NEW
Font size
WorksheetsAS 3 Sunda 5
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Naon sababna raraméan dina bulan Agustus geus disebut tradisi?
Loba lomba anu diayakeun
Dilaksanakeun dina bulan Agustus
Geus dilakukeun puluhan taun lilana
Loba anu ngalakukeunana éta tradisi
Maksud tina raraméan anu dilakukeun ku warga dina bulan Agustus nyaéta ….
méh meunang hadiah tina lomba-lomba
nurut kana paréntah RT jeung RW di lingkungan
némbongkeun rasa sukur jeung kabungah balaréa
némbongkeun sumanget dina ngiluan lomba-lomba
Anu sok dilakukeun ku warga dina raraga miéling kamerdékaan nyaéta ….
Bakti sosial, masang bendéra, lomba-lomba
Gerak jalan, kerja bakti, masang umbul-umbul
Masang umbul-umbul, kerja bakti, masang kaca-kaca
Lomba-lomba, masang hiasan, masang umbul-umbul
Lomba-lomba anu biasana diayakeun dina ngareuah-reuah agustusan nyaeta ....
balap karung jeung ngadahar kurupuk
tahfiz jeung ngagambar
ngagambar jeung maca puisi
nyanyi jeung ngagambar
Lamun aya lomba-lomba dina ngareuah reuah agustusan urang kudu ....
ngahina panitiana
teu kudu miluan
miluan meh rame
cicing we di imah
Ragam basa loma bisa digunakeun nalika ngobrol jeung ….
babaturan
sepuh (indung, bapa)
jelema teu wawuh
jelema saluhureun saumurna
Ragam basa hormat bisa digunakeun nalika ngobrol jeung ….
babaturan
sepuh (indung, bapa)
jelema nu leuwih ngora
jelema anu saumuran umurna
"Nya atuh salah lamun urang teu ngumpulkeun tugas ti sakola mah."
Eta kalimah kaasup kana ragam basa ?
loma
hormat
sopan
teu sopan
"Sumpingna ka dieu téh disarengan ku ramana."
Eta kalimah kaasup kana ragam basa ?
loma
hormat
sopan
teu sopan
"Sadayana ogé sedih nguping nasib warga anu aya di Paléstina."
Eta kalimah kaasup kana ragam basa ?
loma
hormat
sopan
teu sopan
"Anu lalajo bobodoran sareuri sabab kataji ku pamolah Mang Épér."
Eta kalimah kaasup kana ragam basa ?
loma
hormat
sopan
teu sopan
"Anu digawe téh geuning loba anu imahna di Cimahi."
Eta kalimah kaasup kana ragam basa ?
loma
hormat
sopan
teu sopan
Wati dititah meuli gula ku lanceukna ka warung.
Ragam basa hormat tina eta kalimah nyaeta ....
Wati dipiwarang meser gula ku lanceukna ka warung.
Wati dipiwarang meuli gula ku lanceukna ka warung.
Wati dititah meser gula ku lanceukna ka warung.
Wati dipiwarang meser gula ku rakana ka warung.
Manéhna rék indit ka Pangandaran diajak kang Udan.
Ragam basa hormat tina eta kalimah nyaeta ....
Manéhna bade indit ka Pangandaran diajak kang Udan.
Anjeunna rek indit ka Pangandaran diajak kang Udan.
Anjeunna bade angkat ka Pangandaran diajak kang Udan.
Manéhna bade angkat ka Pangandaran diajak kang Udan.
Upami wargi Bi Imas nu mangkukna kadieu téh saha namina?
Ragam basa loma tina eta kalimah nyaeta ....
Lamun wargi Bi Imas nu mangkukna kadieu téh saha ngaranna?
Lamun dulur Bi Imas nu mangkukna kadieu téh saha ngaranna?
Upami dulur Bi Imas nu mangkukna kadieu téh saha ngaranna?
Lamun dulur Bi Imas nu mangkukna kadieu téh saha namina?
Geura ka kantor atuh, bilih kasiangan, mangkaning tos tabuh tujuh.
Ragam basa loma tina eta kalimah nyaeta ....
Geura ka kantor atuh, bisi kabeurangan, mangkaning geus jam tujuh
Geura ka kantor atuh, bilih kabeurangan, mangkaning geus jam tujuh
Geura ka kantor atuh, bisi kasiangan, mangkaning geus jam tujuh
Geura ka kantor atuh, bisi kabeurangan, mangkaning tos jam tujuh
Kumaha pok-pokan hidep lamun rek nanyakan pamanggih Aizar ngeunaan perlu henteuna ngayakeun kagiatan miéling kamerdékaan?
Ceuk Aizar, "Kumaha perlu henteu ngayakeun kagiatan miéling kamerdékaan!"
Ceuk hidep, "Aizar kumaha perlu henteu ngayakeun kagiatan miéling kamerdékaan?"
Ceuk hidep, "Aizar hayu urang ngayakeun kagiatan miéling kamerdékaan?"
Ceuk Aizar, "Urang kudu ngayakeun kagiatan miéling kamerdékaan!"
Kumaha pok-pokan hidep lamun rek nanyakan pamanggih Danendra ngeunaan perlu henteuna latihan upacara saminggu dua kali?
Ceuk Dane, "Kumaha perlu henteu latihan upacara saminggu dua kali?"
Ceuk Dane, "Urang kudu latihan upacara saminggu dua kali?
Ceuk hidep, "Dane hayu urang latihan upacara!"
Ceuk hidep, "Dane kumaha perlu henteu latihan upacara saminggu dua kali?
Kumaha pok-pokan hidep lamun rek nanyakan pamanggih Mamah hidep ngeunaan cara nyieun nasi goreng anu ngeunah?
Ceuk Hidep, "mah kumaha carana ngadamel nasi goreng supados rasana raos?"
Ceuk Hidep, "mah ajarkeun lah urang cara nyieun nasi goreng meh ngeunah?"
Ceuk mamah. "Jang kumaha carana ngadamel nasi goreng supados rasana raos?"
Ceuk Mamah, "Urang kudu nyieun nasi goreng nu rasana raos!"
Kumaha pok-pokan hidep lamun rek nanyakan pamanggih Bapa ngeunaan cara ngeprint tugas dina printer?
Ceuk Hidep, "bapa ajarkeun urang ngeprint tugas dina printer!"
Ceuk Bapa, "Ujang rek ngeprint tugas moal dina printer?"
Ceuk hidep, "Bapa kumaha cara ngeprint tugas dina printer?"
Ceuk Bapa, "Urang kudu Bapa ngeprint tugas dina printer?"
