Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sumatif Tengah Semester Bahasa Sunda 2025-2926

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Carita anu wangunna pondok disebut ….

a)

dongéng

b)

sasakala

c)

carpon

d)

komik

2.

Buku kumpulan carpon anu munggaran diterbitkeun ku Balé Pustaka nyaéta ….

a)

Caraka

b)

Néangan

c)

Jurig

d)

Dogdog Pangréwang

3.

Buku carpon karangan Rusman Sutiasumarga nyaéta ….

a)

Caraka

b)

Ki Umbara

c)

Papacangan

d)

Dogdog Pangréwang

4.

Tulisan atawa karangan anu eusina ngebréhkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nyata, boh rekaan disebut karangan narasi. Di handap ieu nu teu kaasup conto karangan narasi adalah …..

a)

dongéng

b)

carita pondok

c)

komik

d)

biografi

5.

Tanda nu dipaké keur nuduhkeun omongan panyeluk atawa paréntah nyaéta tanda ….

a)

?

b)

:

c)

!

d)

/

6.

Tanda baca anu bener aya dina kalimah ….

a)

Kumaha carana nyieun gula téh.

b)

Sabaraha kali kudu nginum obatna?

c)

Cing pangmawakeun buku:

d)

Didi mah geus kelas 6!

7.

Tanda titik dua (:) dipaké pikeun kalimah anu merlukeun ….

a)

jawaban

b)

ganti kecap atawa

c)

pananyaan

d)

wincikan atawa péréléan

8.

Susunan anu bener tina kalimah di luhur nyaéta ….

a)

Baju téh hargana sabaraha?

b)

Hargana baju téh sabaraha?

c)

Sabaraha hargana baju téh?

d)

Baju téh sabaraha hargana?

9.

Di handap ieu sasatoan nu sok ngendog nyaéta ….

a)

uncal, meri, jeung hayam

b)

kelenci, sapi, jeung domba

c)

hayam, puyuh, jeung peucang

d)

hayam, puyuh, jeung meri

10.

Di handap ieu sasatoan nu bisa hiber nyaéta ….

a)

puyuh, hayam, kasuari

b)

cendrawasih, penguin, puyuh

c)

japati, cangkurileung, piit

d)

japati, meri, galejra

11.

Tulisan atawa karangan anu eusina ngajéntrékeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nepi ka jalma lian yakin tur percaya kana pamadegan anu disodorkeunana disebut karangan ….

a)

arguméntasi

b)

narasi

c)

déskripsi

d)

pérsuasi

12.

Di handap ieu nu lain kabhinékaan Indonésia nyaéta ....

a)

basa

b)

warna baju

c)

agama

d)

warna kulit

13.

Sulukna bangsa Indonésia nyaéta ....

a)

Pancasila

b)

Garuda Pancasila

c)

Tut Wuri Handayani

d)

Bhinneka Tunggal Ika

14.

Di handap ieu anu kaasup kalimah aktif nyaéta ….

a)

Lili ngahirupan mesin motor.

b)

Cucuk lauk digégél ku ucing.

c)

Leungeun Maya ditoél.

d)

Bala-bala didahar ku Ujang.

15.

Kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan disebut kalimah ….

a)

panyeluk

b)

aktif

c)

pananya

d)

pasif

16.

Di handap ieu anu kaasup kalimah pasif nyaéta ….

a)

Mang Jaja nguseup lauk di balong.

b)

Ucup najong batu.

c)

Mujid ngajul jambu di buruan.

d)

Sirop marjan diinum ku Téti.

17.

Kecap mungguh lamun maké rarangkén tukang -ning/-ing jadi ….

a)

mungguhning

b)

mungguhing

c)

mungguing

d)

mungguning

18.

Di handap ieu kalimah anu maké rarangkén tukang -ning/-ing anu bener nyaéta ….

a)

Baju téh gening alus geus dipaké mah.

b)

Dodo teu asup sakola sabab gering.

c)

Mang Ajat keur ngibing di panggung.

d)

Rupaning bungbuahan nyampak di Indonésia.

19.

Di handap ieu, nu disebut goong nyaéta ….

a)

b)

c)

d)

20.

Perhatikeun gambarna!

Gambar di gigir ngaranna ….

a)

angklung

b)

kacapi

c)

calung

d)

kendang