WorksheetsTata Krama Basa Sunda MTsN 1 Subang
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
"Bapak, hapunten ....... hoyong ka jamban." Kecap anu cocok pikeun ngalengkepan ieu kalimah nya eta
abdi
urang
dewek
kuring
"Gibran, buru geura ........ ka kelas, itu bapa tos ........" kecap anu merenah pikeun ngeusian kecap di luhur nya eta
Lebet, Asup
Asup, Asup
Asup, Lebet
Lebet, Lebet
Adi kuring teu bisa sakola, lantaran gering
ragam basa sedengna ….
Pun adi teu tiasa sakola kumargi udur
Pun adi teu tiasa sakola kumargi teu damang
Pun rai teu tiasa sakola kumargi udur
Rai abdi teu tiasa sakola kumargi teu damang
basa kasar dilarapkeun keur ka saha?
ka sahandapeun
ka saluhureun
ka sasama
ka sahandapeun, ka babaturan nu geus akrab
Bapa ............. ka sakola kana motor
angkat
mios
indit
Bu Guru ............ wales di rumah sakit.
gering
teu ngeunah awak
teu damang
Susi : ....
Asri : Teeu gaduh abdi mah.
Sri, boga pulpen?
Sri gaduh pulpen?
Sri kagungan pulpen?
Sri aya pulpen?
Usep : .....
Alam : Alhamdulillah cageur
Cageur Lam?
Waras Lam?
Damang Lam?
Sehat Lam?
Undak usuk basa sunda atawa tata krama basa sunda kabagi kana 3 bagian, nyaeta ...
Basa Kasar, Basa Aneh (Akrab), Basa Hormat (Lemes atawa Halus)
Basa Kasar, Basa Loma (Akrab), Basa Hormat (Lemes atawa Halus)
Basa Sopan, Basa Loma (Akrab), Basa Hormat (Lemes atawa Halus)
Basa Santun, Basa Loma (Akrab), Basa Hormat (Lemes atawa Halus)
Badru: “Punten, Ceu Romlah abdi ....... céngék saparapat.”
Ceu Romlah: “Mangga, badé ngagaleuh naon deui?”
Meser
Meuli
Nyandak
Ngagaleuh
“Manéh mawa pulpen dua teu? Urang poho teu ......”
nyandak
ngabantun
mawa
kacandak
“Abdi mah parantos.........., mangga atuh bapa ibu gera tuang bilih sanguna kabujeng tiis”.
neda
nyatu
emam
dahar
“Wangsul ti Bandung abdi téh Kang Badru.”
Kecap wangsul sarua hartina jeung …
balik
indit
datang
sumping
“mangga ah dikantun, bade ka rorompok heula.”
kecap rorompok sarua hartina jeung …
imah dulur
imah sorangan
imah kabogoh
imah babaturan
Basa kasar digunakeun keur ...
Ka babaturan anu geus akrab
Sakahayang
Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,
Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)
Basa loma digunakeun keur ...
Ka babaturan anu geus akrab
Sakahayang
Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,
Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)
Basa hormat atawa basa lemes digunakeun keur ...
Ka babaturan anu geus akrab
Sakahayang
Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,
Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)
Ragam basa hormat keur batur tina kecap "nyarita" nyaéta...
Nyarios
Nyanggem
Ragam basa hormat keur batur tina kecap "baju" nyaéta ...
Baju
Raksukan
Ragam basa hormat keur batur tina kecap "wawuh" nyaéta ...
Wanoh
Kenal
