah, jeung marengan opat belas Pébruwari dalapan puluh lima.
Éta téks wawacan mangrupa bagian .....
manggalasastra
eusi
panutup
wiwitan carita
wekasan carita
Nu mangrupa pupuh sekar ageung nyaéta .......
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
Asmarandana, Sinom, Maskumambang, Wirangrog
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
Asmarandana, Sinom, Maskumambang, Mijil
Dangdanggula, Durma, Maskumambang, Mijil
Katalangsarana Surya Ningrat jeung Ningrumkusumah anu kudu ngalalana lantaran karajaanana direbut ku Raja Duryan. Malah Surya Ningrat mah nepi ka leungit kabawa palid, tuluy Ningrumkusumah néangan salakina.
Éta kajadian dina galur wawacan kaasup kana bagian ......
Wiwitan carita
Munculna masalah
Puncakna masalah
Lelerna masalah
Wekasan Carita
Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milang kori, henteu puguh nu dijugjug, balik paman sadaya, nu ti mana tiluan semu rarusuh, Lurah bégal ngawalonan, aing ngaran Jayapati.
8a-11i-8u-7a-12u-8a-8i
8a-11i-8g-7a-12h-8n-8i
8a-12i-8u-8a-12u-8a-8i
8a-12i-8g-8a-12h-8n-8i
7a-11i-8u-7a-11u-8a-8i
