Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BSunda sepuluh

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Dongeng mangrupakeun karya sastra anu ngaguar carita rakyat, urang oge kudu bisa ngadongeng. Mangpaat ngadongeng dina kahirupan sapopoe nyaeta

a)

Nepikeun nasehat

b)

B:) Pikeun ajang hiburan

c)

Pikeun ngamumule karya sastra

d)

Sadayana leres

2.

Kecap “babad” asalna tina bahasa Jawa anu mibanda harti, nyaéta…

a)

Babaturan

b)

Muka lahan anyar

c)

Carita

d)

Sababadan

3.

Runtuyan pirang-pirang kajadian nu ngawangun hiji carita nu lumangsung ti awal nepi ka ahir carita disebut…

a)

Galur

b)

Amanat

c)

Latar

d)

Palaku

4.

Dina dongeng aya salahsahiji judul dongéng “Gagak Hayang jadi Merak”, carita dongeng éta kaasup kana wanda dongéng…

a)

Mite

b)

Pabél

c)

Parabél

d)

Sasakala

5.

“Punten Néng, pang nyandakkeun pulpen dina méja belajar!”

Nilik kana gunana, éta kalimah téh kaasup kana kalimah…

a)

Paménta

b)

Panyarék

c)

Pangjurung

d)

Panitah

6.

Aya carita “Si Kabayan Ngala Nangka” anu geus ilahar sumebar di masarakat. Carita saperti kaasup kana wanda dongeng ….

a)

Parabel

b)

Babad

c)

Mite

d)

Legenda

7.

Carita babad téh sarua jiga nulis sajarah sanajan mindeng kaselapan bagaian-bagian anu sifatna rékaan anu teu acan ka uji sacara ilmiah. Kecap anu di gurat handapan méh sarua artina jeung ...

a)

Barang jieun

b)

Jieunan

c)

Teu kaharti

d)

Goréng

8.

Rarangkén anu ditulis diluhureun hiji aksara ngalagena atawa aksara swara tur fungsina pikeun nambahkeun sora “ng” disebut ogé

a)

Panglayar

b)

Panghulu

c)

Panyecek

d)

Paneuleung

9.

Nyoko kana waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita disebut…

a)

Galur

b)

Jejer

c)

Amanat

d)

Latar

10.

Pék pilih ku hidep gaya basa ngupamakeun anu merenah nu ngagambarkeun kaayaan barudak anu tadina récok jadi jempé!

a)

Adi lanceuk téh mani akur lir gula jeung peueut

b)

Néng Ganis mah mani céréwéd siga manuk toed

c)

Basa dicarékan manéhna ngeluk tungkul kawas bueuk meunang mabuk

d)

Barudak di kelas nu tadina ramé, barang guru datang ujug-ujug jarempé kawas gaang katincak

11.

Dina conto wacana “Dikurubut rupa-rupa lauk”, anu dimaksud dikurubut téh saharti jeung kecap…

a)

Dikakalakeun

b)

Dicaplukan

c)

Dikumpulkeun

d)

Dironom/dironyok

12.

Carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian jaman baheula di salahsahiji daérah, biasana ti mimiti muka éta wewengkon, disebut…

a)

Paguneman

b)

Biantara

c)

Carita babad

d)

Carita pantun

13.

) Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta…

a)

Latar

b)

Purwakanti

c)

Galur

d)

Téma

14.

Dongéng atau carita pamohalan téh kabagi jadi sabaraha?

a)

Genep

b)

Lima

c)

Opat

d)

Tilu

15.

Wanda dongéng anu nyaritakeun ngeunaan asal-usul tempat, benda, sasatoan jeung sajabana disebut dongéng...

a)

Pabél

b)

Parabel

c)

Legenda

d)

Sagé