WorksheetsCiri - Ciri & Struktur Carpon
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Naon anu dimaksud carpon téh?
Carpon téh mangrupa karya sastra wangun puisi
Carpon téh karya sastra anu henteu kanyahoan saha pangarang atawa panulisna
Carita Pondok nyaéta karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok
Carita Pondok nyaéta karya sastra anu diréka dina wangun puisi kalawan ukuranana pondok
ciri - ciri carita pondok, iwal ti . . .
Sumebarna ku cara tulisan
pangarangna kanyahoan
jalan caritana kaharti ku akal
ngandung unsur pamohalan
Kumpulan Carpon munggaran dina sastra Sunda nya éta ?
Dogdog Pangrewong
Halimun Peuting
Payung Butut
Misteri Haur Geulis
Carpon mangrupa karya sastra dina wangun . . .
Ugeran
Puisi
Lancaran (Prosa)
Sindiran
Baca cutatan carpon di handap.
“Bapa ti heula geus papadon ka hidep, yén ngapalkeun mah kawajiban hidep. Hidep ngapalkeun téh ngarah maham kana eusi pangajaran. Jadi alusna mah ngapalkeun téh lain ari aya ulangan wungkul, tapi kudu jadi pagawéan anu rutin. Tah, ngarah siap upama aya ulangan ngadadak siga kieu. Sok ayeuna mah tulis soalna!” soanten Pa Guru aya ku tandes. “Ngahaja, Bapa hayang apal naha hidep kabéh téh daria henteu diajarna!”
Amanat tina cutatan carpon diluhur, nyaéta…
Pungsina ngapalkeun
Poé harita dék ulangan
Ngapalkeun téh kawajiban
Ngapalkeun dina waktu dék ulangan
Baca cutatan carpon di handap.
“Bapa ti heula geus papadon ka hidep, yén ngapalkeun mah kawajiban hidep. Hidep ngapalkeun téh ngarah maham kana eusi pangajaran. Jadi alusna mah ngapalkeun téh lain ari aya ulangan wungkul, tapi kudu jadi pagawéan anu rutin. Tah, ngarah siap upama aya ulangan ngadadak siga kieu. Sok ayeuna mah tulis soalna!” soanten Pa Guru aya ku tandes. “Ngahaja, Bapa hayang apal naha hidep kabéh téh daria henteu diajarna!”
Latar tempat tina cutatan carpon diluhur, nyaéta…
waktu diajar
waktu ulangan
rohangan kelas
rohangan kepala sakola
Anu disebut latar dina carpon téh . . .
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca
"Kuring, Ema, Udin, Yanto, Réni, Pak Guru"
Kaasup kana struktur carpon nyaéta . . .
Téma
palaku
galur
amanat
Galur dibagi jadi tilu nyaéta galur mérélé, galur mundur, jeung galur mobok tengah. Anu dimaksud galur nyaéta?
jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
ajén atikan moral anu ditepikeun ku pangarang dina carita
waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita.
tokoh anu nyekel lalakon dina carita.
Baca cutatan carpon di handap.
Kuring lalajo nepi ka jam tilu subuh. Ramé tuda, lalakonna pikaresepeun. Katambah dalangna geus kasohor.
Latar waktu dumasar kana cutatan carpon di luhur nyaéta . . .
lalakonna
kasohor
jam tilu subuh
kuring
