wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sumatif Tengah Semester Bahasa Sunda Kelas 5 Semester 1

Total questions: 35

Worksheet time: 43mins

Name
Class
Date
1.

Pagaewanana teh ngapungkeun kapal udara, nyaeta …

a)

pulisi

b)

pilot

c)

satpam

d)

tentara

2.

Buku teh di simpenna ….. naon ?

a)

ti

b)

dina

c)

mana

d)

ka

3.

Meuli baju teh ….. mana ?

a)

ti

b)

ti

c)

dina

d)

kana

4.

Kecap sabalikna tina kecap dijual, nyaeta ….

a)

dibeuli

b)

dibantu

c)

diical

d)

dibawa

5.

Kecap kadaharan asal kecapna ….

a)

kadahar

b)

dahar

c)

didahar

d)

dahareun

6.

Urang ngala lauk yu !

Kalimah diluhur kaasup kalimah ….

a)

pananya

b)

pangajak

c)

parentah

d)

panyarek

7.

kadaharan anu dijiuenna tina sampeu nyaeta …

a)

wajit

b)

comro

c)

opak

d)

koci

8.

Ibu kandung hartina ibu anu ….

a)

ngalahirkeun urang

b)

ngangais urang

c)

mere susu urang

d)

nganter ka posyandu

9.

Kecap Puskesmas kaasup kana kecap …

a)

singkatan

b)

wancahan

c)

panambah

d)

panyarek

10.

“Duh, keur geulis the pinter, bageur deui “

kalimah diluhur kaasup kalimah …

a)

panyawad

b)

pananya

c)

pamuji

d)

panyarek

11.

Sepeda keur dikumbah ku Baim.

Kalimah di luhur mun dijadikeun wangun kalimah aktif nyaeta...

a)

Baim keur dikumbah sepeda

b)

Baim keur kumbah sepeda

c)

Sepeda keur ngumbah ku Baim

d)

Baim keur ngumbah Sepeda

12.

Rizka, Sindi, Nabila, jeung baturna nu sejen keur nyemplekkan kenteng rek maen...

a)

Beklen

b)

Jajangkungan

c)

Sondah

d)

Gatrik

13.

Kalimah panaya anu nanyakeun ngeunaan kaayaan nyaeta...

a)

Iraha kajadian tsunami di Aceh?

b)

Sabaraha cireng teh, mang?

c)

Kumaha hibarna tuang rama teh?

d)

Di mana labuh budak teh?

14.

Pupuh di handap ieu anu miboga watek banyol, hereuy, jeung pikaseurieun nyaeta...

a)

Masukumambang

b)

Dangdanggula

c)

Sinonim

d)

Balakbak

15.

Lamun keur teu dipake, lampu kudu . . . .

a)

Dihurungkeun

b)

Diantepkeun

c)

Dipareuman

d)

Ditingalikeun

16.

INDONESIA

Sanggian : Koko Koswara

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam endah, hejo lembok sugih mukti

Subur tutuwuhan beunghar pepelakan

Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai

Kakayon, tumuwuh subur pajangkung-jangkung

Patetan, ngawujud sirung pagulung-gulung

Piraku rek rela, piraku rek tega

Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan teu kariksa

(dicutat tina midadami kelas 5 halaman 52)

Naon judul kawih di luhur ?

a)

Koko Koswara

b)

Tutuwuhan

c)

Indonesia

d)

Lemah Cai

17.

Kecap hejo lembok, ngandung harti ....

a)

pucuk daun

b)

subur makmur

c)

daun anu hararejo

d)

daun gomplok

18.

Indonesia, gemah ripah loh jinawi.

Harti tina kecap gemah nyaeta .....

a)

sagala babari

b)

sagala hese

c)

sagala pepelakan

d)

sagala anu jadi tina taneuh

19.

Imam nyorendang koja ani di eusian sangu jeung dengen na. Harti kecap koja nyaeta ....

a)

sasab kukurilingan di leuweung

b)

jajalemaan pikeun nyingsieunan manuk di sawah

c)

cai beresih anu kaluar tina taneuh

d)

kantong anu dijeujeut kawas jaring

20.

Unggal poe, saeunggeus balik sakola, Iman indit ka sawah rek nungguan pare anu keur ....

a)

beuneur hejo

b)

sirungan

c)

hejo lembok

d)

nyarungsum

21.

Ema : "Ujang geura dahar geus beurang !"

Ujang : "Naon sabab na Ujang kudu dahar ma?"

Ema : .....

Kalimah anu pantes pikeun paguneman di luhur nayeta ....

a)

ema geus nyangu

b)

sangkan boga tanaga

c)

supaya bisa lumpat tarik

d)

supaya jadi jalema bageur

22.

Nu kumaha ari kadaharan anu sehat teh ?

a)

Kadaharan anu meunang meuli ti toko

b)

Kadaharan anu beresih jeung bergizi

c)

Kadaharan anu mahal

d)

Kadaharan anu di impor ti luar negeri

23.

Lauk teh loba rupana. Aya lauk cai laut aya lauk cai tawar. Ari lauk cai tawar conto na nyaeta ....

a)

lauk emas, lauk paus, jeung lele

b)

lauk hiu, lauk nilem, jeung jaer

c)

lauk bogo, lauk nilem, jeung lauk emas

d)

lauk lumba-lumba, lauk hiu, jeung lauk makarel

24.

Saur kang Iwan, nongton TV teu kenging caket-caket teuing, kumargi bakal ngareksak kana ....

a)

soca

b)

waos

c)

lambeut

d)

sampean

25.

"Ujang ayeuna nuju nyieun jeujeur"

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....

a)

parentah

b)

ajakan

c)

panyaram

d)

wawaran

26.

"Lah, aya ku hareudang. Halabhab deuih", ceuk Rani.

Harti kecap halabhab nyaeta ...

a)

panas pisan

b)

kalaparan

c)

hayang dahar

d)

hayang nginum

27.

Asal kecap tina "pikaresepeun", nyaeta ....

a)

resep

b)

pika

c)

resepeun

d)

pikaresep

28.

Kecap anu make rarangken barung pika-, -eun nyaeta ....

a)

pibajueun

b)

pijangkungeun

c)

pikaseurieun

d)

piimaheun

29.

Ningal korban bencana alam banjir di TV, meni ..., loba imah na anu ka kelem.

a)

pikanyaaheun

b)

pikawatireun

c)

piwatireun

d)

pinyaaheun

30.

Dina waktu dibagi rapor semester kahiji, kuring ngarasa ... , sabab kuring jadi pinunjul ka hiji di kelas lima.

a)

keuheul

b)

bungah

c)

lieur

d)

sedih

31.

Baheula leweung teh geueuman.

Harti kecap geueuman nyaeta .....

a)

pikabetaheun

b)

pikasieuneun

c)

piseupieun

d)

pirameun

32.

Sok geura ... emam budak teh, karunya tos lapareun.

Kecap anu merenah pikeun ngeusian kalimah diluhur nyaeta ...

a)

pasih

b)

papasihan

c)

pasihna

d)

pasihan

33.

rea nu dipegung bisi kasarung.

Hartina kecap kasarung nyaeta ....

a)

rea jalma nu make karung

b)

rea jalma nu disarung

c)

rea jalma anu teu apal pangbalikan

d)

rea jalma nu teu disarung

34.

Karya sastra wangun puisi anu heunteu ka iket ku aturan bahasa, tur dibacana endah. nayeta ....

a)

sajak

b)

carpon

c)

pantun

d)

babasan

35.

Perhatikeun sajak di handap ieu !

Neuteup pinuh ku harepan

Pikeun ngahontal sahiji impenan

Dina ngawujudkeun kahayang

Pikeun mangsa hareup abu gumilang

Sajak di luhur nyaritakeun ngeunaan .....

a)

ngalamunkeun kahayang

b)

nyaritakeun ngimpi anu peuting

c)

loba kahayang teu kacumponan

d)

harepan ngaraih cita-cita