NEW
Font size
WorksheetsUlangan Pangajaran 2 : Kajadian Sapopoe
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Prak baca teks narasi di handap!
Teu Kaur
Balik teh ingkud-ingkudan bari nahan kanyeri.
"Ku naon deui atuh?" indungna nanyakeun.
"Ieu...." Ejang nunjuk kana sukuna.
"Enya ku naon?"
"Tipalitek. Aduuuuh...."
"Da bras-bres wae ulinna. Matak naon di nu lenglang ulin teh jiga batur. Jeung kudu ati-ati deuih ari lulumpatan teh. Lamur weh ieu mah." ceuk mamahna Enjang, mapagahan ka Enjang.
"Mamah mah, keur nyeri teh kalah digelendeng," bari ngeluk nahan kanyeri.
Tina teks di luhur, kacilakaan anu nyebabkeun Endang ingkud-ingkudan yaeta ....
labuh basa keur naek tangkal
tisoledat di susukan
labuh basa keur lulumpatan
katabrak motor basa keur ulin
Prak baca teks narasi di handap!
Teu Kaur
Balik teh ingkud-ingkudan bari nahan kanyeri.
"Ku naon deui atuh?" indungna nanyakeun.
"Ieu...." Ejang nunjuk kana sukuna.
"Enya ku naon?"
"Tipalitek. Aduuuuh...."
"Da bras-bres wae ulinna. Matak naon di nu lenglang ulin teh jiga batur. Jeung kudu ati-ati deuih ari lulumpatan teh. Lamur weh ieu mah." ceuk mamahna Enjang, mapagahan ka Enjang.
"Mamah mah, keur nyeri teh kalah digelendeng," bari ngeluk nahan kanyeri.
Tina teks di luhur, anu mapagahan Enjang yaeta ....
bapana
indungna
ninina
akina
"Eta budak meni bedegong pisan, hese dipapagahan nu bener teh."
Kecap bedegong sarua hartina jeung ....
bandel
soleh
rajin
pinter
Kecap-kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan hiji barang disebut kecap ....
pananya
panyeluk
panyanggah
kaayaan
Jeung kudu ati-ati deuih ari lulumpatan teh.
Tina kalimat di luhur anu kaasup kecap kaayaan nyaeta ....
kudu
ati-ati
lulumpatan
deuih
Jajang teh ..., jangkungna ngan 125 cm.
pangpinterna
pangjauhna
pangwanterna
pangpendekna
Jarak imah Rudi ka sakola teh ....
pangpinterna
pangdeukeutna
pangwanterna
pangpendekna
Cing, Ua pangmacakeun surat, Den [...]
Tanda baca nu sesuai jeung kalimah di luhur nyaeta ....
.
?
!
"
Iraha Ujang teh disepitanana [...]
Tanda baca nu sesuai jeung kalimah di luhur nyaeta ....
.
?
!
"
Memeh indit ka sakola, Nunu babacaan heula [...]
Tanda baca nu sesuai jeung kalimah di luhur nyaeta ....
.
?
!
"
Kecap pananya naha pikeun nanyakeun ....
tempat tujuan
waktu
jalma
alesan
... pangna manehna heunteu sakola?
Kecap pananya sesuai jang kalimah di luhur nyaeta ....
ti mana
naha
iraha
sabaraha
Ieu di handap kalimah pananya nu teu make kecap pananya, nyaeta ....
Ari Bu Selfi alihan ti Cianjur?
Saha namina Bu Guru nu enggal teh?
Ti mana kawitna Bu Guru teh?
Ayeuna bumina di mana Bu Guru teh?
Ieu di handap nu kaasup pangalaman nu pikabungaheun, nyaeta ....
pangalaman labuh tina motor
pangalaman meunang nilai ulangan goreng
pangalaman liburan ka Situ Patenggang
pangalaman papisah jeung babaturan
Ieu di handap nu kaasup pangalaman nu pikasediheun, nyaeta ....
pangalaman meunang lomba futsal
pangalaman dibere hadiah basa keur ulang taun
pangalaman ka Dufan sakulawarga
pangalaman aya salah sahiji anggota kulawarga anu pupus
Kalimah ieu di handap anu salah make tanda bacana, nyaeta ....
Iraha aya pasanggiri maca sajak teh.
Abdi nuju diajar basa Sunda.
Aduh, patlot abdi kakantun dina kolong bangku!
Kumaha carana nyieun sangu goreng teh?
Karangan anu eusina nyaritakeun hiji kajadian disebut ....
teks narasi
teks deskripsi
teks diskusi
teks prosedur
Alat kasenian nu dijieun tina awi, disadakeunana ku cara dioyag-oyag, disebutna ....
suling
bangsing
calung
angklung
Watek Enjang dina carita Teu Kaur nyaeta ....
motah
culametan
agul
belikan
Istilah "ngabuburit" teh kapanggihna ngan di bulan ... wungkul.
haji
puasa
sawal
rewah
