Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH 2 Bahasa Sunda Kelas 8

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Ilikan cuplikan carita pondok di handap !

“Jéndral, tadi basa uing balik sakola dipegat ku Jang Ukon,” ceuk Si Acim basa ngariung memeh ngaji, “awak uing dihompét tuluy ditémbakan.”

“Sarua uing gé poé kamari basa balik sorangan dipegat. Tah, ténjo… ih, geus leungit ayeuna mah. Pokona mah kamari mah awak uing baréntol.” cek Si Duloh.

“Komo uing… komo uing….” cek nu séjén mani raong. Kuring ngahuleng nampa laporan ti anak buah kitu téh. Lain teu apal saenyana mah anak buah kuring dibeunangkeun ku Jang Ukon téh. Ngan, ari kudu ngalawan Jang Ukon mah rumasa teu untupan. Gimir ku tangtunganana. Awakna waé méh sarua jeung Pa Maman. Rék kitu pantes da Jang Ukon mah ngendogna gé aya kana tilu kalina.

Jenderal karya A. Budiman.

Palaku antagonis tina cuplikan carita pondok di luhur, nya éta ....

a)

kuring

b)

Si Acim

c)

Jang Ukon

d)

Si Duloh

2.

Ilo cuplikan carpon di handap ieu !

Iman asa-asa narima kanyaah ti jelema anyar pinanggih. Tapi ceuk Ema ogé teu meunang nampik pangasih batur. Eta téh rezeki ti Alloh. Ku urang  kudu ditarimakeun. Tapi omat ulah sakali-kali urang mah nyusahkeun ka batur sok najan urang keur teu boga ogé.

“Nuhun, Bu. Ditampi.” Iman ngahuapkeun sangu bangun nu ni’mateun naker. Diselang ku nginum heula. Geus kitu mah manco deui ka alasna.

“Sok beubeunangan sabaraha waé dagang téh ?”

“Teu tangtos, Bu. Aya sapuluh rébu, paling seueur dua puluh rébu.”

“Dianggo naon baé artos téh  ?”

“Dianggo emam sapalih, dianggo sakola sapalih. Tapi ayeuna mah teu tiasa masihan heula ka Ema kanggo emam, da artosna kanggo lebet ka SMP.”

Sareureuh Hujan karya Dian Wulan

Watek palaku utama dina cuplikan carita pondok di luhur nya éta ....

a)

Sopan, daékan, sok barang pénta         

b)

Gembul, mata duitan, daékan

c)

Wanian, mata duitan, olo-olo

d)

Nurut ka kolot, sopan, rikrik

3.

Jalan carita dina carita pondok  anu nyusun ti awal kajadian nepikeun ka réngséna lalakon, ngaruntuy dumasar urutan waktu, kaasupkana alur .....

a)

alur maju

b)

alur mobok tengah / campuran

c)

alur mundur

d)

alur simpay

4.

Ilo cuplikan carita pondok di handap !

Basa Bapa datang manggul carangka anu dieusi jukut, kuring masih anteng memener tali émbér jang engké ngala cai. Puguh ripuh ari usum halodo mah, cai téh jadi barang anu mahal. Mun teu giat mah matak moal bisa nginum meureun.

Nunggu Kiriman karya Duduh M. Rap

Palaku dina carpon di luhur nya éta ....

a)

Bapa, carangka 

b)

Bapa, kuring 

c)

Bapa, émbér

d)

Carangka, émbér

5.

Ilo cuplikan carita pondok di handap !

“Kuring harita téh pangangguran maok jagong di kebon Mang Hamdan. Deuk dibeuleum hareupeun saung jeung Si Ojat, kaburu kacerek mantén ku Si Apa. Ti dinya kuring digusur ku Si Apa, kudu sanduk sanduk ménta dihampura ka Mang Hamdan bari kudu mulangkeun jagong nu geus diala. Geus sanduk-sanduk, digusur deui ka buruan imah. Nya di buruan imah awak dihanca ku hoé. Mimitina mah kuring kokocéakan, mana pada ngadeugdeug, pada ngalalajoanan. Indung kuring ukur bisa ceurik.”

“Meunang sababaraha lila ngunek-ngunek ka bapa téh. Asa diéra-éra. Asa diwiwirang. Kadar maok jagong! Bari jeung harita téh, sabada sasadu, jagongna ku Mang Hamdan diridokeun dibikeun ka kuring. Tapi keukeuh wé bapa téh nyiksa.”.

“Ayeuna geus kelas dalapan, karasa benerna pangwarah kolot téh. Meureun lamun harita teu diwarah ku bapa, kuring bakal kangeunahan maokan banda batur. Mana sabada dilenyepan mah, nganuhunkeun kana pangwarah Bapa téh”

 Bisi karangan Holisoh ME

Amanat nu rék ditepikeun dina carita pondok di luhur, nya éta ....

a)

Urang teu meulang pulang-paling, lantaran upama kapanggih resikona gedé pisan

b)

Kolot wijaksana mah upama budakna ngalakukeun kagoréngan sok nyiksa lantaran éra

c)

Kolot mah siga nu telenges lamun anakna ngalakukeun kasalahan téh. Tapi upama dilenyepan, éta téh hal bener, bukti kanyaahna bisi urang katutuluyan dina lampah goréng

d)

Lamun urang rék ngala jagong kudu bébéja heula ka nu bogana da pasti nu boga jagong bakal méré, lantaran karunyaeun ka urang

6.

Carita pondok nu dianggap pangheulana nu kaunggel dina majalah Parahiyangan taun 1929,

judulna  ….

a)

Dua dukun      

b)

Dogdog pangrewong

c)

Si bedog panjang                                            

d)

Nyair hurang meunang kancra

7.

Ilo cuplikan carita pondok di handap !

Ti saprak aya wabah muntabér, kampung kuring mémang sok meunang kiriman cai beresih ti pamaréntah. Sok dikirim ku PDAM Kabupatén. Biasana mah sok unggal poé datangna téh. Nya ku cara kitu, masyarakat rada kabantu, teu hésé teuing ngala cai.

Nunggu Kiriman karya Duduh M. Rap

Jejer masalah tina ungkara di luhur nya éta ….

a)

Kiriman PDAM Kabupatén                       

b)

Cara ngabantu masarakat

c)

Héséna cai beresih                        

d)

Wabah muntabér

8.

Ilo cuplikan carita pondok di handap !

Basa geus deukeut ka darat. Diantara balawirina jelema di Palélangan, karérét aya budak awéwé ajrag-ajragan bari gugupay ku dua leungeunna. Barang ditelek-telek, tétéla adina. Nénjo adina mapagkeun jeung bari bangun nu atoh, haténa ngadadak bungangang.

Nu Bedah na Tambakan karya Sulaeman

Latar   suasana   dina   ungkara di luhur nya  éta ….

a)

Gumbira               

b)

                                Watir

c)

Hariwang                                      

d)

Hanjelu

9.

Ilo cuplikan carita pondok di handap !

Réngsé mandi, gancang kuring indit rék muru tajug, milu amum salat Subuh. Ema ditinggalkeun da gégéroh kénéh piring.

“Kadé ka tajug, Ujang!  Bisi si Apa ngambek!” ceuk Ema bari jongjon meresihkeun sabun nu narapel dina baskom.

“Enya eudeuk, mana rurusuhan gé!“

“Heueuh, kudu sieun ku pangrangkét.” Ceuk Ema daria. Nya da Apa mah galak, utamana urusan ngaji, urusan salat, urusan sakola agama, euweuh ampun keur si Apa mah. Apan pokna gé, “Kajeun teu dibantuan ngarit, batan manéh teu sakola agama!”

Basa Sakola Kuring Kabanjiran karya Holison ME

Latar waktu nu diébréhkeun dina carita pondok di luhur, nuduhkeun ….

a)

Isuk-isuk

b)

Haneut moyan

c)

Tengah poé

d)

Soré

10.

Ilo cuplikan carita pondok di handap !

Sanggeus nyarékan Anisa, peutingna kuring ngahuleng di kamar kontrakan. Kumaha ari isuk kirim entong susu murni ka imah Anisa ? dua léter sapoé hartina untung Rp. 12.000,- sapoé, jadi Rp. 360.000,- sabulan. Asa karasa kaduhung geus nyarékan Anisa. Leungit untung Rp. 360.000,- lain saeutik. Néangan langganan téh hésé. Tapi aya ogé rasa sugema

Susu Murni karya Yosef R

Nurutkeun strukturna cuplikan carita pondok di luhur kaasup kana bagéan ….

a)

Bubuka

b)

Mangkat carita

c)

Konflik

d)

Resolusi

11.

Alur atawa galur mangrupa jalan carita, kajadian nu dilalakonkeun. Alur aya tilu rupa : Alur maju, mundur, jeung alur maju-mundur.

a)

BENAR

b)

SALAH

12.

Dina bagéan konflik lamun nulis carpon ngébréhkeun ningkatkna masalah nu dipadungdengkeun dina sababaraha situasi nu ngajadikeun situasi jeung masalah jadi héboh.

a)

BENAR

b)

SALAH

13.

Téma téh mangrupa hal-hal penting nu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca, ngaliwatan paripolah tokoh nu digambarkeun dina carita

a)

BENAR

b)

SALAH

14.

Protagonis nyaéta palaku nu boga watek pikaresepeun (picontoeun).

a)

BENAR

b)

SALAH

15.

Aya tilu cara dina nganalisis karakter atawa watek palaku, nu ngawengku ....

a)

Watek tokoh langsung dicaritakeun ku pangarang. Contona : si A téh bageur, soméah handap asor, jst.

b)

Watek tokoh kapanggih sabada maca sakabéh carita pondok.

c)

Watek tokoh  ngaliwatan omongan tokoh-tokoh liana, biasana bakal kapanggih dina paguneman.

d)

Watek tokoh kapanggih tina tingkah lakuna atawa paripolah tokohna sorangan dina suasana anu tangtu. Upamana gedé ambek, teuteunggeul atawa nyiksa sato.

e)

Watek palaku aya nu nyamuni aya nu jéntré kaunggel dina éta carita pondok

16.

Ilo cuplikan carita pondok di handap !

Asih ngoloyong ka jero, teu lila geus ka luar deui bari mawa sangu sapiring jeung cai sagelas. Haat, ku ningali Iman. Luut-léét késang. Nu satékah polah ngawangun cita-citana embung ngahésékeun kolotna.

“Sok sing segut, ulah éra-éra. Resep Ibu mah ka budak anu daékan téh.”

           Iman asa-asa narima kanyaah ti jelema anyar pinanggih. Tapi ceuk Ema ogé teu meunang nampik pangasih batur. Eta téh rezeki ti Alloh. Ku urang  kudu ditarimakeun. Tapi omat ulah sakali-kali urang mah nyusahkeun ka batur sok najan urang keur teu boga ogé.

“Nuhun, Bu. Ditampi.” Iman ngahuapkeun sangu bangun nu ni’mateun naker. Diselang ku nginum heula. Geus kitu mah manco deui ka alasna.

“Sok beubeunangan sabaraha waé dagang téh ?”

“Teu tangtos, Bu. Aya sapuluh rébu, paling seueur dua puluh rébu.”

“Dianggo naon baé artos téh  ?”

“Dianggo emam sapalih, dianggo sakola sapalih. Tapi ayeuna mah teu tiasa masihan heula ka Ema kanggo emam, da artosna kanggo lebet ka SMP.”

Ungkara nu saluyu jeung eusi carita pondok di luhur nya eta ....

a)

Asih ngabogaan karakter sok tutulung ka nu butuh

b)

Watek Iman turut kana papatah indungna

c)

Iman tukang dagang sedengkeun Asih nu meuli daganganana

d)

Iman méré sangu ka Asih lantaran karunyaeun

e)

Duit hasil dagangan Iman ditabung pikeun neruskeun sakola

17.

Ciri-ciri carita pondok, ngawengku ….

a)

Gambaran kahirupan nyata

b)

Jalan carita ngagambarkeun hiji kajadian

c)

Ngandung tafsiran pangarang ngeunaan kahirupan

d)

Konflikna loba tur kompléks

e)

Ahir carita pikagumbiraeun

18.

Palaku nu boga watek teu pikaresepeun (pieunteungeun), upamana    cunihin, galak, deleka, hasud, panjang leungeun, jst.​ (a)  

Choose from the below words
Bubuka
Amanat
Antagonis
19.

Urang téh kudu hirup jujur lantaran anu jujur mah pasti pinanggih jeung kabagjaan, sabalikna  lamun urang nyieun codéka tangtu pinanggih jeung balai saperti anu dicaritakeun dina carita pondok di luhur

​ (a)  

Choose from the below words
Amanat
Bubuka
Antagonis
20.

Dina bagian ieu pangarang ngenalkeun para palaku jeung patalina para palaku nu disusun dina adegan carita

​ (a)  

Choose from the below words
Bubuka
Antagonis
Amanat