Font size
WorksheetsUjian Bahasa Sunda Kelas IX
Total questions: 45
Worksheet time: 55mins
Sakitu anu kapihatur.Ungkara di luhur biasana dipaké dina bagian...
Bubuka Biantara
Panutup Biantara
Salam Biantara
Eusi Biantara
Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan. Ungkara di luhur mangrupa mamanis basa anu maksudna pikeun...
Salam Bubuka
Mènta Ide
Mènta Dihampura Bisi Aya Ucapan Anu Teu Merenah Kadéngéna
Uluk Salam
Téhnik biantara anu nyatetkeun heula gurat badag atawa hal-hal penting omongan anu rék ditepikeun disebut tehnik...
Improtu
Tèhnik Nalar
Èkstémporan
Tèhnik Maca
Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut...
Papatah
Sambutan
Weujangan
Guguritan
Téhnik biantara téh rupa-rupa. Biantara anu ngagunakeun téks sarta dibaca sakur nu aya dina éta téks, disebut...
Tèhnik Ngadadak
Téhnik Nalar
Téhnik Maca
Téhnik Nyatetkeun Inti
Pupuhu sami hartina jeung...
Ketua
Sekretaris
Anggota
Bendahara
Sora, lentong wirahma, nada, paroman, jeung pasang peta mangrupa hal anu kudu diperhatikeun dina waktu...
Eusi Biantara
Nepikeun Biantara
Wirahma
Téhnik biantara naon nu ku hidep dipaké?
Tèknik Nalar
Tèknik Maca
Improtu
Èkstemporan
Léngkah-léngkah nu bener dina nulis naskah biantaranya éta...
(2).(1).(3).(5).(4)
(1).(4).(2).(3).(5)
(5).(4).(3).(2).(1)
(3).(5).(1).(2).(4)
Naon sababna mah dijieun heula rangkayna, pangpangna mah bagian eusina?
Sangkan Pidatona Narik Pamirsa
Sangkan Gampang Baca Na
Gampang Ka Hartos
Gangkan Dina Ngamekarkeun Eusi Biantara Téh Henteu Mancawura
Tempat miara lauk di walungan nyaeta ………
Karayak
Pagupon
Karamba
Paranje
Naon anu di sebut leuit?
Adegan Basajan Paranti Dagang Di Pasar
Tempat Neundeun Pare
Adegan Basajan Tempat Solat
Tempat Cicingna Putri Raja
Naon sababna èta mencek dingaranan Si Paser?
lantaran siga si kancil
lantaran boyot
lantaran lumpatna tarik pisan,diibaratkeun kana pasèr anu ngabelesat tina sumpit
lantaran bayuhyuh
Naon tèma tina novel anu judulna"Si Pasèr" teh?
kahirupan sapopoe
kaayaan di leuweung
kaulinan
kaayaan di imah
Kampung Mahmud téh kampung leutik nu perenahna di Désa Mekar Rahayu, Kacamatan Margaasih. Aya di sisi walungan Citarum. Di dinya aya makam karamat anu disebut “Maqom Mahmud”. Makam anu ngadegkeun Kampung Mahmud, nya éta Éyang Dalem Abdul Manaf, masih kénéh rundayan Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatulloh) ti Cirebon.
Nurutkeun carita rakyat di dinya, Éyang Dalem Abdul Manaf téh anu munggaran nyebarkeun agama Islam di wewengkon Bandung. Dina nyebarkeun agama Islam, Éyang Dalem Abdul Manaf dibantuan ku dua urang muridna nya éta Éyang Agung Zainal Arif jeung Éyang Abdullah Gedug.
Teks no 15 s/d 17
Di Kampung Mahmud teu meunang nanggap wayang sarta tatabeuhan anu maké goong saperti jaipongan. Mémang taya aturan anu tinulis, ngan upama dirempak cenah sok aya matakna, saperti keuna ku panyakit, rumah tanggana baruntak, jadi malarat, jeung hal-hal anu teu hadé liana.
Tatanggapan anu meunang ditabeuh téh ngan terebang. Terebang sok dipidangkeun dina upacara kaagamaan saperti Rajaban jeung Muludan. Waditrana saperti genjring, rupa-rupa ukuranana, diwuwuhan ku dogdog jeung kecrék. Tapi kiwari mah terebang ogé sok ditanggap di nu hajatan saperti di nu nyunatan atawa ngawinkeun.
(Dicutat tina Wiwaha Basa Kelas 9, 2017)
Anu ngadegkeun Kampung Mahmud téh tétéla masih kénéh rundayan Sunan Gunung Jati ti Cirebon, nya éta ….
Syarif Hidayatulloh
Éyang Dalem Abdul Manaf
Éyang Agung Zainal Arif
Éyang Abdullah Gedug
Kampung Mahmud téh mangrupa salah sahiji kampung adat di Kabupatén Bandung anu ayana di Désa Mekar Rahayu, Kacamatan Margaasih. Perenahna nya éta di sisi …
Walungan Citanduy
Walungan Cikeas
Walungan Citarum
Walungan Cisadane
Aya sababaraha kasenian atawa tatabeuhan anu teu meunang ditanggap di Kampung Mahmud. Tatabeuhan anu meunang ditanggap téh ngan saukur ….
Tari merak
Terebang
Goong kabuyutan
Pupujjian ka Rasulullah
Di kampung adat mah loba hal anu dipahing. Sanajan taya aturan anu tinulisna, tapi ku masarakatna tara dirempak. Dipahing hartina sarua jeung ….
dipibanda, dicarék
dipantrang, dilarang
dibeli, dilarang
dipihara, dibeli
Teks 19 s/d 20
Kampung adat Arjasari téh ku urang dinyana mah sok disarebut Kabuyutan Lebakwangi, Batukarut. Anu jadi ciri utamana nya éta wangunan anu disebut Bumi Alit. Di jerona aya rupa-rupa barang pusaka titinggal Embah Manggungdikusumah kayaning kujang, keris, tumbak, badi, jeung gobag. Ari Embah Manggungdikusumah téh anu ngadegkeun éta kampung sarta salasaurang anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon pakidulan Bandung.
Salian ti barang pusaka, di Bumi Alit ogé aya sumbul jeung gamelan anu katelah goong rénténg Embah Bandong. Gamelan kabuyutan anu ditabeuhna unggal tanggal 12 Mulud dina mangsana Muludan, nya éta pangéling-ngéling dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhammad Saw.
Di wewengkon Bumi Alit aya makam karuhun anu sok dijararahan, nya éta makam Embah Lurah Sutadikusumah, Embah Wira Sutadikusumah, Embah Patradikusumah, Embah Aji Kalangsumitra, jeung Embah Dalem Andaya Sakti. Waktuna jarahna ogé teu bisa sagawayah deuih, ngan bisa poé Senén jeung poé Kemis baé. Poé Salasa salila bulan puasa mah, Bumi Alit téh teu meunang pisan didatangan ku jelema, ari lain kuncén jeung patugasna mah.
(Dicutat tina Wiwaha Basa Kelas 9, 2017)
Anu ngadegkeun Kampung Arjasari teh salah saurang tokoh anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon pakidulan Bandung. Ngaranna nyaeta …
Embah Bandong
Embah Lurah Sutadikusumah
Embah Manggungdikusumah
Embah Dalem Andaya
Di Kampung Arjasari aya wangunan karamat anu disebut Bumi Alit. Bumi Alit teh dipake pikeun …
Ngarumat barang pusaka
Ngabersihan barang pusaka
Tempat botram babarengan
Nyimpen barang pusaka kayaning kujang, keris, tumbak, badi, jeung gobag
..........nyaeta gagasan, ide atawa pikiran utama anu jadi dasar hiji karya sastra. Tema mangrupakeun jiwana ti sakabeh bagian carita nu aya dina hiji karya sastra. Dina cara nepikeunana, aya tema anu ditepikeun sacara jelas (tersurat) atawa sacara samar-samar (tersirat).
Téma
Latar
Galur
......nyaeta sagala katerangan atawa petunjuk anu aya kaitanana jeung waktu, ruang, suasana jeung situasi kajadian hiji peristiwa dina hiji carita. Aya tilu unsur anu poko dina latar, nyaeta latar tempat, latar waktu jeung latar suasana.
Téma
Latar
Galur
Amanat
...nyaeta pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carita.
Amanat
Latar
Tokoh
Sudut Pandang
nyaeta runtuyan carita anu dibentuk ku tahapan-tahapan kajadian nu aya nepi ka ngabentuk hiji carita.
Latar
Téma
Galur
Amanat
nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba nyandak peran dina carita. Tokoh dibagi jadi tilu nyaeta: Protagonis nyaeta tokoh utama, Antagonis nyaeta tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung Tritagonis nyaeta anu jadi Penengah dina tokoh utama jeung tokoh lawan.
Téma
Latar
Tokoh
Amanat
nyaeta nu ngagambarkeun karakter tokoh nu bisa ditingali tina tilu segi nyaeta: Dialog tokoh, Penjelasan tokoh jeung Penggambaran fisik tokoh.
Téma
Latar
Tokoh
Watek
nyaeta mangrupakan cara mandang jeung ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina carita ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.
Amanat
Gaya Basa
Sudut Pandang
Watek
nyaeta mangrupakeun teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun karya sastra anu hirup jeung endah.
Amanat
Gaya Basa
Sudut Pandang
Watek
Novel Sunda "Budak Teuneung" karya.....................
Moh Ambri
Samsoedi
Taufik Faturrachman
Etti RS
Novel Sunda "Patepung di Bandung" karya.....................
Moh Ambri
Samsoedi
Taufik Faturrachman
Etti RS
Jalma nu ahli dina nepikeun biantara di sebut ..
Orato
Narator
Panyatur
Kurator
Nyarita hareupeun kumpulan jelema loba anu tujuanna pikeun nepikeun hiji hal, disebut .....
Paguneman
Wawancara
biantara
ngadongeng
Dihandap ieu kaasup mangpaat tina biantara, iwal ....
Ngalatih kawanter
Ngalatih pikeun mangaruhan batur
Ngalatih sangkan calakan dina nyarita
Ngalatih nepikeun eusi pamikiran
Kampung citorek, kampung urug, jeung kampung ciptagelar kaasup tilu pakampungan sakocoran anu disebut .....
Pancer pangawinan
Bareusan pangawinan
Kampung budaya
Kampung adat
Potongan wangunan imah anu suhunana lempeng jeung manjang disebut .....
Limasan
Sorondoy
Garduh
Jolopong
Kampung mahmud ayana di wewengkon ....
Bandung
Sukabumi
Garut
Bogor
Dihandap ieu kaasup wangunan imah has Sunda, iwal ....
Badak Heuay
Julang Ngapak
Capit Gunting
Parahu Nangkarak
Dihandap ieu kaasup kasenian asli seler Sunda, iwal .....
Pongdut
Reog
Debus.
Calung
Nu teu kaasup kana wangun novel dumasar eusi jeung pamacana, nyaeta .....
Novel Barudak
Novel Rumaja
Novel Dewasa
Novel Misteri
Pangarang novel Dalem Boncel nyaeta .....
Karna Yudibrata
Tatang Sumarsono
Ki Umbara
Abdullah Mustapa
Sebutkeun tehnik dina nepikeun biantara ?
Naskah biantara teh ngawengku naon wae! Jelasken!
Tulisken 10 kampung adat sunda jeung wewengkon na nu aya di jawa barat ?
Tataan unsur intrinsik novel naon wae? Jelaskeun!
Tulis 5 (lima) judul novel sunda katut pangarangna !
