wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BABASAN

Total questions: 35

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

1) Baca sempalan dongéng di handap!

Barang nepi ka huma prak ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah mesmes randeg, mesmes janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.

Luak-lieuk, karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut. “Mitoha! Mitoha!”

“Heuy!”

“Kaula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”


Ditilik tina tatakrama basana sempalan dongéng di luhur téh ngagunakeun basa . . . .

a)

a. hormat

b)

b. lemes

c)

c. loma

d)

d. garihal

e)

e. formal

2.

2) Tatakrama basa téh aya basa loma jeung basa lemes, boh basa lemes keur ka sorangan boh basa lemes keur ka batur. Sempalan dina dongéng di handap anu kaasup kana basa lemes nya éta . . . .

a)

a. Hiji waktu Kéan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri Mekah.

b)

b. “Naha Si Kabayan bet lila ka cai baé gé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering.

c)

c. “Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeun meureun, keuheuleun kénéh urut kamari.”

d)

d. Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan.

e)

e. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.

3.

3) Salasahiji tujuan ayana tatakrama basa téh nya éta pikeun silih hormat atawa silih ajénan. Sempalan dongéng di handap anu nuduhkeun sikep hormat nya éta . . . .

a)

a. “Aya adat-adatan, na sia kitu-kitu teuing ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.

b)

b. “Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”

c)

c. “Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.

“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”

d)

d. “Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!” Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.

e)

e. Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.

4.

4) Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna. Dina hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjukkan yén dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan.

Dumasar kana tatakrama basa, sempalan di luhur téh ngagunakeun basa lemes, boh keur ka sorangan boh keur ka batur. Éta téh mangrupa sempalan tina jenis dongéng....

a)

a. fabel

b)

b. parabel

c)

c. mite

d)

d. sasakala

e)

e. sage

5.

5) Ditilik tina tatakrama basana, dongéng nu ngagambarkeun ragam basa lemes aya dina dongéng . . . .

a)

a. Si Kabayan Ngala Nangka

b)

b. Hayam Kongkorongok Subuh

c)

c. Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Ngala Cau

d)

d. Kéan Santang

e)

e. Si Kabayan Ngala Roay

6.

6) Dumasar kana éta gambar, ragam basa nu bakal dipaké ku tokoh ibu-ibu nya éta ragam basa . . . .

a)

a. loma

b)

b. lemes

c)

c. lemes keur ka batur

d)

d. lemes keur ka sorangan

e)

e. garihal

7.

7) Baca sempalan dongéng di handap!

“Ssst, Sakadang Kuya keur naon? Sakadang Monyét nanya.

“Eh, geuning Sakadang Monyét, puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.!”

“Kabungah naon Sakdang Kuya?”

“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”

“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”

“Enya!”

“Nu bener Sakadang Kuya?”

“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”

Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.

Ditilik tina tatakrama basana sempalan dongéng di luhur téh ngagunakeun basa . . . .

a)

a. hormat

b)

b. garihal

c)

c. lemes

d)

d. loma

e)

e. formal

8.

8) Baca sempalan dongéng di handap!

Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.

Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.

Dina sempalan di luhur kecap nu kaasup kana ragam basa lemes nyaéta . . . .

a)

a. nepi

b)

b. sangeuk

c)

c. mitohana

d)

d. beubeunangan

e)

e. imut

9.

9) Tengetan sempalan di handap!

“Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.”

Dina sempalan di luhur aya kecap tuang putra, sebutan pikeun nuduhkeun . . . .

a)

a. anak sorangan

b)

b. anak batur

c)

c. lanceuk sorangan

d)

d. lanceuk batur

e)

e. adi batur

10.

10) Baca sempalan dongéng di handap!

Sakadang Monyét keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna Sakadang Kuya éléh déét.

“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.

“Naon saratna?”

“Saratna mah gampang, saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu dialungkeun heula ka leuwi.”

“Enya, énténg atuh kitu mah.”

Dina sempalan di luhur aya kecap dina ragam basa lemes nu nuduhkeun jalma kadua nyaéta kecap . . . .

a)

a. sakadang

b)

b. kuring

c)

c. anjeun

d)

d. gampang

e)

e. leuwi

11.

Tatakrama basa téh saéstuna mah mangrupa ... sopan santun dina nyarita.

a)

Conto

b)

Aturan

c)

Gambaran

d)

Ragam

12.

Basa téh mibanda maksud pikeun ...

a)

Silihargaan jeung sasama

b)

Ngahormat ka saluhureun

c)

Ngahargaan ka dunungan

d)

Ngabéda-béda darajat jalma

13.

Tatakrama basa téh dina jaman féodal mah disebut...

a)

Tingkatan basa

b)

Panta basa

c)

Undak usuk basa

d)

Harga basa

14.

Ragam basa hormat keur sorangan tina kecap "boga" nyaéta...

a)

Gaduh

b)

Kagungan

15.

Ragam basa hormat keur batur tina kecap "nyarita" nyaéta...

a)

Nyarios

b)

Nyanggem

16.

Ragam basa hormat keur sorangan tina kecap "imah" nyaéta...

a)

Bumi

b)

Rorompok

17.

Ragam basa hormat keur batur tina kecap "baju" nyaéta ...

a)

Baju

b)

Raksukan

18.

Ragam basa hormat keur batur tina kecap "wawuh" nyaéta ...

a)

Wanoh

b)

Kenal

19.

Urang indit ka sakola.

Basa lemes keur kalimah di luhur nyaéta ...

(a)  

20.

Ieu bapak kuring.

Basa lemes keur kalimah di luhur nyaéta..

(a)  

21.

Gede hulu artina....

a)

sombong

b)

rajin

c)

malas

d)

pintae

22.

"Hilman mah jalmina pait daging"

Harti kalimah di luhur nyaeta....

a)

Hilman orangnya malas

b)

Hilman orangnya rajin

c)

Hilman badannya selalu sehat

d)

Hilman orangnya sering sakit

23.

" Jalmi anu sok pindah-pindah" babasanna nyaeta....

a)

gede hulu

b)

buntut kasiran

c)

hejo tihang

d)

leutik burih

24.

Leutik burih bahasa Indonesiana nyaeta....

a)

pemberani

b)

penakut

c)

pemalas

d)

pemalu

25.

Beurat birit hartina....

a)

gampang dititah

b)

pelit

c)

rajin

d)

hese dititah

26.

Hirup teh tong panjang leungeun Hidup itu tudak boleh panjang tangan). Panjang leungeun hartina....

a)

suka memukul

b)

suka membaca

c)

suka mencuri

d)

suka menulis

27.

Babasan tina babari dititah nyaeta....

a)

beurat birit

b)

hampang birit

c)

panjang leungeun

d)

gede hulu

28.

Hampang leungen hartina...

a)

gampang teuteunggeul

b)

hese dititah

c)

gampang dititah

d)

resep cocorokot

29.

Rahman babalik pikir tos di nasehatan ku buguru

a)

Rahman males tos dinasehatan ku buguru

b)

Rahman rajin tos dinasehatan ku buguru

c)

Rahman sadar tina kasalahan tos dinasehatan ku buguru

d)

Rahman teu asup sakola tos dinasehatan buguru

30.

Di kelas aya budak nu hampang leungeun, harti hampang leungeun nyaeta ...

a)

gampang dititah

b)

sok tunggal teunggeul

c)

sombong

d)

pedit

31.

Babasan tina gampang teuteunggeul nyaeta...

a)

hampang birit

b)

beurat birit

c)

hampang leungeun

d)

gede hulu

32.

Babasan anu hartina sombong atawa adigun nyaeta...

a)

panjang leungeun

b)

hampang birit

c)

gede hulu

d)

hejo tihang

33.

Omong harus batan....

tuluyna paribahasa di luhur nyaeta ...

a)

kendang

b)

bedug

c)

goong

d)

kohkol

34.

babasan nu hartina pedit nya eta ...

a)

buntut maung

b)

gede hulu

c)

buntut kasiran

d)

hampang leungeun

35.

Babasan “Amis budi” miboga harti?

a)

Someah

b)

Judes

c)

Medit

d)

Reserp mere