NEW
Font size
WorksheetsBAHASA SUNDA IX A
Total questions: 40
Worksheet time: 39mins
Dina hiji acara paturay-tineung sakola, Pupuhu Sakola ngadeg di panggung bari nepikeun kalimah-kalimah pangbagéa, eusi piwuruk, sarta harepan ka siswa nu baris ninggalkeun sakola. Cara nepikeunana jelas, maké lentong anu anteb, sarta pasemon nu merenah. Pupuhu sakola nuju ngadugikeun Biantara. Biantara nyaeta ...
nepikeun hiji hal kedalan atawa caritaan anu disusun merenah di hareupeun jelema loba, dina suasana resmi atawa teu resmi.
ngomong jeung batur ngaguluyur ngabahas sagala macem
nepikeun carita rekaan anu kaasup kana salahsahiji karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa
macakeun sajak ku lisan, di hareupeun balaréa atawa sorangan.
Panata acara ngahaturanan Dimas salaku Pupuhu OSIS naék ka panggung pikeun biantara (pidato) nepikeun pangéling-ngéling Poé Kabangkitan Nasional. Dimas kadangu muka biantarana ku ngahaturkeun pangwilujeng ka para tamu anu sarumping, nyebutkeun salam, jeung ngahaturkeun nuhun ka Panara acara. Saterusna, manéhna nerangkeun pentingna Poé Kabangkitan Nasional, eusi sajarahna, sarta kumaha urang salaku nonoman kudu ngamangpaatkeunana. Ahirna, manéhna nutup biantara ku nepikeun pangampura bisi aya cariosan anu kirang merenah sarta ngucapkeun salam panutup.
Waktu nu disayogikeun ku Panata acara téh singkat, jadi bagian mana tina biantara nu kudu diutarakeun jentre ku Dimas?
Bubuka, lantaran pami waktuna singget teuing, panyatur moal sempet narik perhatian hadirin nepi ka hadirin teu museurkeun panitén kana maksud biantara
Eusi, lantaran lamun waktuna pondok, katerangan sarta pedaran anu penting ngeunaan harti Poé Kabangkitan Nasional (inti biantara) moal nepikeun kasimpulan.
Eusi, lantaran pami diwatesan teuing, panyatur moal sempet ménta pangampura atawa nepikeun salam panutup nu penting pikeun tata krama.
Salam Pangwilujeng, lantaran bagian ieu mangrupa bagian pra-bubuka anu ngan ukur formalitas sarta moal mangaruhan inti pesen anu ditepikeun.
Biantara nyaéta nyarita di hareupeun jalma réa (balaréa) pikeun nepikeun hiji kedalan atawa informasi anu geus disusun kalawan merenah sarta boga tujuan nu tangtu. Pilihan nu nunjukeun maksud dari biantara, nyaéta iwal ...
Ngadugikeun rupa-rupa kapentingan atawa maksud.
Ngaronjatkeun kamampuan diri pikeun nyieun kaputusan jeung nanggung jawab.
Jadi puseur perhatosan masarakat, dihormatan jeung dihargaan
keur hiburan
...
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :
bubuka biantara
panutup biantara
eusi bianta
mamanis biantara
……...
Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….
ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….
bubuka biantara
panutup biantara
eusi biantara
mamanis biantara
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung biantara teu resmi, ieu dihandap mana nu kaasup kana biantara teu resmi...
biantara ngaresmikeun sakola anyar
biantara sukuran boga imah anyar
biantara kapala sakola jeung kolot siswa
biantara dina upacara
Perhatikeun 7 unsur biantara di handap ieu!
1) Pangabagéa Randegan
2) Salam bubuka
3) Bubuka Biantara
4) Panutup Biantara
5) Pangabagéa
6) Eusi Biantara
7) Salam Panutup
Urutan anu merenah tatkala rék migawé biantara nya éta…
3-2-5-1-6-4-7
2-5-3-1-6-4-7
3-5-2-1-6-4-7
2-5-3-1-6-7-4
Ciri-ciri biantara resmi, iwal ( kecuali) ....
direspon ku unggeuk
( mengangguk )
direspon ku ngajukeun pertanyaan
( bertanya )
direspon ku keprok
( tepuk tangan )
direspon ku ngagodeg ( menggelengkan kepala )
Presiden Prabowo ngadugikeun biantara nu tos disayogikeun naskahna ku staf, di acara peresmian gedung SMP di Pangandaran. Metode pidato anu geus tatahar (persiapan) heula, bari maca naskah nu tos disiapkeun disebut metode ....
impromptu
naskah
ekstemporan
ngapal
Dina kagiatan latihan mingguan ekstrakulikuler Pramuka, Pa Rustandi jantén pembina upacara apél. Pa Rustandi ngucapkeun Salam Pramuka di awal Biantarana. Salam Pramuka téh termaksud kana bagian ...
bubuka
eusi
panutup
kasimpulan
Lamun ditilik tina eusina eta naskah biantara teh nerangkeun ngeunaan …
Hajat kawinan
Tujuhbelasan
Paturay tineung
Karang taruna
Dina pelajaran basa Sunda matéri biantara, Nisya dibéré pancén ku guruna pikeun nulis hiji naskah biantara. Di imahna Nisya ngagutrut nyieun éta naskah biantara téa. Sanggeus réngsé éta naskah biantara téh tuluy diapalkeun ku Susi kecap demi kecap, nepi ka manéhna apal pisan. Sanggeus apal, Saterusna Nisya dipiwarang ngabiantarakeun éta naskah di hareupeun kelas kalayan teu maké téks. Nisya ngarasa geumpeur lantaran pada naringalikeun. Tapi biantara Nisya alus pisan sarta meunang reward ti guruna.
Dina prakna biantara Nisya ngagunakeun teknik …
Tehnik maca
Téhnik ngapalkeun
Ékstémporan
Impromtu
Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika . Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.
Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika . Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.
mulasara budaya sunda
Mieling dibabarkeunna Ibu Raden Dewi Sartika
Ngamumule bdaya Sunda
Kanggo tawis panghormat sareng pangajen ka Ibu Raden Dewi Sartika
Metode impromptu nyaeta metode biantara anu ... .
maca naskah
dadakan
ngapalkeun naskah
nyampurkeun naskah
Nu kaasup huruf Vokal dina Basa Sunda nyaèta ...
è, a, i, u, o
a, i, u, eu, o
è, a, u, i, o, eu
u, a, i, è, o, eu, e
Dihandap iyeu aya conto kecap anu ngandung vokal eu posisi di akhir (tung tung) kecap nyaèta
beurat
eupan
sampeu
lepat
Perhatikeun kalimah ieu!
lepet didahar jeng gorengan, mani ngenah hanet- hanet
Kalimah nu ditulis kandel téh can bener panulisan vokal na jeung tanda bacana. Ceuk hideup kalimah nu mana nu bener panulisanna?
Leupeut didahar jeung goréngan, mani ngeunah haneut- haneut.
Leupet didahar jeung gorengan, mani ngeunah haneut- hanet.
Leupeut didahar jeung goréngan, mani ngeunah hanet- hanet.
Leupeut didahar jeung gorengan, mani ngeunah haneut- haneut.
Pék analisis ku hidep! Kalimah mana anu penggunaan vokalna nu pang benerna?
Saha anu beki peteuy atah jeung sambeul dadakan?
Geude pisan lauk anu benang ku usep téh, nya.
Beuleum peuyeum dikincaan disebutna colénak.
Mun rek lempang ka pasar mah ngan kari lempeng.
Mani __________ kamari mah, sabab teu bisa ngajawab sual ulangan.
Eusian ku kecap nu panulisan vokalna bener!
handeueul
handeel
handéél
handéeul
Najan geus lila teu panggih gé, tapi da ________ apal kénéh kana rupana.
tetep
tétep
téteup
teutep
Ari di Cibanten mah, biasana Héndra ulin ka huma atawa kebon, bari sakalian ngarit. Malah sakapeung mah sok milu ka leuweung, mun diajakan ku anu rék moro. Loba kénéh bagong apan di leuweung beulah kalér mah. Mun keur usum halodo téh sok aya anu turun ka kebon, néangan hakaneun. Anu matak sok mindeng diboro.
Dina éta bacaan, kecap anu nuduhkeun tempat upamana …
huma jeung leuweung
ulin jeung ngarit
bagong jeung moro
leuwueng jeung halodo
Aru nu disebut kecap pagawéan téh nuduhkeun ….
kaayaan hiji jalma
kagiatan anu dipigawé
rupa- rupa barang
sipat tina hiji pagawéan
Kaahlian pamayang téh ngala lauk di laut.
Kecap pagawéan dina kalimah bieu nyaéta ….
ngala
kaahlian
pamayang
laut
“Jalma buntut kasiran mah sok dijarauhan ku babaturanana.”
Harti babasan buntut kasiran nyaéta ….
galak
bageur
sopan
korét
“Ulah sok … ari teu ngarti mah, bisi engké manéh cilaka.”
Babasan anu merenah pikeun éta kalimah nyaéta ….
hampang leungeun
tuturut munding
panjang leungeun
buntut kasiran
Tong sok ngaheureuyan budak ____________, sabab ari geus ceurik hésé
pisan dirérépéhna, hayoh wé ngawiwiw.
panjang leungeun
ipis biwir
galégéh gado
heuras genggerong
Jaman ayeuna mah hirup téh kudu ____________, ulah cicing waé di
lembur, bisi kaéléhkeun ku batur geura.
panjang léngkah
hampang léngkah
hampang birit
beurat birit
Tara aya anu betaheun digawé di pausahaan éta mah, sabab dununganana
hampang leungeun, jaba korétna kabina-bina.
Harti babasan nu ditulis kandel nyaeta....
lampar, jauh panyabaanana sarta loba pangalamanana
mun aya kaambek sok terus teuteunggeul
teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan
sombong, adigung, ngarasa diri panghébatna
Selfi geus biasa nginjeum buku ti perpustakaan sakola, da Selfi mah budakna kutu buku.
Nu nunjukeun kecap barang nyaéta....
buku
perpustakaan
sakola
nginjeum
Ti tatadi Tarli anteng ulin dina téras, tepi ka méméh lohor.
Kecap sipat nu aya dina kalimah éta nyaéta ....
lohor
ulin
téras
anteng
Perhatikeun kalimah ieu di handap!
"Kusabab taneuhna garing, Mang Indra nyebor pepelakan téh unggal soré sangkan teu gampang paéh."
Lamun ditilik dumasar kana rupa kecapna, dina kalimah di luhur téh aya sababaraha kecap pagawean, kecap barang jeung kecap sipat. Urutan nu bener dina pilihan nyaéta ......
garing nunjukeun kecap sipat, pepelakan nunjukeun kecap pagawean, jeung paéh nunjukeun kecap barang
pepelakan teh mangrupa kecap benda, garing nunjukeun kecap sipat, sedangkeun nyebor nyaéta kecap pagawean
pepelakan nunjukeun kecap barang, garing jeung soré nunjukeun kecap sipat
nyebor nunjukeun kecap pagawean, garing nunjukeun kecap barang, paéh nunjukeun kecap sipat
Perhatikeun kalimah di handap!
"Sanajan jalanna mudun, Kang Salim henteu wéléh seuri bari manggul karanjang awi anu pinuh ku beubeutian ti kebon."
Tilu kecap anu dicétak kandel téh nyaéta Kecap Sipat, Kecap Pagawean, jeung Kecap Barang.
Pasangan kecap anu bener-bener boga fungsi minangka Kecap Pagawean anu aktip ngagambarkeun tindakan Kang Salim ditémbongkeun dina pilihan...
mudun jeung seuri
seuri jeung beubeutian
manggul jeung mudun
seuri jeung manggul
Perhatikeun dua kalimah ieu di handap!
(1) Cai hérang dina panci téh geus ngagolak lantaran seuneuna gede. (2) Sora nu ngagalindeng téh ngandung wirahma anu merdu pisan.
Dina analisis gramatikal, kecap-kecap anu dicétak kandel dina kalimah (1) jeung (2) masing-masing ngandung Kecap Pagawean, Kecap Sipat, Kecap Pagawean, jeung Kecap Sipat.
Kecap mana dina duanana kalimah éta anu duanana boga fungsi sarua minangka Kecap Sipat pikeun nerangkeun kaayaan hiji barang?
gede jeung merdu
ngagalindeng jeung gede
ngagolak jeung gede
merdu jeung ngagolak
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Bapa Haji Dadang ngagaleuh sérang di Sangkan Bawang, legana ampir sahéktar.
Harti kata sérang dina kalimah nu disajikeun nyaéta....
Kebon buah
baangunan
serbu
sawah
Sanajan hirup téh loba kasedih, urang kudu tetep ngahareupan hirup ku rasa bungah jeung optimis.
Dina kalimah di luhur, kecap kasedih jeung kecap bungah miboga hubungan antonim (lawan kata). Ayeuna, tina daptar di handap, pasangan kecap mana anu boga hubungan antonim sarupa jeung pasangan kecap di luhur, nyaéta hiji kecap nuduhkeun kaayaan negatif sarta lawan kecapna nuduhkeun kaayaan positif?
Poék >< Caang
Handap >< Luhur
Geulis >< Goreng
Rajin >< Kedul
Tara aya anu betaheun digawé di pausahaan éta mah, sabab dununganana
hampang leungeun, jaba korétna kabina-bina.
Arti babasan nu ditulis kandel nyaeta...
mun aya kaambek sok terus teuteunggeul
sombong, adigung, ngarasa diri panghébatna
resep cukat-cokot kana barang batur
teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan
Kondisi cai walungan di lembur kuring geus béda pisan; ti baheula mah caina téh herang ngagenyas, ayeuna mah geus ... .
Kecap anu paling tepat pikeun ngeusian titik-titik di luhur, anu ogé mangrupa lawan kecap (antonim) tina kecap "herang" dina kontéks cai walungan nyaéta...
Gandrung
Céplés
Kiruh
Léngoh
Peuting kamari mah hawa di Kalijati téh karasa tiis pisan, ari pas isukna mah mani .......
Antonim tina kecap "tiis" keur ngalengkapi kalimah di luhur nyaéta...
Nyecep
Panas
Hareudang
Haneut
